Sie sind auf Seite 1von 94

Antologi

Carpon Jeung Sajak

Nendeun
Katineung
Satungtung Waktu

Muhamad Budi Wahyu


Antologi Carpon Jeung Sajak
Nendeun Katineung
Satungtung Waktu

ISBN : 978-602-5434-32-7
Cetakan kahiji, Desember 2017

Tata Letak Eusi // Ken Rianto


Desain Cover // Boedy Why
Ilustrasi // picjumbo.com
Naluktik Akhir // Doddi Ahmad Fauji

Diterbitkan Ku :

Jalan Peta – Jalan Sukamulya


Kp. Sukamulya Dalam II No. 21
Rt.06/09 Kel. Sukaasih, Kec. Bojongloa Kaler
Bandung 40233
Situseni.net@gmail.com // www.situseni.com
Saucap Salam
Syukuran mutlak ka Gusti nu maha suci, anu
atos maparin ka nikmatan ka simkuring sareng
kulawarga, citresna ieu buku Antologi Carpon jeung
Sajak Nendeun Katineung satungtung waktu, tiasa
rengse. Buku anu lebetna ngenaan pangalaman pribadi
sareng carita rerencangan pikeun janten hiburan kangge
urang sadayana.
Teu aya lian nu sanes simkuring gaduh niat,
pikeun ngarojong kana budaya nyalira sareng budaya
balarea rehna pikeun menyatkeun program pamarentah
ngeunaan budaya maca sareng nulis.
Ku kituna abdi teu hilap ngahaturkeun buhun
ka tuang raka; Kang Asep Dedi Sutedi (alm), Kang
Drajat, M.Pd., Kang Hadi Pramudia, Kang Doddi
Ahmad Fauji salaku pimpinan di SKB (sekolah
Kewajaran Bersikap).
anu tos maparin pangaweruh ka simkuring dina
widang Jurnalistik dugi ka simkuring tiasa
ngarengsekeun ieu buku.
Pamungkas, mugia sadayana dulur simkuring
tiasa ngamaklum sareng ngahapunten kanu sadaya
kalepatan boh tina tutur basa penulisan dugi ka tingkah
polah simkuring dinu kanyataan.

2
Daftar Eusi

Saucap Salam
Daftar Eusi

#1 Beas
#2 Haseup
#3 Ka Turug Ka Tutug
#4 SMS Nyasab
#5 Jeujeur
#6 Lauk Cupang
#7 Ngalanglang
#8 Lotek Pipaseaeun
#9 Neundeun Ka Tineung

Profil

3
4
Ka Hiji
BEAS

Wegah rek mulang oge, da tadi isuk-isuk


pamajikan ngaomat-omatan balikna kudu mawa
beas padaringan garing pisan, teu nyesa beas
sasiki-siki acan, mangkaning apan barudak teh
kudu barang dahar lain barudak bae ketang kaasup
kuring jeung pamajikan oge perlu dahar.
Wanci ges nyedek ka sarepna, hujan
ngagebret siga nu moal raat, pamohalan ketang
hujan mah pasti aya raatna sakumaha ngegebret
oge pasti banjir deui. Eunya di wewengkon
padumukan kuring mah justru hiji hal anu aneh
lamun teu banjir teh, lain teu melang kanu di imah
tapi apan hujan sakieu ngagebretna. Kuring
ngiuhan di hareupeun toko anu kakara bieu ges
tutup. Hujan kalakah beuki ngagebret tapi lain ku

5
hujan-hujan teuing anu ngalantarankeun kuring
wegah balik mah, taya deui pasualan nana sieun
kalah dinanaha pedah teu mawa beas, ret kana roda
anu bari molongpong keneh, tacan kungsi ka
eusian rongsokan anu bisa di duitkeun.
Ker anteung neteup roda reg, aya mobil
kijang eureun siga weuteuh keneh pisan mobil teh.
Blak, panto di buka, dua panumpangna turun
kalayan nyamperkeun kuring bari nengetan roda.
“roda saha ieu teh?” tanya anu rada
bedegul,
“anu abdi .. pa,” tembal teh
“kabeneran euy....
pokna deui bari ka babaturana anu rancung
buukna.
“mang? Daek ngangkutan beas ti gang
sanud?, engke langsung taekeun kanu
mobil”
pok na bari mencrong ka kuring.
“mangga...” tembal kuring bari atoh.
“sabaraha..?” Tanya anu buukna rancung

6
“mangga teu langkung bae...” tembal
kuring
“eunya ari kitumah gampil, pokona bakal
diburuhan saratus rebu, hayu gancang
tuturkeun,”
kitu cek anu rada bedegul bari ngalengkah muru ka
lebah gang Sanud, ari anu buukna rancung mah
asup duei kanu mobil. Kuring nuturkeun anu rada
bedegul tea, bras kahareupeun gudang kasampak
aya tujuh karung beas anu di tunda di luar ka
hujanan.

“tah.. ieu yeuh! Sok kunjalan, di dagoan ku


kuring na mobil”
kituna teh bari ningkaeun kuring semu rurusuhan
kaluar tina gang.
Kuring gusat gesut naekeun karung beas,
regenyang regenyang kana roda tuluy di gusur
kaluar gang sarta ditaekeun kana mobil, balik deui
ka jero gang regenyang nakeun deui tuluy di gusur
deui, kitu jeung kitu we bari hate mah norocewo,
eunya asa kutolowedo pisan barang tenden teh,

