Internet nyaeta layanan jaringan anu saling ngahubungkeun hiji Jeung nu Liana,
internet ieu ku jaman Kiwari geus loba nu makena mimiti ti budak leutik otot polo
nepika kolot anu digugusur ku kursi roda, nanaonan wae manehna Dina internet
teh? Tah ayeuna urang pok pokan naon bae mangfaat urang ngagunakeun internet.
Ku ayeuna eta warta ti Walanda bisa ku urang nyaho Dina internet teu pira Ngan
ukur sakian sekon wae, lain warta ti Walanda hungkul tapi watra timana wae bisa
ku urang saraarea di akses ku saking gampilna aya internet, tah lain saukur
wawasan wae, Komo ayeunamah aya mesin paranti neangan artikel kawasan
goggle, Bing, yahoo, ask, Jeung sajabina bisa ku urang di pake pikeun neangan
elmu pangawereuh keur nambihan wawasan urang nalika urang pikun.
Tah ieu salah sahiji mangfaatna ku Ayana kemajuan jaman Kiwari, nyaeta urang
tiasa komunikasi Jeung Saha wae dimana wae, kajeung jauh satutungtung langit
kajeun jauh satungtung Dunya urang tiasa chating bae sareng Baraya Baraya urang
sarerea, lain saukur eta wae aya oge mangfaat nu sejena kawasan aya anu salah
chating jadi jodo, hehe kop atuh bilih aya nu Bade milarian jodo na internet oge
seueur da.
Upami anjeung resep nulis puisi tah bisa di kembangkan Dina internet, lain bisa
ngembangkeun hungkul tapi anjeung oge bisa miboga penghasilan kira Kirana
keur nyocokan Beas Beas waemah, lain saukur bakat Jeung hobi dina internet bisa
di komersilkeun edek eta jasa nulis, atanapi naon we anu piduiteun, daripada cicing
teu puguh! Ulin ulinan kamana karep.
Tah ieu yeuh lamun maneh Kabeh miboga akal atanapi ide Sok geura
kembangkeung Dina internet, kieu pola pikir atau pamadeganana, loba tempat
ngicalan anu gratis kawasan olx Bukalapak jst, make oge senjata patempuran
utama nyaeta websitenya, bayangkeun kieu eta lamun anjeung ngagaduhan toko
offline kudu sabarahaeun? Acan harga tanah! Nyieun toko kudu di tempat
strategis, lain kitu wae pengunjung pasti nu sayangna nu darareukeut, lamun
maneh orang Bandung boga toko di Bandung paling Hade lamun aya nu meuli
sabandung, tapi Dina internet jangkawana satunya! Paling buruk sainonesia bisa ku
anjeung ladenan
.
5. Eukeur sarana hiburan banyolan bobodoran
Tah mangfaat internet salain nu dilaluluhur aya oge eukeur sarana hiburan,
ngahibur Saha wae, Komo lamun maraneh asuk Kana YouTube loba pisan video
video anu pikaseurieun pika nyerieun beuteung, komo lamun maneh neangan just
for laught “ mung kanggo di seungseurikeun “ aduh eta jailna orang barat meunika
siga kanu budak angon wae, padahal di tempat umum.
6. Ngahemat urang
Coba lamun maneh nonton tipi radio, eta Kabeh geus aya Dina internet mimiti ti
radio, tipi anu langsung Jeung sajabina. Tah Mayar listrik teh meren jadi mahal,
etamah efisien bisa internetan, bisa nonton tipi, bisa ngadangukeun radio ongkoh,
tuh loba keneh kan mangfaatna teh matakna Sok geura di ajar internet cing
hararade.
