Sie sind auf Seite 1von 7

INDUNG NGABOHONG

By: Kelompok 3

*BABAK 1

Dina taun 98, aya hiji kulawarga anu diwangun ku bapa, indung, aa, jeung adi na. Si aa teh
ngaranna Biru anu ayeuna nuju kuliah di kampus lokal urang, sareng adi na anu ngaranna
Asmara mah masih sakola di TK. Tapi, dina hiji poe dina taun 98, lumangsung karusuhan anu
ngabalukarkeun para siswa indit ka lapang.

Ema: “Ih aya-aya wae nya bangsa urang teh, pas kamerdekaan aya karusuhan deui,
pikasieuneun. Teu tiasa dibayangkeun kumaha eta huru-hara. Leuwih ti eta, loba mahasiswa
anu indit ka lapang. Aa tong mimiluan nu kitu nya, urang mah ngan bisa ngadoakeun sangkan
ieu bangsa bakal leuwih hade ka hareupna”

Biru: “Enya ma, aa mah da moal mimiluan nu kitu. Jeung aa ge nuju persiapan skripsi, moal
kaburu mimiluan nu kitu.”

Ema: “Heeh, sing bageur nya di kampus. Ema sareng bapa ngadoakeun aa supados bisa lulus
kalawan nilai pangalusna.”

Biru: “Aamiin, hatur nuhun ma, abdi nuju ka kamar nya ma. Abdi hoyong diajar”

Ema: “Mangga, sok atuh”

Dikamar, Biru teh lain diajar tapi malah nelpon baturanana anu bade miluan kagiatan demo
eta. Samemehna, baturna teh geus ngajak si Biru bade milu demo eta. Tapi si Biru teh mikir-
mikir deui. Jeung ayeuna teh si Biru nelpon baturanana bade milu kagiatan demo eta, alias
jadi aktivis.

Si Biru teh boga kabogohan, ngaranna Anjani. Anjani teh mahasiswa oge sami jeung si Biru.
Anjani oge milu kagiatan demo na samemeh si Biru mulai milu demo eta .

Sababaraha poe ti harita, Biru menta izin ka indungna bade ka kampus jeung Anjani. Sanajan
manehna mah hoyong milu dina kagiatan demo sareng Anjani.

Biru: “Ma, isukan Biru bade ka kampus saperti biasana. Tapi ieu mah abdi angkat babarengan
sareng Anjani”

Ema: “Enya ru, ati-ati dijalan nya. Awas kamu mimiluan demo eta sareng Anjani”

Biru: “Aman bu, Biru sareng Anjani moal mimiluan demo eta”
Ema: “Yaudah atuh, ati-ati dijalan nya ru”

Biru: “Muhun bu”

Isukanana Biru jeung Anjani teh indit bareng ka tempat demo eta teh. Ditempat demo teh
Biru jeung Anjani teh papanggih jeung babaturanana. Demo teh meni rame pisan, lain
kampus si Biru oge nu milu demo teh. Kampus lain oge milu demo eta.

Tapi, makin lila, demo eta teh beuki rusuh ti awalna

Biru: “Eh eh kunaon ieu malah beuki rusuh?”

Anjani: “Enya ih, kamari mah teu rusuh kieu”

Biru: “Jadi, ieu teh kudu kumaha atuh?”

Anjani: “Maju terus nepi ka hareup ru”

Biru: “Hayu, kita ka hareup”

Anjani: “Engke heula, barang abdi aya nu ragrag. Duluan we, nanti abdi nyusul kaditu”

Anjani ninggalkeun si Biru bade nyari barang anu ragrag tea. Biru oge terus maju nepi ka
hareup. Tapi, sanggeus si Anjani nyerah nyari barang nu ragrag tea, Anjani nyamperkeun ka
hareupeun walau di tengah-tengah karusuhan.

Anjani: “Eh si Biru teu aya euy, dimana nya? Aduh meni nyesel abdi ninggalkeun manehna
sorangan”

Anjani teu panggih si Biru di tempat demo eta, sanajan manehna geus nanyakeun si biru ka
babaturan ti kampus na.

Anjani: “Aduh, kumaha ieu? Lamun indung na nanya ka abdi kumaha? Abdi kudu jawab
naon?”