7
lebar temenan eta beas dihujankeun kabaseuhan,
dasar jalma beunghar.
Ges aya kana tilu balikan kuring
ngareureuhkeun heula ka cape bari nyusutan
kesang anu pacampur rancucutna cihujan,
harianeun pisan mani teu mere cai-cai acan, abong
kena rek mere duit saratus rewu, untung we rasa
hanaang teh bisa sirna kucara nyerotan cihujan,
ah.. kajeun teung lain cai mineral oge da sarua
keneh cai, komo cihujan mah langsung turun ti
langit saumur nyunyuhun hulu oge tacan kungsi
nyeri beuteung alatan nginum cai hujan.
Kuring cengkat deui ngalengkah ka lebah karung
beas hayang gera-gera beres ngarah buru-buru
meunang duit, kabayang bakal ocrakna pamajikan
dibere duit saratus rebu, sanajan teu mawa beas
oge ari mawa duit saratus rebu mah tangtu bakal
leuwih tibungaheun hutang ka warung bi Inah
tangtu bakal ngurangan, atuh si Ucrit oge isukan
bisa kabekelan ker mayar SPP sabulaneun, mun
atuh unggal poe aya nu nitah ngankut beas bari

8
muruhan saratus rebu komo lamun dua ratus rebu
mah, komo deui mun tilu ratus rebu mah.

Sabot keur nyusutan kesang teu kanyahoan


ti lebah mana jolna ngadadak ngabrul sababaraha
urang lalaki anu samakta ku pakarang sewang-
sewangan reuwas kabina bina da maranehna muru
ka lebah kuring, malah anu bajuna bulao mah
langsung hohoak.
“tong kabur siah, bisi ditilas” kituna teh
bari nyirintil ka lebah kuring, jebet! Neggeul kana
irung, cur.. getih tina irung.
“naon kalepatan abdi? Kuring muringis
bari nyepeungan irung
“tong loba ngabacot siah! Geus puguh
maneh teh maling beas! Rek mungkir? Abong nu
bogana ker eweuh siah!
“abdi mah dipiwarang..”
“dititah saha siah!”
“itu.. emh.. ngantosan di payuneun gang”
kuring nunjuk ka lebah jalan.

9
“hayu urang teang!” kituna teh bari
ngajewang leungeun kuring digusur ka lebah jalan,
bras ka sisi jalan suwung, mobil nu bieu teuing ka
mana ngabelesurna.

_ Rengse_

Rempan

Rasa boga mibanda manehna


Manehna nu masihan pasini
Teu keueung ku kaayaan
Nyumpon kanu kanyataan
Narima waragad jeung citresna
Kamelang ngeusian raga
Hariwang jadi ngayuga
Rempan hate ngaropea

10
11
Ka Dua
HASEUP

12
Geus nyerebung dei bae! Teu isuk — isuk,
heunteu beurang, gawena ngan ngadurukan runtah
nu aya di buruan manehna. Rek kitu oge pek bae!
da eukeurna mungguh hade ari kitu tea mah, matak
lalenang bararesih, euweuh runtah nu ambuyatak
pasolengkrah balas di acak hayam. Katembongna
raresik matak ngeunah katenjona.
Ngan ku edasna teh! Sok basajan sangeunahna teu
tumpa-tumpa, teu ieuh ngaragap angen sorangan
padu ngeunah sorangan keun bae batur.
Ngadurukan nu sagugudug teh, tara ieuh di
pakarangan sorangan, ieu mah sok ngadon di duruk
di haruepeun buruan imah kuring, atuh puguh bae,
haseup durukan teh asup kajero imah pisan matak
muleuk kaayaana.
leuheung mun carang-carang mah, sakali
dua kali, ieu mah meh ampir unggal poe. Keun lah
masalah popoean mah, barau haseup oge masing
bisa di tarekahan bari kesel-kesel oge. Nujadi
keueung jeung hariwang nya eta ngeunaan anak
kuring, nu karak umur tilu bulan ari unggal poe
teuing di puput mah, kuriak matak te-be-se.

13
heueuh! boroning orok, dalah kolot wae oge geus
ngarasa sesek eungapan teh. Ari kudu disebut
jalma bodo jeung teu boga atikan mah piraku
tatangga teh, estu manehna mah kasebut jalma
Pinter mana boga kadudukan di pagaweana oge.
Nilik tina kaayaan imah oge geus kajudi yen
manehna teh jalma ngarti, komo-komo bari jeung
nyantri, tara elat naglakonan ibadah solat meh
ampir tara kaliwat miang ka masigit nu teu jauh
antarana ti imah kuring jeung imah manehna. Ngan
eta atuh mungguh manusa sok aya kurangna, ari
paheuyeuk- heuyeuk jeung papada manusa mah,
manehna teh rada kurang. Mun tea mah, kabeneran
pa-adu hareupeun boh jeung kuring kitu oge jeung
nu lian, sigana teh cadu kudu nanya tiheula, ngan
cukup kumasem tambah heunteu teuing.
Balik deui kana masalah runtah,
singhoreng matak didurukan oge, manehna mah
embung jeung tara daek mayar iuran bulanan, bari
ngan saukur tilu rebu pikeun manehna mah
ngararugi.

14
Mang rupa-rupa tarekah geus di coba
sangkan manehna ngarti tur surti kana kaayaan.
Pager jeung tembok nu leustreung balas ku karerab
seuneu, dihaja ditulisan bewara, sangkan ulah
miceun jeung meuleum runtah didinya. Tulisan nu
ngajeblag istuning euweuh pangaruh, dianggap
papaes wungkul, hare-hare ilaharna jalma nu buta
hurup. Geus nyaho teu ditolih, eta urut durukan teh
dipelakan tangkal buah, ngahaja meunang meuli.
Kaayaana teu rubah angger bebeuleuman didinya,
malah-malah tangkal buah nu jadi suluh. Antugna
mah matak bosen sorangan ngamasa bodokeun,
haloream ku piomongen komo bari jeung tatangga
deukeut.
Harita teh pas poe Ahad, kabeh dulur
kumpul aya diimah. Sabot keur balakecrakan,
ngararasakeun nikmatna dahar jeung sambel
dadakan di tambah peuda bereum, bari dibarung ku
bauna haseup durukan nu titadi mula ngelun lir
lokomotif. Kusabab nikmat jeung cape hate, kuring
geus embung mikiran deui masalah haseup.