Eta tah ku ayana internet lamun maneh gaweteh bisa gancang contona lamun
anjeun ngirim file Dina flashdisk kudu di babawa bikeun flashdiskna masih jaman
keneh lur? Tah kuayana internet anjeun tiasa ngirim langsung ka si itu anu Bade di
kirimkan filena ku anjeun,
Tah upami anjeun resep ngoprek internet pasti bakal mendalam bahasa deungeun
anu kurang dipikahartos, tah ku resep ngoprek sareng resep ngulik eta anjeun ka
basa deungeun, saeutik saeutik di terjamahkeun Dina Google translate anjeung
bakal jadi terang naon artinya eta sadayana, sanes saukur terang wae tapi anjeun
tiasa komunikasi Jeung bangsa deungeun.
Kasimpulanana Yen internet teh loba pisan mangfaat Jeung kegunaan kanggo
urang saraarea sanes kanggo nu geus gede hungkul tapi kanggo budak alit oge.
ARTIKEL TENTANG KESEHATAN
Hirup di Dunya teu puguh lamun urang teu sehat, lain teu puguh hungkul tapi teu
ngenah lamun urang geringmah, ku ayana hirup jag jag waringkas, sehat Jeung
bungah jaya kagiri guru hirupteh jadi loba warnaan, bisa kaditu kadieu, bisa jug
jlag jig jig, Jeung hiji deui lamun urang keur Dina kaayaan anu Pangestu Ginanjar
kabungahan asa Endah hirup di Dunya teh,
beda Jeung lamun urang keur Dina kaayaan anu hareeng, asa sempit asa leutik
dunyateh nya asa teu betah, tah ku matakan urang hirupteh resep aya Dina kaayaan
anu jag jag waringkas. Mangga pok wae Kana intina.
1. Hirup baraseka
Ku urang Dina kaayaan hirup baraseka baka di jauhkeun tina penyakit, timimiti
tina penyakit budug Jeung sejema, Naha bisa? Yeuh seluruh kumanmah resep
hirup dinu naon naon anu kalalotor, lain kitu wae coba lamun maneh hirup Dina
kaayaan kotor kumaha loba Dina awak maneh, tinggian we sapoe duapoe eta
antibodi anu aya Dina awak maneh bakal jadi kabalangahan jol isuk pagetonateh
seiring we, tapi lamun maneh baraseka kuman kerek nempelge langsung bersih
kusabab manehna baraseka Sok mandi.
Tah lain ti lain awak urang teh Bandung 70℅nateh cairan matakan urang Montong
pernah nepika kekurangan cairan Dina awak, lamun urang kekurangan cairan Dina
awak lain ngaganggu konsentrasi wae tapi oge ngaganggu Kana sistem
metabolisme awak urang teu normal kawas biasana.
4. Kudu hees
Yeuh maraneh nu osok begadang tong penting teuing ari Bade reup sareteh, inget
Jeung kedah nginget etateh pagawean anu rada teu bner, loba penyakit tina urang
Sok bagadangteh lain saukur penyakit insomnia hungkul tapi aya oge penyakit
sejena nu bakal neretelan, kawas asup angin, kembung, mata jadi minus we gara
gara cape teuing ku bagadang. Tah ati ati nu Sok bagadangteh salah sahiji nateh
bisa rabun tea.
5. Sesakeun waktos
Tah lamun maneh hayang jagjag waringkas Jeung enerjik terus terusan manehteh
kudu mibogaan waktu eukeur Ulin, Sok luangkeun waktu manehteh, Naha bet
bisa? Bisa kitu ku sabab lamun urang cape teuing gawe Sok rasakeun kumaha
nyeri awakna kumaha pikiran anjeun jadi mumet, pikiran anjeun jadi lieur teu
puguh lieur kabalinger, tah ku Ayana waktu luang keur Ulin nyenengkeun awak
Jeung pikiran insha Allah anjeun bakal sehat tur jag jag
6. Olahragi nu rutin
Yeuh salah sahiji deui anu tiasa nuehatkeun raga urang nyaeta kdah olahragi, naon
we olahraginamah Bade lumpat, Bade senam atau Jeung sajabina? Naha kudu
olahragi? Olahragi teh bisa nguatkeut otot Jeung tulang urang salain ti eta pompa
jantung urang jadi leuwih gancang nayerta nyebabkeun oksigen teh gancang
nepina Kana sel sel anu aya Dina raga urang, lain eta wae tapi ku olahraga oge
urang ngaluarkeung karinget anu bisa jadi pimatakeun penyakit.
