Sie sind auf Seite 1von 5

1.

PERKARA BIANTARA
Biantara atawa pidato teh nyarita di hareupeun balarea dina raraga nepikeun inpormasi
atawa hal-hal nu kaitung penting dipikanyaho ku batur. Jalma anu ahli biantara disebutna
orator.  Umpamana wae, Ir. Sukarno jeung Oto Iskandar Di Nata, duanana oge kaasup orator
nu kakoncara.
Aya sawatara teknik dina nepikeun biantara. Kahiji, biantara teh ditalar (ditambul), tapi
nyieun naskah heula, tuluy diapalkeun disebutna tehnik Ngapalkeun. Bisa wae naskahna
mah nyieun, tapi diapalkeun ti samemehna. Cara nu sok dipilampah ku barudak sakola dina
waktu miluan pasanggiri biantara. Kadua, biantara teh ukur nyiapkeun naskah gurat badagna
wungkul, lantaran dadakan dititah biantara, disebutna teknik impromtu. Katilu, biantara nu
naskahna ditataharkeun tur dibaca, ilaharna biantara resmi, disebutna teknik naskah. Kaopat
biantara ditalar bari heunteu nyiapkeun naskah heula, disebutna tekinik ekstemporan. Unggal
teknik biantara anu ditataan bieu teh tangtu boga kaunggulan jeung kahengker sewang-
sewangan.
Dina nepikeun biantara. Aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun, diantarana wae :
1. Kudu parigel muka biantara. Biasana mun bubukana geus alus, batur bakal kataji.
2. Eces atawa jelas nepikeun eusi biantara. Sora (vocal) kudu ngoncrang tur bentes.
Ulan laun, oge teu meunang cocorowokan siga jalma stres.
3. Ngantep sueureuhna atawa sistimatikana nyarita. Eusi biantara kudu mundel. Ulah
ngayayay teuing, ari eusina teu puguh.
4. Pasemon (mimik) kudu luyu jeung eusi biantara nu ditepikeun. Mun eusi biantarana
teh banyol, tangtu we pasemon ge kudu nembongkeun heureuy. Sabalikna, mun eusi
biantarana daria, pasemon ge kudu nembongkeun kadariaan.
5. Parigel nutup biantara.Biasana mun panutupna alus, sok neundeun kesan ka nu
ngaregepkeunana.

Lamun nilik kana adegan atawa strukturna, naskah biantara teh biasana ngawengku tilu
bagen penting.
1). Bubuka, dimimitian ku salam bubuka, laju kana nepikeun salam tur muji sukur ka Gusti
Alloh SWT. Aya oge nu sok ngadugikeun solawat salam ka Kanjeng Nabi Muhammad
SAW. Lamun perlu dina bubuka oge dibejakeun jejer atawa tema anu rek ditepikeun dina
biantara.

Contona :

Bahasa Sunda kelas IX Page 1


Assalamualaikum Wr. Wb.

Sampurasun,

Langkun ti payun, manga urang sami-sami muji sukur ka nu Maha Agung, Alloh SWT. Solawat
miwah salam mugi langgeng ngocor ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW, Nabi tuladan utama,

2). Eusi, ngeunaan maksud atawa informasi anu rek ditepikeun. Sipatna bisa mere beja,
ngageuing, mere pituduh, jste.

Contona :

Hadirn Sadayana,

Tos rada lami padungdengan perkara hengkerna kareueus nonoman Sunda kana basa jeung
budayana the. Malah kantos diadurenyomkeun dina Kongres Internasional Budaya Sunda sareng
dina Kongres Basa Sunda.
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………

Kitu emutan simkuring perkawis ngaronjatkeun kareueus nonoman Sunda kana basa jeung
budayana the. Cindekna, upami nonoman tos reueus kana basa jeung budayana, baris
ngajanggelek jadi manusa anu cageur, bageur, bener, pinter bari teu kabalinger, tur singer.

3). Panutup, pamungkas biantara anu eusina minangka kacindekan jeung saran-
saran.Satuluyna dipungkas ku salam panutup.

Contona :

Hadirin Sadayana,

Pamungkas, moal seueur anu dicatur, mung sakieu anu tiasa kapihatur, neda jembar hapuntenna
tina sadaya kalepatan. Da karaos masih keneh hengker dina tatabasa tur merenahkeun undak
usuk basana.

Wassalamualaikum Wr Wb.
Hurip Sunda

Bahasa Sunda kelas IX Page 2


2. MIWANOH TATAKRAMA BASA DINA BIANTARA

Dina biantara the kudu digunakeun basa lemes (hormat), boh keur diri sorangan boh
keur pamiarsa. Basa lemes the kaasup kana salahiji wangun tatakrama basa atawa undak-
usuk basa. Tatakrama basa mangrupa aturan sopan santun make basa Sunda anu disaluyuan
ku warga masarakat, gunana pikeun silih hormat jeung silihajenan. Lamun urang nyarita teu
make tatakrama basa hartina henteu sopan.Tatakrama basa Sunda mangrupa hiji system
ngagunakeun variasi basa Sunda anu aya patalina jeung kakawasaan, kalungguhan,
kaakraban, sarta patalina antara tatakrama basa Sunda ngawengku dua rupa, nyaeta : (1) basa
kasar (loma, cohag, teu hormat) jeung (2) basa lemes (hormat).

Basa Kasar (Loma)

Basa kasar atawa loma nyaeta ragam basa anu ummumna dipake dina situasi biasa
atawa digunakeun ka babaturan nu geus loma. Koran, majalah, biantara umum, sawala,
biasana sok make basa loma campur basa lemes. Basa kasar sok disebut oge basa loma, basa
cohag, atawa basa teu hormat.

