Sie sind auf Seite 1von 4

AKI-AKI HADE BUDI

Aya aki-aki pada mikaasih , mikaresep lantaran bageur. Resep nulung ka nu butuh , nalang ka nu susah , nganteur ka nu sieun jeung kakeueung. Nalang ka nu sangsara mun teu tu tanaga ku du a. Eta aki-aki teh jadi kakasih nu kumelip, kanyaah Gusti Allah. Hirupna tina buburuh atawa dagang uluh. Hiji mangsa eta aki-aki teh ka leuweung rek mulung pangpung keur suluh. Manehna manggul kadut butut keur wadah buah kupa, bagikeuneun ka barudak nu sok maregat di jalan, ari aki-aki balik. Tapi naha ari jol teh leuweung geus jadi lautan seuneu, sakurilingna kahuru. Seuneu ngabela-bela gede. Kari handapeun kupa nu buahan tea bae nu acan teh. Eta ge geus kaputer ku seuneu. Ari aki-aki rek ka dinya, horeng aya Oray Kuda keur nyumput nyingkahan seuneu, sieuneun kahuru awakna. Si Oray Kuda anu salawasna jail sarta galak sok ngahakan jelema, sarta matih pisan peurahna, lengas lengis ka Si Aki ditulungan, sieun renghek kaduruk. Cuek aki-aki, Kumaha bisana nulungan, kula lain teu karunya ka Andika sakitu gadena! Ceuk Oray Kuda, Kula bisa ngaleutikeun awak nepi ka sagede oray cai. Eta kadut talian sing panjang, heug alungkeun ka dieu. Kula rek asup kana kadut. Lamun kula geus di jero, tarik deui talina ku andika ka dinya, sing panjang ngarah kula kabawa! Teu leleda puguh aki-aki teh tukang tutulung tea, sakumah hijahna Oray Kuda di jalankeun. Oray Kuda salamet tina bahaya seuneu. Ari geus salamet, pudugdig teh Oray Kuda awakna ngagedean deui. Sungutna calawak disada hihieman cara kuda bae. Geus disada tuluy ngomong ka aki-aki nulungan tea.

Ayeuna kula salamet teu kaduruk. Tapi tadi lila pisan kula lapar, taya hakaneun. Ayeuna ngan kari maneh di dieu, nya meureun maneh keur sarapan kula teh sabab euweuh deui hakaneun! Ceuk aki-aki teh, Eeh . naha kitu Sakadang Oray?Kula geus nulungan maneh tina bahaya seuneu. Mun teu aya kula andika renghek. Bener maneh geus nulungan kami tina bahaya pati ku seuneu. Tapi ayeuna maneh kudu nulungan deui kami tina bahaya lapar. Sabab kami sarua bae kudu paeh lamun teu nyatu mah. Eeh engke heula, asa teu kaharti. Budi kula ka andika nulungan ngajait pati, bet dibales telenges? Da di kula mah di manusa, kuduna hutang budi balas budi, hutang pati bayar pati, hutang uyah bayar uyah. Maneh mah hutang budi ka kaula bayarna ku pati! ceuk aki-aki. Ceuk Oray Kuda, Budi-budi kumaha, geuning nyatana mah rek maehan, rek telengas .kula sieun paeh kalaparan lantaran taya hakaneun. Mending paeh kaduruk, tinimbang paeh ku lapar mah. Hayu padu di hakim ge, moal teu kula nu bener. Tuh geura tanyakeun ka sapi nu kebeneran liwat! Ceuk sapi, Bener Sakadang Oray! Kudu dipaehan manusa mah. Omong wungkul hutang budi bales budi. Buktina kula keur ngora, sakumaha boa susu kula dialaan ku manusa. Anak kula mah dikisat nyusuna. Komo anak kula nu jalu mah saharita dijual, matak nyeri hate. Nya anak dijual, nya susu dialaan. Salaki kula keur ngora dipeler sina ngawuluku tea, sina ngaroda tea. Ari geus kolot siga kula ayeuna, bet dijualka jagal. Kula teh rek dipeucit isukan, jadi hirup teh sapoe deui ieu. Mana nyatana lading budi kaula ka manusa teh? Bener Ki Oray ulah sina lilalila manusa mah! His, ceuk aki-aki, atuda eta mah bagian manusa ti Pangeran. Sakur nu kumelip di dunya, keur manusa. Dibere hak ti Pangeran dahar daging sapi, susu sapi, ngagawekeun sapi, munding, kuda. Ceuk Oray Kuda, Kula boga hak ciga manusa. Da dibere kabisa macok jeung dibere peurah paranti ngala dahareun teh. Sarta kula ge dibere wewenang

macok saha bae nu kapanggih, teu kudu sapi, teu kudu jelema, mana bae nu heula kapanggih ti heula ari hayang dahar mah! Aki-aki teu eleh akal, tadi Oray ngajak ka hakim. Ari Hakim mah teu kaci saksina ngan saurang, tapi kudu tilu! Ceuk Tangkal Kupa, Bohong manusa mah, hutang jasa bibayar jasa the! Kula ge saban taun dialaan buah kula, kitu deui dulur-dulur kula. Pamalesna mah ari kula teu buahan deui, ditutuhan, ditaluaran. Dulur-dulur kula mah kabeh dijieun suluh, kari kula sorangan. Mana pamales ti manusa? Da buktina males lara. Sok we kadinya Oray, tong dilila-lila! Ceuk aki-aki, Sanajan kula geus dielehkeun ku dua saksi, kula can pasrah lamun can ku tiluan. Hatena mah Aki-aki teh muntang neneda ka Pangeran sangkan aya sih piwelas Gusti nu Maha Asih, manehna bisa salamet. Ceuk Oray Kuda, Heug bawa, ulah kapalang ari maneh panasaran keneh mah. Tuh aya peucang ngaliwat! Ku aki-aki dicaritakeun ka peucang ti mimiti nulungan Oray Kuda nepi ka rek dihakan. Ceuk Peucang, Ah, teu ngarti Oray sakitu gedena make bisa asup kana kadut sakitu leutikna! Bohong, ah .teu, teu percaya kami mah. Da ki Oray mah sok ngabohong ongkoh. Sakali bohong tetep mo beunang dipercaya! Teu percaya silaing teh, Peucang? cek Oray Kuda. Teu ..! ceuk peucang bari gogodeg jeba-jebi. Mun teu percaya, tenjokeun ku sia! ceuk Oray Kuda bari pek ngaleungitkeun deui awakna, bus kana kadut. Kadeuleu ku maneh, Peucah? Katenjo! Tapi eta geuning molongo kadutna?

Talian deui ku maneh Aki, cara tadi sina kadeuleueun tah ku Si Peot! ceuk Oray ka Aki-aki. Ret bae ditalian ku aki-aki teh. Barang geus ditalian deui, peucang ngiceupan bari ngaharewos, Alungkeun deui tuh kana seuneu sina renghek! Da tadi ge manehna rek jadi parab seuneu! Teu kudu dua kali dititah, lung bae kana seuneu ruhay dialungkeun Oray Kuda dina kadut, nepi ka renghek. Pitulung Pangeran Nu Maha Asih ka mahlukna anu hade budi, aki-aki salamet.

Das könnte Ihnen auch gefallen