15
Dadak-dadakan di imah tatangga bet asa geruå
jeung kadenge berudakna caleurik patembalan, bari
bapa-bapaan. Ceuk jero pikir, hade goreng oge
tatangga, bakating ku panasaran hayang nyaho
kana kajadian, geuntak kuring nyampeurkeun moro
ka imahnna. Katembong na korsi panjang ditepas
imah, kasampak kang Rusli keur digulung ku anak
pamajikan nu seudeung careurik. Pok bae ceu
tarsih cumarita hariwes-weus bangun nu reuwas.

"leuh jang ifin! tulungan si Akang,


kudu kumaha atuh…? Sukuna kacugak
paku mani parat pisan Pang nyabutkeun.",

Ceuk omong bi Tarsih bari Tulungan Ujang!


rawah-riwih.
“cing, urang cabut!. Euleuuuh
ennya bae Cing ibi siapkeun bae. Cai
haneut jeung Obat bereum ameh teu
titanus”,

16
Ceuk kecap kuring waktu harita, ngajurungken.
Geus dipirosea sakumaha ilaharna, kusabab siuen
kumaha onam Kang Rusli teh dibawa ka rumah
sakit.
Dasar kudu kitu kajadiana, manehna keur
ngurah - ngoreh durukan, kusabab angin nebak ti
kidul atuh orokaya haseup teh malik ka
beungeutna, dikulantarankeun peurih jeung teu
ninggali manehna mundur, seudeung
disatukangeun aya kaso- kaso nu ranceb ku paku
nu dihaja disimpen kumanehna. Teu antaparah
deui sukuna ngagabres pisan kana paku.
Tisaprak kajadian kitu, Mega katembong
nyacas teu angkeub kalimpudan ku haseup.

_ Rengse_

Guligah

17
Guligah hate nu tunggaara

citresna hate anu raheut

bongan ngumbar boga rasa

antukna raga nu ka sambat

18
Ka Tilu

19
KATURUG
KATUTUG

Mungguhing sifat jalma, taya ieuh nu


sampurna sok rajeun beunang ko owah gingsir,
komo mun geus kalimpad ku dunya.

Saperti nu ka alaman ku kuring cikeneh.


Rek meunang rijki oge kuat ka teu jadi, kulantaran
sikep adigung na manusa. Heueuh, mendingan
keneh ngadenge budak ngadat batan kudu nempo
bebengeutan pantar kuring, jajauheun daek
silaturahmi, nanya-nanya atuh, sono geus lawas teu
panggih, komo ieu ges lain jeung jiga, pan puguh,
manehna teh kungsi pernah aya dina kahirupan
kuring, kungsi ngaheuyeuk rumah tangga bari ngan
saumur jagong oge.

Basa tadi budak na teh hayangeun gulali,


waktu harita bapana nanya harga gulali sabaraha-
sabarahana, karek oge rek diladangan tijauh keneh
manehna tumorojong nyampeurkeun teuing pedah

20
era ningali kuring pedah pantar tukang gulali
teuing pedah liana, ngadadak manehna nyaram
meuli bari ngahiap salakina. Puguh oge kuring teu
apal tadina mah ngan samantasna ditilik-tilik, nya
karek surti pantes atuh rek kitu oge padahal ceuk
pikir asa euweuh ka gorengan pisah jeung
manehna teh, biasa tumarima sadar kana papasten.
Sajero ning nagog teh hate bet asa teu pararuguh
keuheul jeung bungah pagalo ngajadi hiji.

Barudak nu sakarola geus barudalan sarua


harita kuring oge indit tidinya rek ngadon ngider
nawarkeun dagangan, langit nu tadina ceudeum teh
bedah nyakalikeun ngadadak hujan ngageubret
harita kuring neangan ker ngiuhan teu pati anggang
di hareup imah sogrong di pos satpam na kuring
ngiuhan asal tong jibrug teuing.

Sabot ker ngahuleung bari ngararsakeun ka


tiris ka tembong aya nu bijil manehna kaluar
nyampeurkeun moro kuring.

“hei kang..! naon maksud ilaing


tumorojong kadieu?, ilaing rek ngadon

21
ngahelaran pamajikan kuirng!, cing atuh
kudu ngaragap diri euy, lain babad sia
teh.!”

Omongan nana kadenge garihal teu


kanyahoan leungeunan nampiling atuh kuring nu
sedeng bingung tur reuwas teu bisa kukumaha
ngudupruk nindihan tanggungan.

“dengekeun deuleu!, kuring nyaho ti


pamajikan kuring.., ilaing teh popotongan
pamajikan kuring, ilaing perlu apal matak
ninggalkeun sia teh, manehna geus teu
kuat ku balangsakna sia..”

Cacap omonganana beledag manehna


najong leubah beuteung jeung beungeut , cor
geutih ngucur tina irung jeung sungut, teu puguh
rasakeuneun nana. Bari nahan kanyeuri jeung lieur,
kuring maksakeun nangtung muntang kana tihang
listrik sanajan hese kuring cumarita,

“hampura sa acana, maksud kuring mah


ngan sa ukur ngiuhan lain rek ngahelaran,

22
bari na oge teu ieuh apal yen ieu teh imah
anjeun”

Tempas kuring bari nyusutan geutih nu


terus ngocor tina irung ku tungtung baju.

“alah siah... alesan sia mah....”

leungeuna teu kebat ngageubug kaburu di


carepeungan ku sasabaraha jalma nu kabeneran aya
didinya, kuring waktu harita langsung digiringkeun
ka kantor RW pikeun di penta katerangan anu sa
eunyana.

