Beruflich Dokumente
Kultur Dokumente
Lutung Kasarung
Lutung Kasarung
Anjeuna oge masihan nasehat ka Purbasari,Sing Tabah Tuan Putri. Cocobi ieu tangtos
pasti lekasan, Anu Maha Kawasa sareng Putri. "Hatur nuhun. Bales Purbasari.
Salila di leuweung, purbasari ngagaduhan seueur rerencangan nu mangrupakeun
sasatoan anu balalager ka manehna. Diantara sasatoan, aya hiji monyet anu buluan
hideung nu misterius namina nyeta lutung kasarung.
Nanging, monyet eta anu manawi paling perhatian ka Purbasari. Lutung kasarung terus
ngahibur Purbasari, masihan kekembangan anu endah sarta buah-buahan.
Dina wanci onggal wengi, di bulan purnama. Lutung Kasarung mapah ka tempat anu
sepi teras anjeuna ngalakukeun semedi. Manehna menta hiji hal ka Dewata. Ieu
ngabuktikeun yen Lutung Kasarung teh sanes makhluk biasa.
Dina semedi eta, taneuh nu aya di dekeut Lutung kasarung barobah jadi hiji telaga alit,
cai na herang kacidaan. Cai na ngandung ubar anu seungit pisan.
Enjing poena, Lutung Kasarung manggihan Purbasari sarta nitah purbasari ibak di
telaga eta. Naon mangpaatna pikeun abdi? Pikir Purbasari.
Nangging, anjeuna nurutkeun wae. Teu lami sanggeus manehna nyeburkeun awakna.
Kulitna barobah jadi bersih sarta geulis sepertos harita deui. Purbasari rewas pisan
dicampur ku hawa atoh sabot manehna ngaca ditelaga eta, kulitna bisa mulus deui.
Dina wartos lain di karajaan, Purbararang mutuskeun bade ningali kakana nu aya di
leuweung. Manehna mangkat sareng tunangana indrajaya sarta para pangawalna.
Satepina di hutan, purbararang manggihan adinya si purbasari. Purbararang teu
percaya ningali adina tiasa jadi geulis deui kos harita.
Purbararang embungen eleh, teras anjeuna ngajak Purbasari nitah ngadu papanjangpanjang buuk. Saha anu paling panjang buukna, manehna anu menang! Saur
Purbararang.
Mimitina Purbasari embungeun, nanging purbararang teras-terasan ngadesek. Nah
pas ditingali, buuk Purbasari malah nu lewih panjang ti purbararang.
Kajeun ayena abdi eleh, nanging ayeuna hayu urang paganteng-ganteng tunangan,
tah ieu tunangan abdi, saur Purbararang sabari nyampeurkeun ka Indrajaya. Purbasari
mimitina gelisah da lantaran kabingungan.
Ahirna, purbasari narik panangan Lutung Kasarung. Lutung Kasarung ajol-ajolan kawas
mangmenangkeun Purbasari. Purbararang seuri nyalakatak ngabahak-bahak. Jadi
monyet eta tunangan maneh?" Saur purbararang.
Dina wanci eta oge, Lutung Kasarung teras geura semedi sakedap, sarta lumangsung