Sie sind auf Seite 1von 5

KATUNDUNG DUNUNGAN

Kacida ripuhna gawe poe tadimah, ti mimiti nyapuan kantor, ngelapan kaca, meresihan wc, nepi ka
nyieun laporan inventaris jeung kaluar asup barang nu teu puguh juntrungan nana di lakonan ku
sorangan, da heueuh mun di pikir-pikir deui mah ciga nu euweuh pagawe deui, meuni sagala ku
sorangan nya kitu tea ari gawe di sakola mah teu ciga gawe di pabrik atawa kantor swasta sagalana
puguh di itung kanu gajih, tapi sabanding disiplin jeung kinerja na oge diperhatiken, aya pangawasna
lamun teu baleg nya kitu tea we langsung dipecat.

Beda jeung di sakola aturan nu dipakena azas kekeluargaan anu lolobana make keputusan perasaan
lain aturan anu baku pikeun ngabentuk pagawena atawa ngadisiplinkeun pagawena, tapi ari keur nu
ngartimah ripuhan keneh aturan kekeluargaan leuwih kena kanu hate, mun rajen urang nyieun salah
hukuman nana oge langsung ku sosial, tah palebah dieu anu matak otak kuring teu narima naha di
sakola teu diterapkeun aturan anu pasti, anu mutlak nu tertulis jelas aya legalitasna.

Nya tangtuna beda deui jeung guru, da kuring mah gawe teh di tata usaha na nu mantuan ngurus
pagawean administrasi kepala sekolah, enya, baheula mah aya kepala na di tata usaha teh, saprak
turun aturan nu anyar kabijakan di sakola kabeh di tangkes ku kepala sekolah nu jadi salaku manajer.

Heueuh ningali guru mah aya ku ngeunah gawena teh, ges ka patok ku jam atawa jadwal ngajar, ari
ges beres ngajar mah laju balik we ges teu loba pikiran deui, tapi kitu oge aya guru nu boga tugas
tambahan, nu jadi wakil kapala sakola, pengelola lab, atawa jadi pembina kegiatan ekstrakurikuler,
tapi lolobana di jabat ku Pagawe Negeri enya PNS tea atawa ASN, jarang ari guru honor di bere tugas
tambahan jadi wakil kapala, pengelola lab, atawa pembina, ari teu boga kualifikasi atawa sertifikat
anu sesuai jeung nu ditugaskeun nana mah, nyaa.. lolobana mah jadi guru gacong we guru honor
mah, anu tiap taun bisa di pundah pindah atawa di gunta-ganti tugas ngajarna, heueuh da atuh geus
pada nyaho kabeh, kualifikasi pendidikan na pendidikan agama islam ari ngajar olahraga, atawa
ijasah na jurusan geografi ari tugas ngajar na Bahasa Sunda, tah eta mah geus biasa cigana teh di tiap
sakola.

Lamun gawe di tata usaha beda deui caritana, sok sanajan geus aya aturan asup atawa aturan nu
sejena oge lolobana mah nu diterapkeun kekeluargaan deui we, kulantaran cenah hese nyaluyukeun
jadwal sakola jeung jadwal ti dinas pamarentahan nana, nu matak di TU mah kapeung kapeungan
gawe na teh, sakapeung riweuh, sakapeung rineh, lain deui ari jeung pagawean anu geus matuh mah
ciga beberes kantor, meresihan rohangan kelas, meresihan solokan, meresihan taman, nyapuan
lapang, jeung ngumbahan wadah eta mah geus jadi pagawean rutin unggal poe anu ges di bagi
tugasna sewang-sewangan, ieu geura riwehna teh tempo di penta laporan ti dinas, boh masalah
keuangan, kurikulum, atawa sarana sok ngadaradak nu matak sakabeh pagawe nu aya di kantor mah
pasti rariweuh, sakapeung mah neupi ka pangkat caraka oge kudu miluan aub pikeun meresken
laporan.

Hiji mangsa sakola kuring di penta laporan ngeunaan sarana prasarana anu hubungan nana pikeun
meunang bantuan sarpras, dalah.. kitu prosedurna cenah, sa acan bantuan turun teh, sakola kudu
mere laporan jeung proposalna ari ceuk kapala sakola mah, ari bantuan nana mah rupa-rupa bisa
ngarehab, bisa mere barang atawa nga bangun rohangan anu acan di piboga ku sakola, tah sakabeh
laporan di sakola aya na di oprator sakola, anu matak sakapeung mah kuring oge kesel ka operator
sakola teh, dumeh boga data atawa nyeupeung data sakola antuk na manehna mah sok rada di
bedakeun dinu sagala rupana, ti mimiti di bere inventaris laptop, HP, neupikeun ka gajihna oge beda
sorangan, sok aya leuwihna wae ari ka operator sakola mah.