Katembong popotongan aya ditempat eta


bari ngais budak panona katembong cadrinakdak
bari cumarita ngajeulaskeun sabab musababna,
memang manehna balaka ngeunaan kuring jeung
manehna, tapi teu ieuh nitah nandasa, nitah ngusir
so teh teu kuat ningalina asa ka gagas watir ku
kaayaan kuring waktu ayeuna.

_ Rengse_

23
RASA
Rugi manusa dina awakna

Bongan hate nu ngumbara

Teu kapegatan akal jeung pikiran

Ngagugu batin nu kasiksa

24
Ka Opat
SMS Nyasab

Sabot ker ngeunah mandi, HP kuring


kadenge disada kusabab sieun sms ti si kurdi nu
ges pasini tadi, najan awak loba keneh busa sabun
oge, buru-buru kuring moro HP tuluy di ilikan
saha saha na nu nga sms, sihoreng nu nyasab deui

25
wae, harita ku kuring teu di bales, sol sieun kawas
nu eunggeus-eunggeus, tiheula oge aya nu
nyasab pangangguran tuluy ku kuring dibalesan
“maaf! sms anda salah lebet”

kitu unina eta balesan kuring waktu


harita, teu pati lila antarana si anu teh ngabales
deui
“maaf lagi…. Anda awewe, atawa lalaki?

“kuring mah awewe, ngaran kuring Neli,
salam kenalnya!”
ceuk sms na, mireungeu nu ngabales teh awewe,
teu burung kuring sumangeut pikeun ngabales
deui,
“salam kenal deui!... name abdi Dayat!,…
Nel, ari bumi dimana? Masih single
atanapi tos doble? “

ceuk sms kuring ka manehna, teu lila manehna


ngabalesan deui,

26
“abdi mah masih single!.. naha bade nga
doble jeung abdi?”

eta sms na ku kuring dibaca, bet asa kabeneran


ker mah can boga kabogoh, aya nu mere lampu
hejo, atuh hate teh bungah kabina bina.
Ti harita kuring nembak manehna,
ngaliwatan sms sagalana istuning lancar, kungsi
sakali panggih najan pa anggang oge, singhoreng
nu ngaran Neli teh geulis kabina bina kuring teu
sempet pa adu hareupan kaburu naek angkot
jeung bapana.
Salila saminggu kuring sms an teh,
panasaran haying ngadenge sorana langsung, ari
rek dating ka sanggar lukisan, kahalangan ku
babaturan anu kabeneran sa sanggar jeung
manehna, salila ieu kuring teu balaka ngeunaan
hubungan kuring jeung si Neli ka babaturan teh,
meung peung boga pulsa kuring nelepon ka
manehna, geus nyambung mah tuluy kuring
nyarita,

27
“hello Nel!...”
karak ngomong kitu, di ditu aya nu ngajawab teu
paruguh basana jeung aneh kadengena kieu
omongan na teh,
“blauuw aaa Hauuu!... Blauuu!.. “

daripada bingung ngadenge na buru buru ku


kuirng dipareman harita keneh.
Kadieu dieukeun kuring karek apal ti
babaturan yen nu nganran Neli teh pego, tiharita
kuring teu sms an deui, putus jeung manehna, tah
kitu jujutan na matak kuring trauma teh.
Mantas ganti baju, sabot ngadadaku si
kurdi, jorojoy hate bet haying ngabalesan sms nu
nyasab tadi, boga piker sugan jeung sugan
jalmana nu ieumah jejeg, teu loba pikir deui
kuring nelpon ka nomer si anu tea, teu pati lila
telpon teh nyambung, bari kadenge
“Halo!...”,
karek nyebut halo hungkul geus ngabuktikeun
yen eta jalma teh boga sora bari awewe.

28
“tadi kamu lepat ngirim yah?”
ceuk kuring ngamimitian, manehna ngajawab
“iyah!..”
ngan cukup “iyah” oge geus ngarasa bungah,
tuluy kuring ngomong deui,
“bolehnya!.. kenalan?..”
manehna ngajawab, sorana jelas tur ngonclang,
“iyah!..”
najan singket oge teu nanaon nu penting mah
kuring sugema batre katempo geus rek beak,
lampu na reup bray, buru buru ngomong deui,
“sakieu dulu yah!... nanti sayah sms,
boleh henteu??”
ceuk kuring rusuh, da sieun kaburu pareum HPna,
harita manehna ngajawab singket,
“Ooh,, iyah… iyah!..”
les leungit sorana HP pareum. Hate asa bungah
geus yakin pasti manehna daekeun.
Pikeun ngirit pulsa, jeung supaya
manehna teu era rek balaka da geus kajudi ieu
awewe teh eraan, sigana mun ngaliwatan sms

29
mah leuwih laluasa ;ikeun manehna, ges ngetik
mah tuluy we eta sms teh dikirim,
“ari eneng gaduh nami saha?.. nami abdi
mah Dayat, tiasa henteu kenalan?”
teu lila ngadagoan maehna langsung ngajawab,
“kengeng!.. boleh juga ngeceng… nami
sayah mah Neneng!,.. ari bumi mah di
komplek mekar dada Jl.Gedebitis Blok K
no 44”
maca balesana nu siga kitu kumplit kayakinan
teh, beuki kandel, balesan nu ayeuna mah rek tu
deu poin bae,
“neng kengeng saya besok dongkap ka
rumah dengan rerencangan?”
teu pati lila manehna ngajawab sms kuring.
“boleh pisan di antosnya.. tong hilap
cacandakan..”
sms manehna di baca deui… yes..! yes..! bakating
ku bungah ampir ampiran hp ka jejek.
Kira-kira jam tujuh peuting, kuring jeung
si kurdi geus teupi dihareupeun imahna, geus