Anjani: “Aduh Biruuu, ai kamu teh dimana? Balik atuh kadieu, engke ema nanyakeun abdi
kudu jawab naon?”

Hari teh geus makin sore, Anjani ncan kapanggih si Biru aya dimana. Anjani teh ahirna balik
ka imahna jeung ngaharapkeun semoga si Biru teh teu kamana-mana jeung henteu maot di
tengah jalan.
Anjani: “Aduh kumaha nya? Abdi sieun ka indungna si Biru, abdi kudu jawab naon?
Mungkin abdi bisa ngajawab si Biru nuju diajar di kampus sareng babaturanana hari bieu.
Tapi kumaha nya ka depan na?”

Anjani: “Coba lamun abdi henteu nyari batang nu ragrag tea, mungkin abdi jeung si Biru
geus balik bareng ka imah”

Di jalan Anjani teh kapanggih ku indungna Biru sareng Asmara, adi na Biru.

Ema: “Eh Anjani, tumben euy balikna jam sakieu?”

Anjani :”E-eh, muhun bu. Abdi nuju ngerjakeun tugas tambahan ti dosen na”

Ema: “Oh kitu nya, semangat terus nya. Sing lulus kalawan nilai pangalusna”

Anjani: “Muhun bu, Hatur nuhun atas doa na”

Asmara: “Teh, Aa Biru kamana? Tadi teh lainna angkat bareng jeung teteh?”

Ema: “Oh iya, Biru teh kamana ni? Kunaon teu balik bareng?”

Anjani: “O-O-Oh B-Biru tadi teh..... nuju....”

Ema: “Nuju naon? Bilang sama ibu didieu Anjani”

Anjani: “Ohhh nuju ngerjakeun tugas kuliah sareng baturna, bu”

Ema: “Ohhh Alhamdulillah atuh, yaudah ibu duluan nya Anjani. Karunya Asmara ncan
tuang.”

Anjani:”Muhun bu, ati-ati dijalan nya.”

Ema: “Enya, duluan yaa”

Asmara: “Dadah tetehhh”

Anjani: “Dadahhh”

Anjani teh nyampe ka imah na henteu sareng Biru, tapi sareng ke kuatiran jeung rasa panik.
Lantaran nyesel geus ninggalkeun si Biru di tempat demo tadi. Ayeuna Anjani teh bingung
kudu nyari si Biru kamana deui.

Anjani: “Biru maapkeun urang nya, geus ninggalkeun maneh di tempat demo tadi. Tapi
ayeuna balik atuhhh, karunya indung maneh nyarikeun.”
Anjani: “Lamun si Biru beneran balik isukan, urang bade menta maap ka si Biru.”

Tapi, isukan jeung saterasna Biru teh teu balik-balik ka imahna, indung na Biru teh kuatir
kunaon budakna teu balik-balik. Indungna nepi ka nyamperkeun imah si Anjani.

Ema: “Assalamualaikum, Anjani”

Ema: “Assalamualaikum”

Anjani: “waalaikumsalam bu, muhun asup heula ka dalem”

Ema: “Hatur nuhun Anjani”

Anjani: “Silahkan diuk bu, aya naon ibu bade ka imah Anjani?”

Ema: “Ieu Anjani, si Biru teh teu balik-balik ka imah ti unggal poe kamari. Ai dia teh kamana
nya? Sieun mimiluan demo eta, ceunah nu milu demo eta teh aya nu leungit jeung teu balik
deui”

Anjani: “Bu, sabenerna Anjani bade jujur tapi tong marah heula nya bu”

Ema: “Bade jujur naon Anjani?”

Anjani “Anjani menta maap nya bu, hampura keun Anjani. Sabenerna si Biru teh mimiluan
demo eta sareng abdi jeung babaturan anu lain na. Samemehna, si Biru teh geus diajak ku
baturanana bade milu demo eta. Hampura keun Anjani nya buuu”

Ema: “Astagfirullah Anjaniii, kunaon si Biru teh tiasa milu demo eta? Terus, ai kamu teh
geus milu demo eta teh ti kapan?”