Ku kabeneran nana ti mimiti kuring asup gawe di sakola kuring ka pancen tugas jadi nu ngurus
sarpras atawa sarana prasana, atuh teu ka saha deui kepala sekolah nitah teh, pikeun nyiapkeun
laporan jeung proposal anu di penta ku dinas teh, ari kuring gawe teh acan lila karek oge aya meren
kanu opat bulanan mah, boro-boro apal naon nu kudu di siapkeun atawa di pigawe, antukna kuring
nanyakeun ka operator sakola, naon wae nu kudu di siapkeun, ari tembal na ti operator sakola beda
jeung nu diparentahken ku kapala sakola, singhoreng nu kudu di siapken teh laporan ngeunaan stok
opname barang anu geus di beli ku sakola, ti mimiti ATK neupikeun ka barang anu asup kanu aset
daerah atawa dinas, pijauheun kanu meunang bantuan mah. Jeung geus biasa diskaola mah ges
pasalia malasah info teh.

Sanggeus kuring apal naon wae nu kudu di pigawe, teu dililakeun deui kuring mawa buku catetan
jeung pulpen pikeun nga inventarisir atk jeung barang anu asup kanu aset daerah, ceuk oprator
sakola mah pagawean teh kudu beres isukan dan kabeneran dinas oge rek aya pamariksaan cenah.
Teu antaparah deui atuh sakabeh lomari nu dijadikeun tempat nyimpen atk ku kuring di
burudulkeun kabeh sangkan apal aya naon wae jeung ngarah bisa ka itung jumlah hiji-hijina eta
barang, sangges beres nga data barang atk, laju kuring maju deui gawe teh asup ka tiap rohangan
pikeun nga data barang anu asup kanu aset daerah atawa dinas.

Teu karasa waktu teh asa gancang ari dipake gawe mah ges nepi kanu jam balik wae, singketna carita
kuring geus meunang data naon wae nu ku kuring rek di laporkeun, laju kuring muru kanu komputer
pikeun ngasupkeun data anu ku kuring geus di tulis dina buku, teu kudu nungguan lila da sawareh
datana geus aya dina komputer, tapi nu jadi riwehna kuring, can apal format laporan nana kudu
kumaha, da geuning laporan teh kudu nyieun format kartu barang, jeung buku catetan kaluar asupna
barang, nu salila ieu ku sakola teh acan di jieun ges mang taun-taun da pedah can aya petugasna sa
acan kuring asup.

Ningali batur ges baralik, barudak sakola geus balubar, kuring masih ngadekul hareupeun komputer
pikeun ngasupken data laporan, kulantaran laporan nana kudu di bikeun isukan ka dinas, teu jadi
hariwang asal aya bekel ngaroko rek neupi ka jam sabaraha wae ieu laporan ku kuirng rek di
beresken ngarah isukan bisa langsung indit ka dinas, jeung teu sieun sok sanajan geus peuting oge da
aya nu tugas piket malam di sakola teh, nu matak teu keueung teuing. Sanggeus beak dua bungkus
roko, laporan kuring beres, ges sakabehna di siapkeun kuring oge tatahar meresan kantong pikeun
balik.

Wanci nu mejeuhna rebun-rebun ibun hape kuring geus disada, acan oge lengkah nepi ka cai rek
nyokot wudhu, atuh kapaksa kuring kudu balik ka kamar, da ti peuting keneh kuring kapohoan hape
teh di cas kaburu eleh ku tunduh, sanggeus kuring geus nyabut casan hp laju ku kuring ditingali saha
anu nelepon teh, singhoreng nu nelepon teh kapala sakola can oge eta hape neupi kanu ceuli kuring
sora pa kapala ges kadenge.. babarawakan ngomong ciga nu gogorowokan… netela ken ngingeutan
kuring yen besi poho kudu langsung indit mikeun laporan ka dinas, teu dibere awahan ker nembalan
pisan sangges manehna beres ngomong hape manehna langsung dipareman, lamun kurang-kurang
na mah teu sabar matak nyeri hate, untung teu dibeubeutken oge hape teh, da kaburu ingeut teu
boga ker meulina deui.