30
dititah asup mah ku nu boga imah gek kuirng
dariuk pa adu hareupan.
Ningali beungeut jeung awak pakulitan Neneng,
matak bias dibanggakeun hirup geus asa
sampurna, ah pokonamah moal rek narima deui
sms nyasab ku Neneng oge ges cukup.
Ti kamar torojol aya nu kaluar mantas
sarasalaman gek manehna oge milu diuk didinya
tuluy ngomong bedas pisan leungeuna pepeta.
“Neeng!.. Suuguuhaan Caaii atuuh tamuu
teeh!”
ngomong kitu teh kuat ka opat balikan, di selang
ku leungeuna nu papukis nyapertikeun, Neneng
karek cengkat, ninggalkeun eta tempat geus
Neneg indit karek eta kolot teh ngomong deui.
“punten nya cep… ari nyarios sareng
Neneng mah kedah Tarik bae!’’ maklum ti
yuswa tilu taun Neneng Bonge na teh”
ngadenge omongan indungna na nu sarupa kitu
ngadadak hate ngeleketey eweuh nafsu,
dipaksakeun oge da tulalit.

31
_ Rengse_

32
Waruga

Waruga
Cag raga didunya
Cul jasa nu ngaropea
Nasib ukur jadi carita
Pikeun amal nu katandasa

Waruga....
Naha anjeun nu kasiksa?

33
Ka Lima
JEUJEUR

34
Ti sore mula kang Sidik nga dadago ki
Darman di imah kuring, pajarkeun teh haloream
cenah ningali biwir si Surti pamajikan ki Darman
mun geus datang samutut lamun tumorojog ka
imahna mah. Mending did dieu moal matak
puyeng sirah.

Tadi pa beubeurang samantas ngurebkeun


ceu Minah nu maot ngagantung maneh di tanggal
Loa, maranehna badami yen rek ngabagi dua awi
urut ngukur kuburan pikeun di jieun jeujeur
numutkeun kolot baheula ceunah mun dipake
mancing sok bangenan. Mireungeu eta beja kang
Sidik hayang ngabuktikeun maneh na jeung Ki
Darman teu milu nyolatkeun, dua nana ngadon
kokotetengan neangan awi urut ngukur tea nu
dipake ku Si Dudung pikeun moro langlayangan,
beunang beunang soteh ti si Dudung pedah dihilian
ku kaleci marmer.

Bada magrib ki Darman karek norojol bari mawa


jeujeur nu can anggeus di kenuran.

35
“ari akang timana bae, di dadago ti tadi
matak nyeuri beuheung sosonggeteun janji
jam opat wayah kieu karek datang.”

Ceuk kang sodik langsung nyorocos nyeukseukan


ki Darman nu karek nolol na lawang panto.

“ti mana ti mana podol sia.. nya ti imah!


Geus puguh maneh nu salah mah kadon
ngadagoan didieu lain ka imah” tembal ki
Darman teu eleh hoak.

“matak kuring ngadagoan di dieu soteh,


kuring geus nendeun talatahka si Cileung
lamun si bapa datang ti kebon bejakeun
akang ngadagoan di imah si Acong, nya
lain salah kuring!”

Tempas kang Sidik embung eleh

“sia! Sarua jeung rek ngajak ribut mun kitu


mah! Geus nyaho si Cileung teh pego tur
boloho na bet talatah ka budak nu teu
hideung”

Tambah ki Darman beuki keuheuleun ka tembong


ceulina beureum. Nempo kana kaayaan kuring

36
buru buru milu ngomong niiskeun ka ambeuk
maranehna,

“menggeus!.. meunggeus!.. na ari taeun


teh! Kawas budak bae kadon raribut hayoh
siah katohian ku tatangga geus maling awi
bogana ceu minah, lamun kitu kuring teu
tanggung jawab”

Ki Darman jeung kang Sidik, ngadenge omongan


kuring duanana katembong ting hareuluk teu
ngaromong deui.

“tah jeujeur teh geus anggeus tinggal


ngenuran, hayoh mana aya euweuh kenur teh?”
tanya ki Darman rada leuleuy

“tah! Cukup mereun sakieu oge!, teu perlu


panjang da keur tegereun ieuh!” tembal kang Sodik
beri leungeuna ngasongkeun kenur nu digolongan
make ples kayu putih.

Ges beres sagala rupana mah kuring jeung


maraneh na tinggaredig moro walungan cipancur
rek ngadon mancing di tempat eta, cempor geus

37
hurung dua nana, clom ngalungkeun eupan
katembong kukumbul ngaambang na cai da puguh
kuring mah teu mawa jeujeur tugas kuring mah
ngan saukur nyepeungan cempor jeung batre katut
ember pikeun wadah lauk.

Enya wae karek oge sababaraha menit lep


kukumbul kang Sodik ngereluep jedud guriwil lauk
betrik lumayan ,gede beunang ku manehna,
cakakak manehna seuri bungah, teu pati lila giriwil
sepat sagede dampl leungeunbeunang ku ki
Darman garawak manehna ngagawawak atoheun
pisan, kitu jeung kitu satuluyna eta we eusi ember
meh mehan pinuh.

kapeutingna keun nu nyangut bet beuki


basajan, teuing geus beak laukna bisa jadi perbawa
jeujeur, mimiti kang Sodik meunang kuya, tuluy ki
Darman meunang Uling di pindo deui meunang
oray, sababaraha kali nu matak heran mah kang
Sodik meunang bayawak tapi eta kenur bet teu
pegat. Ti sapatu butut tug kasamak rajet bet
nyarangut, beuki dieu beuki pamohalan matak

38
pikaseiuneun nu antug na kang Sodik mah sing
sieuneun rek ngalungkeun jejeur.

