Sie sind auf Seite 1von 2

BATIK KAWUNG

Batik Kawung nyaéta motif batik anu wangunna buleud siga kawung (buah tangkal
aren atawa ogé sok dianggap kolang-kaling/cangkaléng) anu disusun rapih sacara
géometris. Miboga harti husus, nyaéta ngabogaan opat titik anu ngawangun garis
ngalambangkeun duduluran, nyanghareupan hiji titik minangka ngalambangkeun
persatuan.

Batik kawung diciptakeun ku Sultan Agung Hanyokrokusumo ti Karajaan


Mataram(1593-1645). Anjeunna nyiptakeun motif batik ieu salaku hadiah pikeun
putrana nalika anjeunna turun tahta. Dina waktos éta, motif batik ieu ngan ukur
dianggo ku kulawarga karajaan hungkul.

Mimitina, motif ieu muncul dina ukiran témbok di sababaraha candi di Pulo Jawa,
salah sahijina di Prambanan. Patali jeung kecap suwung anu hartina kosong, motif
kawung téh ngalambangkeun kakosongan hawa nafsu jeung hasrat dunyawi,
sahingga ngahasilkeun pangendalian diri anu sampurna. Salian ti éta, motif batik
kawung ngalambangkeun kakuatan jeung kaadilan.

Dumasar kana ukuranana, batik kawung téh dibagi jadi opat rupa, nyaéta:

 Batik Picis

Batik Picis biasana ukuranana leuwih leutik batan batik séjénna. Kecap picis
sorangan hartina mata uang patut 10 sen atawa nganrujuk kana hal anu leutik.

 Batik Bribil

Batik Bribil mibanda motif buleud anu ukuranana leuwih badag batan batik
picis. Ngaran Bribil sorangan nuturkeun mata uang anu hargana satengah sen
dina kamus basa Jawa.

 Batik Sen

Batik sen miboga motif buleud, lonjong jeung ukuranana leuwih badag batan
batik Bribil. Sakumaha jeung ngaranna anu nunjukkeun, jenis batik ieu teh
pakaitan jeung bentuk duit hiji sen di jaman kolonial.
 Batik Kemplong

Batik ieu mibanda motif bunderan anu sarua jeung batik séjénna, tapi
ukuranana leuwih gedé.

Motif batik kawung ieu sering dianggo ku Semar minangka gambaran tokoh anu
wijaksana.

Sedengkeun pikeun anu dumasar kana rancangannana. Rancangan utama batik


Kawungna tetep aya, tapi parantos nampi modifikasi, nyaéta:

 Kawung Beton
 Kawung Cacah Gori
 Kawung Geger
 Kawung Kopi/Sari
 Kawung Sekar Ageng
 Kawung Semar

Aya oge dumasar kana kombinasi, motif batik Kawung masih kénéh lestari sarta
bisa ngahasilkeun rupa-rupa hiasan anu leuwih nyolok, nyaéta:

 Kawung Buntal
 Kawung Kembang
 Kawung Seling

disusun ku: Najwa Mustika NP XII MIA 2

Das könnte Ihnen auch gefallen