Sie sind auf Seite 1von 12

DEMOKRASI SALAKU ASAS

KAHIRUPAN DI MASYARAKAT

‫السلما عليكم ورحمةال وبركاته‬


‫ أشهد أن ل إله اهه الههذي نهههان‬,‫الحمد ل اللذّى أمرنا بالمشاورة‬
‫ اللههمم‬.‫ وأشهد أن محمدا عبده ورسوله الخير في العبادة‬.‫عن الشركة‬
‫صمل وسملم على عبهههدك ورسهههولك محممهههد صاحب الشارة وعلى اله‬
‫ فيهها عبههادا اوصههيكم‬:‫وصحبه الذّين سعدوا فى الدنيا والخآرة –امابعد‬
‫ نواللذذّينن اسسنتنجاببوا ذلنربذهسم‬:‫وقههال تعههالى‬.‫واياي بتقواا لعلكههم ترحمههون‬
‫صنلانة نوأنسمبربهسم بشونرى نبسينبهسم نوذملما نرنزسقننابهسم بيسنذفبقونن‬
‫نوأننقابموا ال ل‬

Hadirin sabangsa anu kusimkuring


dipihormat!
Puji sinareng syukur hayu urang
panjatkeun ka Dzat nu Maha gapur.
Shalawat sinareng salam mugia salamina
diwuwuhkeun ka panutan ulung, Nabi
Muhammad saw. Anu parantos umajak ka
manusia saatero jagat supados ngagem
akhlak nu luhur.
Salaku khatib, sim kuring umajak ka diri
khatib khususna, umumna ka sidang jumat
sadayana, hayu urang sami-sami
ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan
29
urang ka Gusti Allah, sangka urang sadaya
janten jalmi anu pinanggih kabahagiaan di
dunia sinareng di akherat. Amin

Hadirin Rahimkulullah!
Urang sadaya tos pada terang ngeunaan
kahirupan domekrasi di zaman Orde Baru. Di
zaman harita, symbol-simbol demokrsasi teh
kacida pisan ditanjeurkeuna, kayaning
diayakeun pamilu, kampanye parpol, oge
pemilihan presiden. Tapi kanyaataana, eta
sadayana teh mung ukur simbol wungkul,
margi hakikat sareng falsafah demokrasina
mah teu dilaksanakeun. Kusabab
ngomomorekun ajaran demokrasi, kabuktian
pangwangunan mung saukur ngalahirkeun
kahirupan cara jahiliyyah, para pangusaha
ngagem mental Tsa’labah, jeung para
panguasa ngagem otak Namrud tur hate
Fir'aun. Marehna lain tempat
penyalindungan rakyat tapi tukang meres
jeung ngarampas hak-hak rakyat, anu
diwujudkeun dina bentuk sentralisasi
kakuasaan.

30
Maurice Daverger dina Les Partis
Politicus nguningakeun, yen kakuasaan anu
sentralistik jadi lantaran munculna kolusi,
korupsi, nevotisme jeung panyelewengan
laina anu bakal nyered kana kahancuran
bangsa jeung masyarakat. Hadirin, naha
urang rek ridha lamun bangsa urang hancur?
Tangtosna wae henteu, sanes?
Kulantaran kitu, demokrasi teh kudu
dtanjeurkeun di bumi indonesia ini.
Demokrasi kedah dijadikan asas dina
kahirupan masyarakat. Eta teh dumasar
kana dawuhan Allah swt. dina surat asy-
Syura, ayat :38
‫صنلانة نوأنسمبربهسم بشونرى نبسينبهسم نوذملما‬
‫نواللذذّينن اسسنتنجاببوا ذلنربذهسم نوأننقابموا ال ل‬
(38 :‫نرنزسقننابهسم بيسنذفبقونن )الشورى‬
Jeung pikeun jalma anu tumuh kana
parentah Pangeran jeung ngadegkeun salat,
Jeung urusan maraaaanehna
dimusyawarahkeun diantara maranehna.
(Maranehna) oge anu nganafkahkeun kana
sabagian rizki anu geus dipaparin ku kami
ka maranehna. (QS. Asy-Syura: 38)

Hadirin Rahimakumullah!