“kang abdimah rek eureun heula ah sieun


meunang lelsd samak pek weh akang
sorangan sugan meunang jurig cai” cek
kecap kang Sodik ti dituna mah
ngabanyolan, di selang ku nyakakak seuri.

“gandeng siah sodik, lalawora teuing siah,


lain euy... ari ilaing meuli kenur timana
meuni kuat leuwih ti kawat” tanya ki
Darman bari mencrong beungeut kang
Sodik.

Demi nu ditanya semu nu teu nembalan


teu pati lila ti luhur tangkal loa aya nu nyarita
handaruan

“nu aing siah jahat! Tambang aing siah!


Ku jalan tambang eta aing paeh teh,
dieukeun siah balikeun hayang diceukek
heuh”

Ngadenge aya sora awewe nu ngomong


sarupa kitu, salarea nempo kaluhur, katembong
atra pisan ceu minah keur diuk dina dahan tangkal

39
loa, sukuna acung acungan, harita kuring teu
ngalobakeun pikir, bakating ku reuwas tur sieun
brengbeng bae lumpat sabedasna. Ari kang Sodik
jeung ki Darman teu bisa kukumaha ting gedebut
lalabuh sukuna pajeulit kenur jeung jeujeur.
Teuing kumaha nasibna, apal apal soteh isuk-isuk
bari beja ti tatangga yen ki Darman jeung kang
Sodik keur ngaleumpreh panona buncelik siga nu
kasima di garotong ku salarea di ubaran ka mama
Juinta.

Ka beh dieukeun kuring jeung ki Darman


karak apal enya bae kenur teh meunang mautan
tina tambang urut di pake ngagantung sirah ceu
minah, ceuk pikir kang Sodik waktu harita kieu,
awi urut ngukur kuburan bae matak bangenan
komo cenah tambang urut ngagantungna bakal
leuwih bangenan, leuwih mucekil hasilna. Abong
jalma teu nyakola sok aya-aya wae.

_ Rengse_

40
Kembang Kanyaah

Tah Palebah Dinya


Kungsi Urang Nendeun Rasa
Nendeun Rasa Jeung Sukana
Rasa Deudeuh Jeung Bagjana
Di Dieu Na Sanubari
Tuh, Lebah Ditu
Kungsi Nyacapkeun Kasono
Namplokeun ka nyaah
Didieu, na jeroeun dada
Bet asa mokaha ku endahna
Bet asa rongkah ku lucuna
Raga anjeun miraga sukma
Nyaliara na nikmatna rasa

41
Ka Genep

42
LAUK CUPANG

Heeuh.. dipikir pikir mah asa beda jeung batur

boga pamajikan teh, beda sagala-galana boh

kahayangna geus puguh ngenaan rupa mah,

beh ditueun raisa eweh deleu keunneun nana,

biwir kandel siga mike tyson pamaen boksen

anu resep ngokos ceuli, ari panona, mun

ningali, sok ngaler ngidul alias tileung, komo

lamun ningali ceuli matak pigilaeun, aya

leuwih ceuli teh siga kuping gajah, rebing aya

kanu opat tikeuleun ceuli nu normal, tambah-

tambah rimbil ku kutil, mun teu ingeut kana

kahadean kolotna geus tangtu mabur

tibaheula keneh menta di beresan.

Rek teu pikasebeleun kumaha atuh, ningali

pamolah pamajikan batur mah, isuk-isuk

43
keneh ges nyiapkeun sarapan keur salakina,

ieu mah lain tuturubun hudang sare teh,

ngadon ngome lauk cupang, boro-boro

ingeut kana cai gebrus mandi, jajauheun ari

sholat subuh mah kawas batur.

“Akang!.. Akang!, na kamana atuh si

kasebelan teh.

“Akang!.. aing mah.. nya dimana atuh

nyimpeuna??

“Aya naon Surti!... isuk keneh meni ges

ribut, nyaho akang teh rek indit gawe!”

“jeung era deuih ku tatangga!”

Tembal kang Sardi, norojong ti panto dapur,

nyamperkeun ka Nyi Surti nu harita ker

kotatang koteteng siga aya nu diteangan.

44
“tatangga.. tatangga..! we masa bodo

rek gandeng oge, imah imah aing

sungut sungut aing”

bari judang jeuding oge!

“Bari na oge ieu akang montong

mikiran tatangga sagala rupa skk matak

pusing hulu”

Tembal Nyi Surti nempas omongan salakina.

“heueuh menggeus! Na aya kaperluan

naon atuh?, ngan hohoak ambek

ambekan weh gawe teh, batur mah

isuk keneh ges pak pik peuk beberes

imah, nyiapkeun sarapan ker salaki rek

indit gawe, lain ieu mah ngadon ngajak

ribut!”

tembal kang sardi embung eleh.

45
“Na ari kuring kikieun teh lain gawe

kitu? Ieuh akang dengekeun nya, ieu si

Jentot heueuh lamun di urus hade

hade, terus terusan dilatih, tur parabna

nu alus, hargana teh bakal mahal kang,

kamari we can naon-naon ges aya nu

nawar salawe rebu”

jelas Nyi Surti alewoh.

“salawe rebu timana horeng, paling nu

gelo nu rek meulina oge, tibatan meuli

lauk samodel kitu, meuning meuli

pindang deles, ngeunah ngeunah di

daharna”

Tembal kang Sardi ngalelewean pamajikan

nana.

“alah si akang mah euweuh ka nyaho,

si kurung batok, percuma ngomong

46
jeung akang mah, moal beres,

mengges ah kuring ker sibuk neangan

ples warna oranye, mun rek sarapan

luhuren katel na serok aya bala-bala

ges menang ngahaneutken”.

