Sie sind auf Seite 1von 3

PEMERINTAH KOTA BANDUNG

DINAS PENDIDIKAN
SEKOLAH DASAR NEGERI 261 MARGAHAYU RAYA
KECAMATAN BUAHBATU KOTA BANDUNG
Jalan Yupiter No. 92 A Telp. 022-7535321 Bandung 40286

PENILAIAN AKHIR TAHUN


TAHUN AJARAN 2017/2018
Nilai :
MATA PELAJARAN: BAHASA DAN SASTRA SUNDA
KELAS/SEMESTER : IV / 2
WAKTU : 60 MENIT
NAMA :
NO. ABSEN :

Bacaan
Asmarandana
Tugasna dina ngadidik
Sangkan palinter muridna
Dilakonan bari rido
Dibarung ku rasa nyaah
Henteu dibéda – béda
Kabéh dibéré piwuruk
Conto hadé pikeun urang
I. Cakraan (x) aksara a, b, c atawa d luyu jeung jawaban anu pan merenahna!

1. Ngaran pupuh di luhur nyaéta . . . .


A. Asmarandana C. Wirangrong
B. Kinanti D. Mijil
2. Kabéh dibéré piwuruk. Kecap piwuruk saharti jeung . . . .
A. nasihat C. amanat
B. papatah D. ajimat
3. Sangkan palintér muridna. Anonim tina kecap palintér nyaéta . . . .
A. cerdas C. barodo
B. marales D. calakan
4. Guru wilangan jeung guru lagu dina padalisan ka opat pupuh di luhur nyaéta . . . .
A. 8 - u C. 8 - i
B. 8 - o D. 8 - a
5. Pupuh di luhur diwangun ku . . . padalisan
A. 7 C. 6
B. 8 D. 9
6. Pupuh di luhur ngagambarkeun kanyaah ti . . . .
A. lenceuk C. guru
B. indung D. bapa

Wacana :
Tanah Pasundan
Sanggian : Mang Koko Koswara

Aduh waas tur kelar


Gunung parentul ngajajar
Aduh sawah ngaremplang
Parahiyangan ka sawang

PAT 2017/2018 SDN 261 Margahayu Raya


Beunghar kawentar parahiyangan
Subur kamashur tanah pasundan
Rahayat tihothat usaha teu kendat
Sangkan pinanggih kaharjaan
Aduh tanah pasundan
Subur geusan pepelakan
Hayu urang leukeunan
Ngolah tanah sauyunan

7. Judul kawih di luhur nyaéta . . . .


A. Tanah Pasundan C. Tanah Karaharjaan
B. Tanah Parahiyangan D. Tanah Ngaremplang
8. Wacana di luhur disanggi ku . . . .
A. Mang Koko Komara C. Mang Koko Komarudin
B. Mang Koko Koswara D. Mang Koko Kosmara
9. Rumpaka kawih di luhur diwangun ku . . . padalisan
A. 10 C. 12
B. 11 D. 13
10. Padalisan anu kalima dina rumpaka kawih di luhur diwangun ku guru wilangan jeung guru
lagu . . . .
A. 10 - o C. 10 - i
B. 10 - u D. 10 - a
11. Subur geusan pepelakan. Kalimah anu saharti jeung kalimah di gigir nyaéta . . . .
A. Subur geusan tutuwuhan C. Subur geusan titihangan
B. Subur geusan babatuan D. Subur geusan héhéjoan
12. Sajak anu biasa dikawihkeun ilahar nyaéta . . . .
A. carpon C. wacana
B. rumpaka D. carita
13. Nu kaasup kana pepelakan palawija nyaéta . . . .
A. Paré, kacang panjang, bonténg C. Paré, jagong, bonténg
B. Kacang panjang, bonténg, suuk D. Paré, bonténg, suuk
14. Unggal balik sakola Fadhlan ngajak baturna pikeun latihan meng bal di lapangan anu deukeut
imahna, Fadhlan kaasup budak rajin latihanana sabab Fadhlan boga cita-cita jadi . . . .
A. pamaén basket C. pamaén sepak bola
B. pamaén badminton D. pamaén voli
15. Cita – cita nyaéta harepan anu dipikahayang engké . . . .
A. pikatukangeun C. pikagigireun
B. pikatenghaeun D. pikahareupeun
16. Hayu urang leukeunan ngolah tanah sauyunan. Sauyunan saharti jeung . . . .
A. sosoranganan C. babarengan
B. saurang-saurang D. sendiri-sendiri
17. Jajang . . . sabab lumpatna miheulaan bal katukangeun bek lawan. Kecap anu merenah
pikeun ngeusian titik-titik dina kalimah di luhur nyaéta . . . .
A. hén C. kiper
B. opsét D. héden
18. Ku sabab geus 45 menit . . . niup piriwitna
A. wasit C. kiper
B. striker D. bék
19. Pikeun ngahontal cita-cita urang kudu . . . .
A. ngadu’a wungkul C. ihtiar wungkul
B. ngadu’a jeung ihtiar D. nunggu kaajaiban