Anjani: “Abdi teh geus milu demo eta ti awal aya karusuhan ieu bu. Jeung babaturanana geus
ngajak si Biru bade milu demo eta tapi awalna si biru teh teu hoyong bu. Kamari si Biru teh
hoyong milu teh ku sabab geus nyaho aya abdi di demo eta teh, jadi na abdi sareng Biru
sasarengan di demo eta ”

Ema: “Teras, kunaon si Biru teh leungit kitu wae. Teu balik ka imah sababaraha poe. Jawab
sia teh!”

Anjani: “Abdi teu ngahaja ninggalkeun si Biru di tengah-tengah karusuhan. Barang abdi aya
nu ragrag abdi nyarikeun barang nu ragrag tea. Jeung abdi geus ngabejakeun ka si Biru bade
maju heula ka hareup nanti abdi nyusul. Sakali deui hampura nya buuu, saharusna abdi teu
nyarikeun barang abdi nu ragrag tea. Anjani salah buuuu, hampura nya buuu”

Ema: “Bener-bener kecewa abdi teh ka maneh Anjani! Kumaha lamun geus kieu teh ah? Biru
teh budak anu bageur jeung nyaah ka adina. Ayeuna kumaha abdi ngajelaskeun ka Asmara
lamun aa na keur leungit kieu?”
Anjani: “Hampura nya buuu, abdi teu ngahaja ninggalkeun si Biru.Abdi teu aya niatan bade
ninggalkeun si Biru buu. Hampuraa buuuu”

Indung na si Biru teh ceurik pas nyaho si Biru teh leungit ku sabab mimiluan demo eta.
Indung na si Biru teh pamit ka Anjani jeung balik ka imahna bari ceurik tea.

Asmara: “Emaaaa, abis ti mana? Kunaon ceurik?”

Ema: “Ti luar ra, ema teu nanaon”

Asmara: “Boong, pasti ema ceurik bari nyari aa Biru nya? Ema pasti kangen ka aa Biru”

Ema: “Enya ra, ema teh kangen ka aa Biru. Kapan nya aa teh uih ka imah?”

Asmara: “Emangna, si aa kamana mah? Abdi kangen ka aa Biru lamun uih ka imah teh bari
senyum. Manis senyum na teh”

Ema: “Sigana mah masih kuliah ra, kan aa teh bade lulus engke. Kita mah doakeun we
semoga si aa bisa lulus kalawan nilai pangalusna nya”

Asmara: “Enya mah, abdi doakeun si aa, meh lulus jeung uih ka imah deui”

Indung sareng adina si Biru (Asmara) teh pepelukan bari ceurik, lantaran kangen ku hadirna
si Biru teh. Tapi indung na teh ngarasa dosa lantaran geus boong ka Asmara lamun si Biru teh
nuju kuliah, padahal aslina mah leungit teuing kamana.

Anjani anu jadi kabogohna si Biru oge jadi ngarasa bersalah salepas kajadian eta. Anjani teh
kapikiran, andai we manehna henteu nyari barang nu ragrag tea, pasti si Biru moal leungit
teuing kamana nepi ka ayeuna.

*BABAK

Sababaraha poe ti harita, indungna si Biru teh ningali aya mahasiswi anu liwat di hareupeun
imahna. Eta mahasiswi teh meuni kucel sareng almet na teh bari kotor tea. Eta mahasiswi ge
saperti ngarasa di kejar-kejar ku jalma rea bari babawa tas. Indungna teh nanya ka mahasiswa
eta.

Ema: “Neng, ti mana? Meni kucel jeung kotor kitu. Bade kamana atuh neng? Hayu ka imah
ibu”

Mahasiswi: “EHH EHH, TONG NANAON KEUN ABDI!”

Ema: “Ehh henteu, moal di nanaonkeun ku abdi. Hayu asup heula meh aman”

Mahasiswi: “Muhun bu”


Indungna si Biru teh ngajak asup eta mahasiswi teh. Indungna nyiapkeun cai putih jeung
kadaharan anu aya di meja dapur. Teras indungna teh ngajak ngobrol mahasiswi eta jeung
nanya keun manehna asal ti mana.

Ema: “Sok atuh di nikmatin heula, tenang we didieu mah aman”

Mahasiswi: “Hatur nuhun nya bu, abdi ngarasa aman didieu”

Ema: “Enya sama-sama neng, oh nya ai kamu teh lainna dari kampus C nya?”