Yeuh marananeh Sagala kudu homuris, ameh maneh Bagja hate Jeung pikiran, lain
eta hungkul lamun urang resep seuri cenahteh bisa nuehatkeun jantung urang,
Jeung ngalepaskeun unek unek nu aya Dina pikiran, lain eta wae Sok ayeuna
tinggali Dina tipi eta nu Sok ngahibur bobodoran asa tuluy we jagjag waringkas,
Jeung enerjik.
Kasimpulanana uranggeh kudu hirup sehat jagjag waringkas Jeung jauh tina hal
hal anu nyieun urang ngaringkuk geuring. Tah sabab kituteh urang kudu ngajaga
pola hirup urang!
ARTIKEL TENTANG PENDIDIKAN
Paradigma nyaeta hiji pola pikir masyarakat anu mandangna, coba ku urang pikir
masyarakat bisa nuduh eta kelemahan baong gara gara mode buukna anu rancung.
Aneh tapi nyata Yen eta paradigma nu salah, buuk rancung atawa hnteu lain
jaminan Yen eta budak karakternya Hade, ceuk abdimah masyarakat teh ka
pangaruhan ku pribahasa “ Hade gogog Hade Tagog “ tah analisa dirinya Ngan
ngabahas Hade penampilan Jeung omongan lain Hade Dina laku lampahna. Ningan
eta nu didasi buuk cepak Hade geus loba nu pada korupsi. Jadi soklah rubah pola
pikirnya buuk gimbal kumaha oge nupentingmah kalakuana Hade, pan “ dont look
the book from the cover” Sok tah kudu ngarti hirupteh.
Keur mageuhan karakter budak Sok titah mikiran titah neangan solusi, tah ieu cara
good keur nyieun pemikiran keur manehna neangan gagasan tong Waka
disalahkeun kamu eta budak salam tapi ganti caranya kanu lain, ku ngadeukeutan
omongan bari ngajak ka budakna, pola pikir budak tong di batasan kop manehna
deuk mikir kukimaha oge, anteupkeun cina imajinasinya merebes muncul
sorangan. Terus lakukeun ka budak meh boga pamadeganana sorangan. Lamun
pola pikirna geus Hade eta budak bakal jadi anu kritis karakternya bakal Hade.
tah ieu di handap, eh ieu ketang sadayana mangrupi salah sahiji contoh artikel
sunda anu singkat, mangga uapmi bade copas tapi kedah di edit weh ameh teu sami
teuing,
3. Cina resep maca lobaan ku motivasi
Kop tah budakteh Cina resep maca Jeung motivasian nu kabehanana deuk
lingkungan atawa otakna, budak resep maca bakal jadi karakter anu teliti Jeung
luas wawasanana. Motivasian budak Cina drenalina timbul keur Kahuripan
manehna kop awasi bisi rada nyimpang lempengkeun,
4. Cina eksperimen
Jujur simkuring loba hal anu kedah di eksperimen kebun Ngan duka bakal jadi atau
moal, tapi ceuk kiramaha bakal jadi , budak hayang eksperimen tapi Mandala Dina
duit jadi rada lieur soalna barang barangna ngabutuhan duit saeutik eutik
waenamah, tah tina eksperimen eta loba pisan karakter urang anu bisa muncul
Jeung urang bisa maca karakter reaksi sebab Jeung akibatnya, maca karakter atau
miboga karakter teh lain saukur dimasyarakat hungkul tapi oge ngayaan kawas
reaksi urang Jeung lingkungan hirup urang.
Ari dilingkungan masyarakat oge kudu tapi teiu lepas ti Dina sakola Sok
bayangkeun sakola geus teu era manehna nyieun visi Jeung misi, kudunamah
sakolateh jujur Jeung ningali realita. Sok inget teu Dina ulang ulah make hp atawa
kalkulator? Ongkoh Dina visi Jeung misina urang kudu nyampe penguasaan imtak
Jeung IPTEK!, Aneh kan Sok da simkuringge tos protes ka guru. Tah kudunamah
saatos urang ngaduateh ngagunakeun teknologi kanggo ngeusian jawaban.