PAT 2017/2018 SDN 261 Margahayu Raya


20. Ngaran tempat anu masarakat loba nu nyieunan kalua aya diwewengkon . . . .
A. Cimahi Bandung C. Ciwidey Bandung
B. Padalarang Bandung D. Garut Jabar
21. Sanggeus gulana rata tuluy dituuskeun kalua téh dina . . . .
A. nyiru C. baki
B. piring D. ayakan
22. Kupat dibungkus ku daun kalapa ngora, daun kalapa ngora ngarana nyata . . . .
A. bongsang C. coét
B. janur D. mutu
23. Samara karédok asupkeun kana coét tuluy. . . .
A. rendos C. sangray
B. goréng D. beuleum
24. Sanggeus cangkang kupat dieusian beas tuluy . . . .
A. diseupan C. digoréng
B. dikulub D. dibeuleum
25. Kiripik anu bahan bakuna tina sampeu dingaranan . . . .
A. Kiripik taleus C. Kiripik sampeu
B. Kiripik kentang D. Kiripik cau

II. Eusian siang merenah


26. Lamun geus cunduk kana waktuna nyawa (pisah) jeung raga. Kecap dina jero kurung kuduna
....
27. Kabéh dibéré . . . .
Conto hadé . . . .
Kecap anu merenah pikeun ngeusian rumpaka di luhur nyaéta . . . .
28. Nembangkeun kawih biasana sok dipirig ku waditra. Waditra hartina . . . .
29. Urang kudu daék rumawat ka lemah cai sangkan . . . .
30. Neng Marsha kalebet murangkalih anu ulet latihan tari. Neng Marsha ngagaduhan cita-cita
janten . . . .
31. Dongéng nu sumebar di Jawa Barat anu doraka ka kolotna nepi ka boga panyakit kulit nyaéta
....
32. 3 ngaran kalua anu loba dijual nyaéta . . . . , . . . . , . . . .
33. Ngaran inuman has sunda nyaéta . . . . jeung . . . .
34. Campuran nyieun kalua gedang nyaéta . . . . , . . . . , . . . .
35. Waktos simkuring nembé wangsul ti sakola, kaleresan pun bapa nembé . . . ti kantor.

III. Jawab sing merenah

36. Tuliskeun sapada pupuh ”Maskumambang” nu hidep apal!

37. Pupuh anu kaasup kana sekar ageung sok diwancah jadi KSAD. Wancahan tina pupuh naon
KSAD!

38. Tuliskeun rumpaka kawih ”Manuk Dadali”!

39. Tuliskeun 5 cabang olah raga anu aya disabudeureun hidep!

40. Tuliskeun 5 rupa kadaharan anu dijieun tina beas/beas ketan!

PAT 2017/2018 SDN 261 Margahayu Raya

Das könnte Ihnen auch gefallen