NILIK kana gebyarna acara Fstival Film Bandung 2012, tangtu
ba ninggalkeun hiji pananya: mana ari film produksi urang Bandung? Padahal, dina sajarah perfilman Indonsia, sidik pisan anu ngamimitian nyieun film th datangna ti Bandung. Sanajan anu boga vokalna urang Walanda, tapi film anu dijieunna Bandung pisan, malah Sunda pisan, nyatana film Loetoeng Kasaroeng, anu dina taun 1926 diproduksi ku NV Java Film Company, kalayan sutradarana G. Kruger jeung L. Heuveldorp. Kilang kitu, para pamanna mah diwengku ku aktor-aktris pribumi. Ieu film munggaran di Indonsia th mimiti diputer di kota Bandung, ti tanggal 31 Desember 1926 nepi ka 6 Januari 1927 di dua bioskop kakoncara, Bioskop Metropole jeung Bioskop Majestic. Ku ayana urang Belanda milih tatar Sunda anu munggaran diangkat kana film, tangtuna og mibanda rupaning alesan. Moal sapatipati wani nyieun film anu mibanda latar Sunda, lamun teu kasawang yn film-film Sunda th bakal dipikaresep ku balara. Di tatar Sunda gudangna carita. Lain ba film Sunda anu munggaran manggung, da puguh novl anu pangheulana manggung (medal) og taya lian novl nu ngagunakeun basa Sunda, anu judulna Baruang ka Nu Ngarora, karangan DK. Ardiwinata, dipedalkeun ku Bal Pustaka, taun 1914. Forum Film Bandung (FFB) katmbong leuwih mibanda kapercayaan diri kana kualitas film anu mibanda latar kasangtukang Sunda. Katitn FFB kana film Sunda, salahsahijina dibuktikeun ku digelarna diskusi anu jejerna Mengangkat Karya Sastra Sunda ke Dalam Film Indonesia. Najan perelu ngalalanyahan deui ti mimiti, tapi lamun miang tina sajarah perfilman, sigana cita-cita FFB th lain saukur impian. Di satengahing palagan tknologi perfilman nu beuki maju, tangtuna og urang Sunda ulah saukur jadi nu lalajo. Film Sunda, kudu karasa nyundana, ulah siga film Indonsia anu teu pati karasa Indonsiana, salian ti basana. Lamun urang lalajo film India, ti mimiti detik awal dina tayanganna og geus karasa Indiana. Teu bda jeung lalajo film Mandarin, kora, Jepang, jeung sajabana. Para sinas film di India, kalintang miduli tur reueus kana budayana. Ku kituna, dina saban lalakon film, salawasna nmbongkeun jati-dirina, tur henteu srab ku meuweuhna budaya Barat anu dianggap leuwih modern. Tug nepi ka aksarana og tetep dipertahankeun. Ku kituna, lamun film India atawa Mandarin didabing ku basa Indonsia, tetep ba moal dianggap film Indonsia. Aya rasa anu teu bisa dirobah, boh dina lalakonna, pon kitu deui dina cara ngagarapna. Kiwari dunya film di Indonsia didominasi ku urang Jakarta. Para sineas film lolobana lulusan IKJ (Institut Kesenian Jakarta). Rumah Produksi riab di Jakarta. Ku kituna, lamun urang Bandung hayang makalangan di dunya film, tangtu kudu wani ngaprak ka Jakarta. Anu matak hlok, urang
Jakarta mindeng ngagunakeun lokasi syuting di Bandung. Jadi, naha atuh
lain urang Bandung sorangan anu nyarieun film di Bandung, tur hasilna adukeun jeung produk Jakarta.
Sawatara taun katukang, di Bandung kungsi aya Rumah Produksi nu
ngaranna ESA Production. ta og produserna mah lain urang Sunda. Kilang kitu, film anu dijieunna loba nu nmbongkeun latar Sunda, katut aktor-aktrisna ngarkrut urang Sunda. Hasilna bisa ditayangkeun di tlvisi nasional nu kakoncara. Hanjakal pisan, lila-lila beuki kalld ku produksi Jakarta, tug nepi ka antukna eureun mroduksi. Ti saprak harita, tacan kungsi kacaturkeun deui Rumah Produksi anu produktip nyieunan sintron. Padahal, lamun ngeunteung kana lalakon ESA Production mangsa keur jaya, sabenerna urang Sunda og bakal mampuh nyieun Rumah Produksi anu medalkeun film-film nu mibanda latar Sunda.