Contona :

- Kuring rek balik heula, keun isukan dating deui.


- Sare mah bisa di babaturan atawa di lanceuk kuring

Dina kahirupan sapopoe sok kapanggih oge kecap-kecap anu kasar pisan, biasana
dipake dina situasi keur ambek, atawa dilarapkeun ka sato.

Contona :

- Ari teu daek mah montong nyanggupan atuh bareto the !


- Cungur maneh the, jor geura mantog ka gogobrog !

Basa Lemes (Hormat)

Basa lemes nyaeta ragam basa anu umumna dipake nyarita ka saluhureun atawa ka nu
tacan wawuh. Ekspresi ragam lemen (hormat) teh bisa katitenan wujudna dina wangun (1)
lisan, (2) pasemon, (3) rengkuh jeung peta, jeung (4) lentong.

Nilik ka nu makena, basa lemes bisa dibagi dua rupa :

a). Basa lemes keur ka sorangan, nyaeta ragam basa nu digunakaeun husus keur diri sorangan
atawa sasama waktu nyarita ka saluhureun atawa can wawuh.

Contona :

Bahasa Sunda kelas IX Page 3


- Abdi bade wangsul heula, wios enjing dongkap deui.
- Mondok mah tiasa di rerencangan atanapi di pun lanceuk.

b). Basa lemes keur ka batur nyaeta ragam basa anu digunakeun husus keur diri batur
saluhureun atawa can wawuh.
Contona :

- Saurna Bapa Camat teh bade sumpingna dinten ieu.


- Anjeunna teh duka bade teras kulem duka mulih deui.

Nepikeun biantara, aya sawatara nu kudu diperhatikeun, diantarana wae :


1. Kudu parigel muka biantara.
2. Eces atawa jelas nepikeun eusi biantara. Sora kudu ngoncrang tur bentes.
3. Ngentep seureuhna atawa sistimatikana nyarita. Eusi biantara kudu mundel.
4. Pasemon (mimik) kudu luyu jeung eusi biantara nu ditepikeun.
5. Parigel nutup biantara.

Conto Biantara :

Biantara Mingpin Rapat

Assalamu’alaikum Warrahmatullahi Wabaarokaatuh.

Bapa Pembina OSIS anu ku sim kuring dipihormat, Bapa/Ibu Guru anu ku sim
kuring dipihormat,
Saderek sadaya réngréngan pangurus OSIS anu ku sim kuring dipikacinta.
Langkung ti payun mangga urang sasarengan ngedalkeun puji sukur ka Allah Swt.
réhna urang tiasa riung mungpulung di ieu tempat kalayan séhat wal’afiat. Solawat
sinareng salam, mugi ngocor salalamina ka jungjunan urang sadaya, Nabi
Muhammad saw.
Hadirin anu sami linggih,
Salajengna sim kuring seja ngahaturkeun réwu nuhun laksa keti kabingahan ku
kasumpingan sadérék sadaya kana rapat OSIS dinten ieu.
Peryogi kauninga ku sadayana, pangna urang ngariung téh nyaéta badé
ngabadantenkeun perkawis rarancang kagiatan dina raraga miéling tepung taun
kemerdékaan Indonésia. Sok sanaos ari kana derna acara puncak mah masih kénéh
lami, nanging ari tatahar mah kedah ti ayeuna kénéh.
Hadirin anu sami linggih.
Acara miéling tepung taun kamerdékaan nagara urang téh saleresna parantos janten
agénda rutin di sakola urang. Unggal taun tangtos baé diayakeun rupi-rupi kagiatan

Bahasa Sunda kelas IX Page 4


kanggo ngareuah-reuah atanapi ngaramékeunana. Sapertos taun pengker, urang
ngayakeun balap karung, balap bakiak, neda kurupuk, ngagebug cai, nyandak kaléci
dina séndok nu digégél, dugi ka olahraga nu kalebet daria sapertos putsal sareng maén
poli ogé diayakeun. Sanaos teu dipaparin hadiah ogé geuning pamilon atanapi peserta
mah sakitu seueurna. Méh waé teu kalombakeun sadayana, da kasengker ku waktos
téa.
Ku kituna, dina ieu kempelan hayu urang badantenkeun sing asak, kagiatan naon baé
nu bakal dilaksanakeun dina miéling kamerdékaan taun ieu. Naha badé olagraga
wungkul atanapi ditambihan ku kasenian ongkoh. Upamina, dina olahraga, méh resep
kumaha upami guru-guru diajak ngiring janten pamilon, diabenkeun sareng siswa.
Jigana bakal nambihan ramé. Atuh bilih badé aya kasenian, tiasa waé dina
panungtungna dipungkas ku jaipongan, dance , atanapi karaoké lagu Sunda.
Panginten bakal resep, saparantosna capé ngiringan lomba, dihibur ku kasenian.
Tapi éta mah sakadar ideu, panginten nu pastina mah kin urang badantenkeun
langkung paos, méh sadayana sapuk sarta mupakat.
Hadirin anu sami linggih.
Rupina cekap sakieu baé pamapag ti sim kuring, hapunten bilih aya basa nu kirang
merenah kadanguna. Billahi taufik walhidayah, wasalamu’alaikum warrahmatullahi
wabarrakattuh.
Rupina cekap sakieu baé pamapag ti sim kuring, hapunten bilih aya basa nu kirang
merenah kadanguna.

Billahi taufik walhidayah, wasalamu’alaikum warrahmatullahi wabarrakattuh.

Bahasa Sunda kelas IX Page 5