Mahasiswi: “Muhun bu, abdi teh ti kampus eta anu kamari teh mimiluan demo”

Ema: “Ohhhh hiji kampus nya sareng anak ibu? Anak ibu kuliah di kampus eta oge. Tapi ti
kamari teh anak ibu leungit teuing kamana. Ku sabab mimiluan demo eta oge”

Mahasiswi: “Ohhh anak ibu teh milu demo eta oge?”

Ema: “Enya neng, geus lila anak ibu teh leungit pasca milu demo eta. Tapi kok neng baru
balik ayeuna? Emang kamari-kamari teh kamana wae?”

Mahasiswi: “Kumaha nya bu, susah abdi mere nyaho na. Abdi ge trauma lantaran abdi ge
korban anu diculik ku tentara nu aya di dinya. Tapi abdi dimulangkeun sareng tentara na”

Ema: “Kunaon bisa diculik neng? Teras kumaha anu lainna?”

Mahasiswi: “Bu hampura nya lamun ieu teh bikin ceurik ibu. Abdi hampura pisannn.
Sabenerna nu diculik teh aya nu diamankeun aya oge anu di siksa jeung dibunuh ku tentara
na. Malah aya hiji anu dipiceun hirup-hirup ka laut”

Ema: “Astagfirullah, teras kumaha eta teh? Nu diamankeun saha wae nengg aduhh”

Mahasiswi: “Maap bu, tapi abdi teu nyaho saha wae anu diamankeun jeung saha wae anu
disiksa. Tapi sapertina abdi nyaho ciri-ciri jalma anu dibuang ka laut teh.”

Ema: “KUMAHA NENG? KUMAHA CIRI-CIRINA?”

Mahasiswi: “Lamun ceuk batur abdi mah bu... ciri-cirina make almet nu sama tapi aya
ngarana di almet na teh. Ngaranna teh Biru.”

Ema: “NENG!! NU BENER NENG? NENG, ETA TEH NGARAN ANAK IBUUU”

Mahasiswi: “Hampura nya buu, abdi ngasih tau ieuu ka ibuuu, abdi teh teu nyaho lamun eta
nu dipiceun ka laut teh anak ibuuu. Hampura nya buuu, abdi teu aya maksut ngabuat ibu teh
ceurikk”

Ema: “Ya Allah biruuu, anak nu dipikanyaah ku ema sareng Asmara. Ayeuna maot di piceun
di lauttt. Ternyata selama ieu teh ai kamu lain kamana-mana tapi geus maot di laut. Ema geus
ceurik jeung kecewa ka si Anjani, padahal Anjani oge kapikiran kamu teh kamana selama
leungit tehh”

Mahasiswi: “Sakali deui abdi hampura se gede-gedena lantaran geus mere nyaho ibu soal ieu.
Sing sabar nya buuu. Doa keun supados anak ibu teh aya di sisi Allah SWT.”

Ema: “Enya neng, hatur nuhun geus mere nyaho nya. Ayeuna kamu teh kudu balik. Karunya
kolot geus nyarikeun jeung kuatir ka neng.”

Mahasiswi: “Muhun bu, hatur nuhun ibu geus nyiapkeun ieu ka neng, sing sabar nya buu
sakali deui. Neng uih heula ka imah neng nya. Lamun aya nanaon ibu tiasa sumping ka imah
abdi.”

Ema: “Enya, sama-sama neng. Ati-ati dijalan nya neng.”

Mahasiswi: “Muhun bu. Assalamualaikum”

Ema: “Waalaikumsalam”

Mahasiswi eta teh balik ka imahna, jeung indungna si Biru oge langsung asup ka imahna deui
bari ceurik. Lain mikiran si Biru deui, tapi mikiran kumaha cara jawab pananyaan Asmara
lamun nanyakeun Aa na alias si Biru.

Sababaraha poe ti harita ge. Indungna Biru masih ngabohong ka Asmara perihal dimana aa na
ayeuna teh, indungnya si Biru masih ngajawab “aa masih kuliah ra, kita tetep doakeun nya.”

Das könnte Ihnen auch gefallen