Kesimpulan kop antep karakternya Cina diri manehna Ari henteu ngarugikeun
masyarakat mah Jeung kudu pok pokan ningali hal anu realitas kajadian, Sok antep
budak boga karakter manehna maing masing antep Cina diresikoan ku masing
masing Ari hirupna hayang majumah.
ARTIKEL TENTANG LINGKUNGAN HIDUP
Yeuh Baraya salaku urang deuk ngamumule lingkungan urang kudu meresihkeun
tina sampah Jeung pilah pilah sampahnya Kana 2 atau 3 tempat nyaeta sampah
organik, plastik Jeung sampah anu bahaya sejena, tah upami sampah organik mah
kop bae jadikeun pupuk keur tatangkalan tapi lamun sampah non organik Jeung
sampah sejena kop we pisahkeun Jeung daur ulang, atau oge keur nambahan amal
urang bikeun ka tukang pulung, tuh beresih onggoh meunangkeun pahala ongkoh,
loba pisan masalah tina sampah non organik kawas bisa nyebabkeun banjir, Jeung
panyakit.
Tah bayangkeun lamun loba pisan sampah salain teu nyaman urang ninggalin oge
pasti bakal ka ambung bau teu pararuguh, tuh kan Ari tos ka ambung mah teu Raos
teu nyaman urang hirup di lingkungan kitu. Matakna Sok geura malire kumaha
pentingnya lingkungan hirup keur urang salarea.
Sok geura garetol lamun aya tanah anu kosong Jeung lamun aya tanah nu rawan
longsor geura pemakan ku tatangkalan nu ngahasilkeun kawas nangka Jeung
sajabina, pan Ari melakan tatangkalan anu ngahasilkeun mah urang bisa loba
mangfaatna mimiti ti nyegah longsor Jeung banjir, lingkungan hirup urang nyaman
Jeung adem tarariis ku oksigen Jeung ngkena bakal menang buahna deuk nangka
atawa kadu jst.
Tuh euweuh rugina lamun urang salarea pinter Jeung hideng Dina miara
lingkungan hirup urang. Tah melakan ku tatangkalan anu ngahasilkeun oge Hade
pikeun ngarawat tanah reboisasi, Naha bet Hade? Pan lamun tangkalna
ngahasilkeun mah ku masyarakatnya oge pasti bakal di rawat, tah nu Sok makanan
liar oge moal aya.
Tah urang salarea lamun nyaah Kana lingkungan hirup urang kudu bisa
ngagunakeun barang nu ramah lingkungan nu bisa sababaraha kali pake kawas
lamun balanjateh make kantong biasa we ulah make kantong plastik anu nambah
nambahan sampah nu Lila kauraina. Tah sok geura malamalalikir ngagunakeun
bahan nu ramah lingkungan meh tetep kajaga lingkungan hirup urang.
Euleuh Naha jol Kana kendaraan umum? Sok gera tebak Naha bet jadi Kana
kendaraan umum Sagala? Tah ku lobana kendaraan pribadi loba oge polusi nu
dikaluarkeun kudunamah urangteh make kendaraan umum, Naha bet kitu? Ari
make kendaraan umummah urangteh salain hemat biaya ditambahkan ramah keur
lingkungan Anda, tah polusiteh bisa ngurangan sahenteuna teu kawan marawa
kendaraan sorangan.
Salaku urang Sunda urang salarea kudu bisa ngamumule budaya Sunda, tah
tinggali ku jaman ayeuna eta budaya Sunda teh tos laas katinggang ku mangsa,
orang Sunda Jeung jati diri orang Sunda bisa ditinggali ku lobana kabudayaanana,
tah naon salahnya urang salarea make Jeung nyngkem keneh Kana budaya sunda,
da teu aya lepatmah teu aya kaliruna Jeung hayu bae atuh urang salarea deuk
barudak deung anu sepuh urang ngamumule bahasa Sunda ku kieu carana.