Cek nyi Surti di barung kesel.

“na dimana atuh barang tenden na,

mun nanaon teh sok taledor siga nu

teu butuh bae, boa-boa dibawa ku si

Ujang di jieun kaulinan, heuh ieumah

aya aya wae piomongeun teh”

Cek kang Sardi rawah riwih, terus manehna

ngajengkat kaluar imah. Ari Nyi Surti teu loba

deui omong koloyong manehna indit

kakalerkeun mawa ples eusi lauk cupang

ciganamah rek ngadon ka imahna Bi Engkon

batur ngadu lauk cupang.

47
Adan lohor Nyi Surti kakara balik, terus

manehna ngacung ngacung jempol di

dekeutkeun kana ples bari pokna

“dasar Jetot, hebat kamu euy! Beuki

hebat wae sekarang kamu bisa

ngalahkeun semua jawara ikan cupang,

si Jabrig bogana si Emed lumpat

ngabirigidig, si Lonjong ikan cupang

Eutopia, punyanya bi Engkon keok

ngajopopong, si Kumpay bogana si

Jugil sakitu gede, euweuh nanaonan

ngalegeday.. bener bener hebat!, teu

sia-sia maneh punya nama Jetot lawan

datang geus tangtu di Gebot,

haha..haa...haa”.

Nyi Surti seuri nyakakak bakating ku bungah,

terus manehna nguluyur ka dapur rek ngadon

masak.

48
Mentas masak nyi Surti gegelehean dina korsi

bari kikipas make hihid. Bari nangkarak

bengkang sare tibra pisan kadenge kerek lir

halikopter. Bada isa manehna lilir, terus

hudang rungah ringeuh siga nu reuwas pedah

poek meureun da wanci geus ganti peuting,

teu sawatara lila manehna asup ka kamar.

“akang.. akang.. ieuh gugah heula geura

mendakan ples oranye tea henteu?”

cek Nyi Surti ka salakina nu geus tibra sare

“naon deui atuh surti? Angger ari geus

ngaganggu nu sare teh, meuni teu

kaop lereuh aing mah”

Tembal kang Sardi keuheuleun, lulungu-

lulungu oge koloyor manehna leumpang nuju

lamari kop leungeuna nyokot ples terus

dibikeun ka pamajikan nana, ges kitu mah

49
manehna ngagoledag deui dina kasur. Can

oge reup pamajikan nana ges ngageuroan

deui.

“kang tong waka pereum atuh, kadieu

sakedap aya picarioseun, aya kabar

gumbira yeuh kang, enggal kadieu

burukeun.”

Ceuk nyi Surti ngaburu-buru ka salakina.

“hoream ah, tunduh hayang sare, isuk

deui we paling oge ngenaan si Jetot

matak barosen aingmah”

“nya naon deui atuh akang! Ieumah

ngenaan pi benghareun akang, surti

salaku pamajikan bisa ngabantuan

salaki tina widang ekonomi, kajeun sok

we moal dibere”

Ceuk nyi Surti rada ngancem

50
Ngadenge soal duit mah kang Sardi hudang

nyamperkeun pamajikan nana anu keur

mencrong kana ples nu eusi si Jetot, gek

manehna diuk paharep harep jeung Nyi Surti.

“Akang, ayeuna akang teu kudu

bingung mikiran cicilan kiridit motor,

malahan mun perlu urang lunasan,

atawa hayang meuli Jas, Jeket Kulit

sok!”

Pok na teh hayang meuli naon wae tinggal

meuli, asal tong menta kapal terbang we da

duitna oge teu cumpon, moal kabeli. Ceuk nyi

Surti bari kitu na teh ngusiweul leungeuna

ngarogok kanu sakuna.

“ tingali ieu naon akang, apal teu? Ieu

naon cing? Cek akang cek, ieu teh cek

Datuk Geboy yah, heueuh nu urang

Arab tea salakina si Yanti Dosol urang

51
Ci Hieum, tah nu kieu akang nu disebut

pulus teh ha..ha..ha..”

Cek nyi Surti bari siga nu bungah pisan, ari

leungeuna ngabar-ngabar duit hareupeun

salakina. Mirengeu kitu kang Sardi

ngagurubug reuwas campur bungah manehna

nguceuk-nguceuk panona siga nu teu percaya

kana tinggaliana sorangan.

“alah surti eta duit meuni rea kitu,

jeung wareuteuh keneh deuih eta duit

teh, timana surti? Timana eta duit teh?

Boa boa eunya maneh teh geus

ngajual kongkorong nu ti akang”

Cek kang Sardi bari ngajengkat diukna pindah

gigireun pamajikannana.

“his.. sok tutudingan, mun rek ngajual

mah tibaheula we, lain ini mah! Ini mah

52
uang bersih kang, bukan uang haram

tahu!”

Ceuk Nyi Surti bari ngusapan duit nu keur di

ceupeung ku manehna siga nu reueus pisan.

“ nya duit naon atuh Surti! Sakanyaho

kuring mah, salila ieu kuring can

pernah mere gaji atawa mere duit

saloba kitu, paling-paling oge duit

kencring buruh markiran”

“kieu kang!.. itu mah dulu sekarang

mah NO...! tah besi hayang jelas

ngeunaan ieu duit ku nyai rek

diwatarakeun,

tadi beurang samantas urang

ribut tea, basa ker neangan ples nu

tutupna warna oranye nu herang siga

kendi, heeuh sabot akang indit, nyai

53
oge milu indit ka imah na Bi Engkon

rek ngadukeun si Jetot. Sing horeng di

imah Bi Engkon teh geus ngariung

sakabeh jawara-jawara lauk cupang,

si Emed, Si Jugil, Si Darso jeung

aya saurang deui nu teu pati apal poho

deui ngarana.. oh.. eunya ingeut

ayeuna mah kang, Bang Robert

ngarana teh geus dua kali kuring

panggih jeung maneh na teh basa keur

di pasar loak.