31
Ayat diluhur teh, ngarupakeun
panerangan ti Gusti Allah ngeunaan bentuk
kahirupan bermasyarakat anu diwuwuhan ku
nuansa demokrasi dina bentuk musyawarah
tur mufakat. Ngeunaan ieu masalah, M.
Quraish Shihab parantos nerangkeun dina
bukuna Wawasan Al-Qur’an, yen ayat
diluhur diturunkeun salaku ujian kaimanan
pikeun kaum Anshar anu paratos sadia
ngabela Rasulullah Saw. Sedengkeun ata
keputusan teh hasil musyawarah. Hal eta
nunjukkeun yen musyawarah teh kacida
pentingna, sahingga Allah nguji ka kaum
Anshar ku musyawarah. Di sagedengeun
eta, Allah oge parantos ngarangkaikeun ayat
di luhur kalayan ayat samemehnya ngeunaan
ciciren jalma iman. Eta teh ngandung harti,
saenyana musyawarah anu ngarupakeun
wujud kahirupan demokratis teh taya lian
ngarupalkeun sendi sareng azas kahirupan
jalma-jalma anu ariman.
Kulantaran kitu, jalma-jalma anu teu
resep kana musyawarah, resep maksakeun
kahayang ka batur, ngabogaan sikep
diktator, jeung ngarasa dirina paling bener,
32
nu kitu teh lain wae nunjukkeun yen
manehna anti demokrasi tapi nandakeun
jalma anu teu ngabogaan iman. Malihan,
jalma kitu teh bakal ngabahayekun bangsa.

Hadirin Rahimkullah
Kumaha cara mraktekkeun demokrasi
dina Islam? Ayat di luhur ngisyaratkan ka
urang sadayana ku kalimah ‫وامرهم شورى بينهم‬
Imam Ali As-Shabuni dina kitab Shafwat at-
Tafasir ngajelaskeun maksudna, ‫اى يتشاورون فى‬
‫ المور وليعجلون‬, Maranehna ngayakeun
musyawarah dina sagala urusan jeung teu
gagancangan dina nyokot kaputusan. Rasul
urang sadaya hadirin, nembongkeun jiwana
salaku figur anu demokratis. Rasul
ngayakeun musyawarah lain wae dina
nangtukeun strategi perang, saperti nalika
perang Badar, perang Uhud, jeung perang
Khandaq wae, tapi langkung ti eta, anjeuna
ngayakeun musyawarah dina nuntaskeun
masalah-masalah anu aya pakaitna jeung
kahirupan rumah tangga, natangga jeung
dina enggoning kahirupan nagara, sahingga

33
Ibnu Taimiah dina kitab Asy-Siyasah as-
Syari’ah ngajelaskeun:
‫لم يكن احد اكثرمشاورة لصحابه من رسول ال‬
Teu aya hiji jalmi ge anu sering
ngayakeun musyawarah jeung para
sahabatna salian ti Rasulullah Saw.
Ieu teh hadirin ngarupakeun falsafah
demokrasi dina kahirupan umat Islam.

Hadirin Sidang Jum'at Rahimakumullah!


Kumaha konsep demokrasi eta lamun
dikaitkeun jeung kahirupan masyarakat di
nagara urang? Alhamdulillah, sacara
konseptual bangsa urang kacida
merhatikeuna kana prinsip-prinsip
demokrasi, nyaeta demokrasi pancasila,
dina UUD 45, yen lembaga paling luhur di
nagara urang nyaeta Majlis Pemusyawaratan
Rakyat (MPR). Nyakitu deui dina Pancasila,
salaku falsafah bangsa aya sila, Kerakyatan
yang dipimpin oleh hikmat dalam
permusyawaratan/ perwakilan, soak sanajan
dina pelaksanaanna acan sampurna
sakumaha harepan urang. Numutkeun Eep
Saefullah Fatah dina buku Reformasi

34
Diambang Persimpangan Jalan, eta teh
dilantarankeun ku dua halangan kultural.
Kahiji, ayana rupa-rupa budaya jeung
tingkah polah elit politik anu kacida
ngamonopoli bebeneran. Kedua, kuatna
budaya feodal di masyarakat anu
mangrupakeun mental-mental munafik,
mental-mental hipokrit, jeung mental-mental
ABS (Asal Bapak Senang), jeung sikep teu
milare kana kahayang rakyat. Padahal Hasan
Bashri negeskeun:
‫ما شا ورقوم قط ال هدوا لرشد امورهم‬
Henteu musyawarah hiji kaom dina
sagala widang kacuali bakal dibere jalan
kaluar dina mereskeun masalah anu
disanghareupana.
Mafhum Mukhalafahnya, lamun henteu
musyawarah mangka satiap masalah sok
sanajan leutik komo lamun gede mah moal
manggih jalan kaluarna. Kusabab kitu, dina
nyanghareupan masalah bangsa anu keur
dirandapan ku urang ieu, mangka urang
kudu ngabina, ngajaga, jeung ngabiasakeun
musyawarah, sabab musyawarah