1. Tanemkeun ti leuleutik
Tah meh barudak ayeuna ngenal pisan Kana budaya sunda nyaeta ku kolotna Jeung
ku lingkungan Anda kudu di kenalkeun ti leutik keneh, tah lamun di kenalkeun ti
leutik keneh budaya sunda ieu bakal tuluy ngadasar Dina awak Jeung raga
barudakna. Dimana mana oge saacan nanggung Kana usia luhur pasti di dasaran ku
usia nu Anom, tah matakan kudu tibubudak di kenal keun Jeung di ajarkan budaya
sunda, sababna lamun melak Jagong pasti jadi Jagong.
Aya oge pas loba anu deuk ngamumule tah aya nu nyeletuk kieu “ haha emangna
hirup di jaman batu euy “ tah nu kitumah anteupkeun we da urangmah kumaha
hate urang Ari kudunamah salaku orang Sunda teh kudu boga ciri khas maing
masing we, da eta kebudayaan urangnge. Nu nyeletuk kos di luhurmah antep Sok
ajak ulah di baeudan tapi kudu di dasaran, tnyakeun gara gara naon manehna
nyeletuk kitu, Tan ente oge Dina ngamumule budaya Sunda teh kudu bari melek
teknologi meh euweuh nu kararitu. Lamun urang bener bener ngamumule basa
Sunda pasti aya nu pro jeung nu kontrana nu pentinmah 50%+1 we Naha deuk
kukumahage.
Yeuh barudak salarea deuk ngamumule budaya Sunda? Tah lain saukur lingkup
menh hirup tapi kudu melek Kana teknologi, Naha ngameh naon Sok? Yeuh loba
ayeunamah jelmi jalmi anu Dina dunia Maya atapani online tah eta oge bisa jadi
sasaran urang keur ngenalkeun kabatur Jeung kanggo urang ngembangkeun budaya
sunda , sugan bae we aya relawan anu deuk ngamodalan keur ngamumule budaya
Sunda deuk tina Hartana atanapi tina tanagina, da lamun ku sekelompok leutikma
lain moal bisa tapi bakal Lila tapi lamun loba cabangnamah kan gampil..
4. Di sakola di tekenkeun
Yeuh ente nu dialajar soalnamah ieumah da sistem tah nu disakolage kudu di ajar
ngamumule Sok lobakeun ekskul ekskul anu keur Jeung ngabahas budaya Sunda
nu penting keur ngalatih diri urang. Di sakola loba peran pisan mimiti ti barudakna
da lolobana waktunateh si sakola Komo kurtilasmah. Matakan Sok eupanan meh
nyantok jadi kuat Kana ngabudayakn budaya Sunda.
Ahh da nu loba peran penting teh salah sahiji na nyaeta media informasi, tah kieu
nya urang salaku masyarakat Sok mangga tinggal tina media informasi seueur
mudorotna atawa mangfaatna Sok hilangkan nu mudorotna tong Sok ngagosip euy
dosa, tah acara acara nateh gantian ku acara anu leuwih Hade nyeta ku budaya
budaya anu aya di Indonesia lain Sunda wae .
Kasimpulanana salaku urang Sunda kudu ngamumule basa Sunda tapi yeuh Dina
ngamumule nateh sakabehanana kudu Saluyu rek di sakola, masyarakat,
pamarentah, atanapi media media nu sejena.
ARTIKEL TENTANG NARKOBA
Indonesia ieu Nagara anu makmur Jeung aman tentram loh jinawi ayeuna geus
mulai darurat narkoba, di indonesia geus loba anu ngajadi bandar Jeung pamake
ieu barang, barang ieu anu bisa di sebut barang haram teh keur gentrengna di basmi
ku aparat hukum, mimiti di basmi ti polisi Jeung masyarakat anu anti Kana
narkoba.