Ges kitumah kuring neruskeun deui we indit ka cai, beberesih, mantuan pamajikan beberes, atuh ges
beres itu ieu kuring laju sarapan bareung barudak jeung pamajikan, teu karasa jam teh ges muru
beurang deui, teu di lilakeun sanggeus beres sarapan mah langsung kuring muru kanu laporan
diberesan terus di asupkeun kanu kantong, ges sakabehna siap, motor ku kuring di panasan heula sa
acan di pake, maklum ari motor kolot mah mun can panas teh sok hese hurung jeung gancang paeh
ari di bere macet teh, ari ceuk bengkel mah langsamna ges beak, atuh piduiteun hungkul we eta teh.

Teu kungsi lila sabot kuring rek numpak kanu motor pa kepala ges nelepon deui, nanyakeun yen
kuring ges nepi dinas atawa acan, sakapeung mah keuheul dalah kumaha deui atuh di henteu-
heunteu oge dunungan nya ku kuring ditembalan we, “teu acan pa”.. da biasa na padamel dinas mah
sok sariang leubeutna”, pedah ditembalan kitu eta pa kepala jol nyarekan “montong sok saruana ari
didinya… tingalikeun yen urang the tepat kanu waktu jeung janji.. sok ayeuna mah geura indit”” kitu
tembal na teh nu matak seueul kanu angeun.. ku teu di tonjok oge, atuh teu dililakeun deui eta
motor ku kuring di gerungkeun we ngabeureungbeung.. di gas sapolna..laju indit ka dinas.
Heureut carita kuring geus neupi di dinas, da bener omongan teh pas di tingali ka jero kantorna can
aya sasaha, teu loba mikir kuring balik deui we kaluar neangan nu jualan kopi pedah tadi geus
sarapan teh can kaburu ngopi jeung udud, sanggeus manggih tukang kopi kuring terus niis di
handapeun tangkal badag nu aya di hareupeun dinas, aya ku nikmat ngopi hidueng jeung udud
keretek matak duriatan, komo deui lamun apal dina saku jeung dinu rekening duit aya keneh ker
beukeul barudak sakola, alam dunya teh asa nu kuring we sakabehna.

Ges rada lila kopi nyesa ampasna, atuh roko oge ges beak tilu batang, katambah mata ngereuleuk
tunduh, acan katingali keneh pagawe dinas nu asup ka kantor, ah.. meakeun panasaran kuring oge
asup deui we ka jero kantor, katingali karek aya dua urang meureun, ngawanikeun maneh we
nanyakeun da kuring oge teu apal kudu panggih jeung saha, rek nungguan neupi jam sabarha deui,
tadi oge sabot rek ngopi ges kanu jam sabelas, komo mun ku kuring di tungguan deui,kaburu nepi
kanu jam lapar, ku kabeneran salah saurang ningalieun kuring terus nanya.. “bade ka saha a?”, atuh
ku kuring di tembalan we “bade masihkeun laporan sarana..” tembal kuring bari ngaluarkeun
laporan ti jero kantong, “oh.. laporan sarana nya.. sok kadieu pak ngring ka abi..” tembalna teh, aya
ku nyambung geuning maksud teh, saterusna kuring nuturkeun manehna ngadekeutan meja nu
ayana di juru rohangan, “lebetan ieu data teras tawis weh ku akang.. saupami atos mah ka abi keun
deui we..”, ceuk manehna bari mere kertas salembar, kuring ungah ingeuh.. naon nu kudu di eusian,
sanggeus ku kuring di tingali eta kertas geuning eusina teh pernyataan yen sakola kuring siap narima
bantuan, teu di lilakeun deui eta kertas teh ku kuring di tanda tangan we, tong boro-boro nanyakeun
laporan nu geus di jieun nepi ka peuting di sakola, sanggeus kitu mah petugas nu di dinas oge nitah
kuring balik.., atuh kuring oge atoh we ari kitu mah teu mikir deui langsung balik kanan we.. balik ka
sakola deui.

Geuning kieu gawe di sakola mah nya, sagala pagawean eweuh nu serius ngurus ari ceuk kuring mah,
kabehan nana ibarat di nyepelekeun, nu ti sakola boh nu ti dinas saruana, atuh ti pihak sakola
khususna dunungan kuring teu nyaring informasi naon di parentahkeun ti dinas, ari ti dinas teu di
jentrekeun naon nu jadi parentahna, dua nana saruana, nu antuk na kuring salaku pagawe anu jadi
korban pikeun nandangan pamaksudan dunungan jeung ti dinas, euleuh naha beut jadi mikiran
kaditu kadieu jabaning ker nyupiran motor deuih, geus ah.. nu puguh mah kuring gawe sa ayana teu
kudu di aya-aya asal meunang gaji we nu tiap bulan, pikeun ngaresikoan budak pamajikan.

Das könnte Ihnen auch gefallen