35
ngarupakeun bagian kahirupan anu
demokratis.
Aya pertanyaan, kumaha sikep jalma
demokrat sajati numutkeun Islam?
Jawabana, hayu urang nitenan firman Allah
dina Surat Ali-Imran ayat 159:
‫ضوا ذمسن‬ ‫نفذبنما نرسحنمةَة ذمنن الللذه ذلسننت لنبهسم نولنسو بكسننت نفظظا نغذلينظ اسلنقسلذب نلاسننف ض‬
‫نحسوذلنك نفاسعبف نعسنبهسم نواسسنتسغذفسر لنبهسم نونشاذوسربهسم ذفيِ اسلنأسمذر نفذإنذّا نعنزسمنت نفنتنولكسل‬
(159 :‫نعنلى الللذه إذلن الللنه بيذحضب اسلبمنتنوبكذلينن )ال عمران‬
Nyaeta karana rahmat ti Allah, Maka
enjeun ngagem sikep lemah-lembut ka
maranehna. Lamun seug anjeun kejem jeung
ngabogaan hate kasar, Tangtu maranehna
bakal ngajauhan tina lingkungan anjeun.
Maka pek bere hampura maranehna jeung
menta pangampura keur maranehna. Jeung
kudu musyawarah jeung maranehna dina
(sagala) urusan. Lamun anjeun netepkeun
keputusan, maka pek tawaka ka Allah.
Saenyana Allah micinta ka jalma anu
tawakal. (QS. Ali Imran: 159)
Hadirin, ayat diluhur diturunkeun ka
kanjeng nabi, anu tangtuna ditujukeun oge
ka urang sadaya salaku umatna. Sabab, ‫العبرة‬
‫ بعموم اللفظ لبخآصوص السبب‬Perkara anu ditujukeun

36
ka kanjeng Nabi ditujukeun oge ka umatna.
Dina ayat tadi aya tilu sikep demokrat anu
ku urang kudu diterapkan. Kahiji, ‫لنت لهم‬
kudu ngagem sikep lemah lembut. Sabab
dina nalika musyawarah urang teu meunang
maksakeun kahayang ka batur, Tong ngarasa
pendapat sorangan anu paling bener, jeung
paling alus, sarta tong ngaremehkeun jeung
ngahina kana pemadegan nu lian.
Kadua,‫ فاعف عنهم‬sikap mere hampura.
Sabab, nalika musyawarah mungkin wae
pendapat urang bakal diremehkeun, dihina,
atawa teu ditarima ku anu lian sahingga
urang bakal nyeri hate. Tah didinya pisan
pentingna gede hampura jeung lapang dada.
Katilu, sikep ‫ واستغفرلهم‬Ieu teh isyarat
supaya urang lain ukur ngaraketkeun
hubungan jeung sasama manusia, tatapina
kudu ngajaga oge hubungan sareng Allah
Swt. Supaya jalana musyawarah lancar.
Kulantaran kitu diunggelkeun: ‫فاذّاعزمت فتولكل‬
‫على ال‬, lamun geus ngabuleudkeun tekad
maka kudu tawakkal ka Allah SWT. Supaya
bisa ngalaksanakeun hasil musyawarah
samata-mata ngutamakeun kana
37
kepentingan umum. Sing inget, yen urang
sama sakali moal rugi ku ngalaksanakeun
musyawarah. Sabalikna, bakal dicatet ku
Allah salaku tanda jalma anu iman jeung
micinta amal Shaleh anu bakal dibales ku
pahala jeung ampunan. Sakumaha kaunggel
dina surat Al-Maidah ayat 9:
‫صاذلنحاذت نلبهسم نمسغذفنرة نوأنسجةر نعذظيةم‬
‫نونعند الللبه اللذذّينن ءانمبنوا نونعذمبلوا ال ل‬
(9 :‫)المائدة‬
Allah parantos janji ka jalma anu iman
jeung anu ngalaksanekun kahadean, yen
pikeun maranehna pangampura jeung pahala
anu loba. (QS. al-Maidah: 9)

Hadirin Rahimkumullah!
Eta teh ngarupakeun sapaliha tina janji
Allah Swt. Lamun urang iman tur
ngalaksanakeun amal soleh dina ieu
kahirupan di dunia. Sahingga bakal
tumuwuh kahirupan hiji bangsa anu
demokratis sarta mibanda pahala jeung
pangampura.
Kasimpulan tina bahasan diluhur, yen
wujud nyata insan anu iman bakal

38
ngalahirkeun sikep anu shaleh, di antarana
resep musyawarah, gede pangampura jeung
tawakal sarta ngagem tanggung jawab
pikeun ngalaksanakeun hasil musyawarah.
Jadi kitu, kwajiban simkuring oge hadirin
sadaya nyaeta nanjeurkeun sikep demoktatis
ti diri urang sewang-sewangan. Mudah-
mudahan Allah masihan jalan kaluar kana
satiap masalah anu disanghareupan ku
urang sadaya, jeung ngajadikeun bangsa
Indonesia tetep jaya kalayan sejahtera. Amin
ya rabbal ‘alamin.

‫والسلما عليكم ورحمة ال وبركاته‬

39
40

Das könnte Ihnen auch gefallen