Gara gara ku penasaran ieu wanoja loba anu tuluy kajurumus Kana narkoba,
mimitinamah gara gara dilingkungan aya nu ngajualan tuluy we aya nu nawaran
gratis heula nya gara gara penasaran tea jadi we tutuluyan, tah bahayanya dimana?
Kieu nya narkobateh bahayanateh lain keur manehna wae tapi keur nulaina oge.
Dina narkoba aya jat Adiktif anu bisa nyieun dedeuieun, bayangkeun deui eta
budak can boga gawe gara gara geus dedeuieun jadi we eta budak ngalakuken
Sagala cara kanggo bisa meunangkeun eta barang ku cara nu teteh, naon wae? Kos
ngajamret, ngarampok Jeung sajabina.
Darurat narkoba keur wanoja lain eta hungkul tapi tina jarum suntik bisa
nyebabkeun eta wanoja ngabogaan panyakit HIV anu nepika ayeuna euweuh
obatna, gaya hirup nu make narkoba pasti manehna bakal kabangblasan kawas seks
bebas Jeung sejena Jeung bakal nyieun pangaruhan goreng.
eta anu make narkoba mah bakal cacat mental kawas gampang emosian Jeung
nyorangan wae, ka wanoja anu geus kaentepan narkoba manehna bakal hese lepas
tina barang eta, lain saukur cacat mental tapi narkoba ieu oge bisa nyieun pola
pikirna jadi singkat, lamun aya masalah naon naon oge di anggeuskeun ku emosi
Jeung narkoba deui,
Efek narkoba ieu ka wanoja nyieun Kabeh syaraf na jadi lemah Jeung kerja Kabeh
awakna jadi teu baleg, cenahmah gara gara jadi lemahnya otot otot eta jadi nyien
manehna tenang cenah, tah akibat patalnamah, para wajotateh kumaha pi
kahirupanmah kaharepna lamun Ngan saukur hirupna ku narkoba mah, kumaha
masa depana? Syarafnya moal saalus saacan make narkoba. Pikiran moal sajernih
saacan make narkoba, Jeung Tungkal lakuna moal saalus saacan make narkoba.
Yeuh narkoba didieu lain bahaya keur wanoja hungkul tapi darurat Jeung geus jadi
lampu koneng di masyarakat, kusababna loba pisan peredaran narkoba di
masyarakat ulang Dina ngagaul atau pergaulan ulah salah milih, bisi ngekena
tibelesek terus dikekesek. Tah ieu yeuh narkoba nu lah di deukeutan ku arurangteh,
kawas s*bu2, ekst*si, g*nja, her*in, jst. Naha Dina artikel blog make Jeung aya nu
kituan ? Make bintang? Ameh page 1 .
Tah pokoknamah Indonesia darurat pisan Kana narkoba Mun bisamah hukum mati
we Kabeh nu ngedarkeun Jeung pemakainage. (Nu Nyalah Gunakeunana )
Kasimpulanana nyaeta Nagara uranggeh darurat pisan narkoba jadi urang kudu
ngajauhan tina narkoba ngarah panyakit panyakit nu timbulnya tina narkoba nbisa
ku urang di cegah.
ARTIKEL TENTANG HP
Hp printer atanapi Smartphone nyaeta hiji barang anu geus loba di pake ku tinggal
jalma mimiti ti budak TK anu turura teureleu nepika aki-aki nu geus reyod ku
umur.
hp pinter ieu di Indonesia geus loba macemna mimiti ti merk cina nepika bangsa
deungeun nu geus maju tina sagalana. Aya loba mangfaat tina hp pinter ieu tapi
aya loba oge mudorotna. Kusabab loba kitu antara mangfaat Jeung mudorotna
ayeuna Bade di bahas hiji hiji ti tunggal kabehanana.
• Mangfaat hp pinter
1. Sarana komunikasi jadi gampil
Ku Ayana hp pinter ieu urang saraarea bisa gampil ngawangkong dimana wae
Jeung iraha wae, buktosna saur alm H Darso oge Kuring di Pulo Jawa manehmah
Pulo Sumatra najan kahalang gunung Jeung lautge bisa teteleponan Jeung sms-an,
Komo ayeunana bisa videocallan.
Tuh matakan ayeunamah jadi gampil pisan komusikasiteh najan kahalang ku jarak
nu mangrebu kilo oge.
Eta hp anu pinterteh lain saukur bisa pake teteleponan hungkul Jeung kabogoh, tapi
tah aya deui mangfaatna sapertos ku Ayana internet ieu urang bisa gampil neangan
elmu, deuk tentang komputer, tentang kesehatan atanapi nulaina, teu hilap oge ku
Ayana teknologi informasi hp pinter ieu eta ningan maraneh bisa neangan tugas
basa Sunda atanapi tugas sejena ti guru guru maraneh.
3. Sarana keur bisnis
Euleuh euleuh ningan aya tah mangfaat hp pinter oge di pake gawe, Naha bisana
kumaha? Eta hp pinter di pake neangan duit aya nu tina ngablog, tina jujualan, aya
oge anu tina nipu Batur, tah upami nu tina nipumah ulah diturutan meningngge
pake ngablog Jeung jujualan, maneh bisa ngagunakeun jejaring sosial kos
Facebook, Twitter, path, pinterest, blog, atau sejena keur neangan duit nyaeta
jujualan, kop keur di ajarmah jual domba si bapa na Facebook, fotoan kumaneh
uploadkeun.
Tah ku Ayana hp pinter anu canggih tea ieu maraneh bisa neangan kabogoh Anyar
keur mapanas popotongan maneh, heheh heureuy ah. Tuh lain ku kitu hungkul gara
gara Ayana jejaring sosial tea ayanana hp pinter tea loba oge anu jadi jodo gara
gara pa tulis tulis dina jajaring sosial. Eh teu eta wae da aya nu salah sambung tina
teteleponan atawa sms-an jol papanggihan, teu Lila tinya ngajodo naranikah.
Lamun teu nanarikah oge tah maraneh bisa jadi nambahan babaturan.
Lain kanu geus nikah wae ieu di tangan eta di tangan kanu can nikah kan bahaya
pisan, leuheung lamun nu neangan geus narikahmah da geus boga pakeunana, ieu
kanu Acan nikah deuk nanaonan? Deuk ku sabun Ujang/eneng? Montong deuleun
pibahayaeun, deur ngkena kapoekan. Tah lain eta wae nu pikeun ngabahakeunateh
tapi tinu gajala gajalana ningan Kiwari loba awewe nu diperkosa atau numerkosa,
eta na tipi gunung aya nu dileuleupan ku Doran pacul nepika maot asa garila kitu.
6. Dipake nipu Batur
Abong jaman beuki maju tukangbtipuge beuki maju, maranehna bisa nipu
ngagunakeun hp pinter ieu, ku canggihnya tea ayeunamah nipunage teu kudu
pateupung raray cukup komusikasiteh tina hp, yeuh Saha wae nu Sok nipu
maranehteh teu jarinya kitu kanu ditipu kumaneh? Etateh boa teung duit menang
Ngajuk ngahutang keur meuli Beas online heheh
Yeuh regepkeun ku maraneh tong gampil percanten kanu Sok ngajak chattan Jeung
maraneh, boa teung etateh penjahat kelamin. Geus loba Jang / neng anu pdkt tina
jajaring sosial atanapi gara gara Ayana hp pinter ieu maranehna di olo di bobodo
ngajak papanggihan duduaan, nya geus duduaan teamah bijil setan tea, etamah jol
tibelesek terus dikekesek enggesnateh di paehan ningan, duhh meuni ngeri pisan
nya lur.
Tah kasimpulanana urang kudu ngagunakeun hpteh kudu bijak kudu apal
balukarna sangkan urang teu ka tipu teukabobodo, geura pake mangfaatna sangkan
urang bisa jadi kelemahan anu pinter tur sukses koncara kamana mana.