Percaya henteu akang ieuh!

Kabeh cepenganana keok ku SI Jetot,

tah kusabab kitu nya si Robert teh aya

maksud erek meuli si Jetot, ngan

kuring tahan harga api-api teu butuh

ku duit maksud nyai ngarah manehna

panasaran.

54
Waktu nyai rek balik manehna

nuturkeun keukeuh hayang meuli si

Jetot, ceuk kuring teh kieu, pek bae rek

di beuli mah lamun nyepeung duit

Lima Ratus Rebu, ngomong kitu teh

kuring mah hereuy, entong-entong

Lima Ratus Rebu da lah Lima Puluh

Rebu Oge moal di bikeun, dasar rejeki

nomplok teu sangka sangka manehna

daekeun, heug cenah bae sakitu oge,

golosor si Robert teh mikeun duit ka

Nyai, ngan manehna menta tanjakan

wadahna menta di ganti ku wadah nu

pernah dibawa waktu minggu kamari

basa ngadu di pasar loak.

Barina oge keur naon urang

mah, make hayang diganti wadah

sagala, padahal alus keneh ples nu ieu,

55
hargana oge lumayan mahal, dasar nu

pinter ka balinger.”

Nyi Surti nutup caritaan nana.

“heu euh nya Nyai dasar jelema boloho di

bere nu hade mumul... tibatan ples nu ieu, ker

ledrek teh songhek deuih tutupna. Bae deuih

bari na oge, nu penting mah duit.

Ceuk kang Sardi neruskeun obrolan nana.

“ heeuh isuk mah anteur nyai ka pasarrek

ngadon balanja bari urang mayar cicilan

motor’”

Ceuk nyi Surti bari ulaha elehe ka salakina.

Gancangna carita isuk-isuk keneh Kang Sardi

jeung Nyi Surti ges darangdan rek indit ka

dayeuh ngadon balanja tea, samemeh indit

katembong nyi Surti nyolongkrong kana ples

eusi si Jetot tuluy eta lauk teh di cicikeun kana

56
ples cupu nu tutupna warna oranye nu

meunang ngabersihan tadi subuh sabot

mandi.

Ges tarapti tutap tutup mah maranehna

arindit.

Teu kacaturkeun dijalana, jeung naon wae nu

di bareuli ku maranehna teh, kira-kira jam lima

sore Kang Sardi sakulawarga geus baralik deui

bari ranggem akngkaribung ku babawaan

maklum mantas ti dayeuh. Geus ucul-ucul baju

mah tuluy Nyi Surti rempug ngariung

balakecrakan jeung anak salakina ngadahar

batagor oleh-oleh ti dayeuh, harita mah

batagor teh ka asup kadaharan anu langka

jeung aneh, puguh we barang daharna

sareugut pisan.

“yeuh kang, omat isuk balik gawe

meuli daging hayam, surti rek nyieun

57
sop hayam soalna si Robert isukan rek

datang”

Omongan nyi surti ngajelaskeun ka salakina

“heug, isukan akang rek balanja jeung

ku akang rek di estukeun ka si Robert

meuli lauk cupang nu nyai” tembal

kang Sardi bari nyambuangkeun

haseup roko tina sungutna siga nu

sugema pisan.

“eleuh aing mah poho, urang we nu

barentet sebeh, ari si Jetot can di

paraban, jalan rejeki teh pan ti

manehna”

“ujang cokot tuh parabna dina koropak” teu

kudu di titah deui si Ujang ngoloyor ka dapur

nyolot parab lauk, ges kitu mh srog wae

plastik nu eusi parab teh dibikeun ka

58
indungna, gek manehna diuk deui bari bari

neuteup indung na nu keur maraban si Jetot.

Teu kungsi lila nyi surti nga jeurit matak

kadengeun ku tatangga.

“akang si Jetot paeeh..! naha bet paeh,

kumaha atuh ieu teh mangkaning isuk rek

dicokot ku si Robert, aduh bingung akang..

kadieu atuh tong ngajedog wae” ceuk nyi Surti

bari rawah riwih ka salakina.

“alah heueuh we nyai..! mangkaning

duitna oge ges beak meren urang teh

kudu mulangkeun duit ka si Robert,

cilaka ieu mah aya bahan balewat

tangan, heueuh ieu mah pikarudeteun

wungkul, eta atuh da maneh mah

make dipindahkeun kana ples songhek

jadi weh modar”

59
Omong kang Sardi luwa-leuwe bangun rek

ceurik.

“ari ges paeh mah eweuh nyawaan!

Dalah kudu dikumahakeun deui, hayoh

ieu mah ngadon nyalahkeun, nu puguh

mah kudu ngagantian mun henteu

lauk deui nya pastina oge duit kudu

balik deui” cek nyi surti nambah

bingung.

“sudi teuing aing kudu ngagantian mah, ges

we kieu surti kumaha lamun di ganti ku lauk

benteur nu si Ujang.? Atawa subuh keneh

akang rek nginjem lauk cupang nu Bi Engkon”

kecap kang Sardi mere bongbolongan ka

pamajikan nana.

“nyasat atuh kang sok ngababarikeun

ari taeun teh, si Robert teh lain jalma

bodo manehna mah teulik apaleun

60
pisan kana rupa jeung deudeugan si

Jetot, ges tangtu moal daekeun di

tukeuran kunu lian aduh cilaka opat

belas ari kieu mah.! Mun rek pikieueun

mah moal dibalanja keun eta duit teh”

“heuuh nyai! Ngadak-ngadak ieu

beuteung bet ngusial hayang ngising,

tuh tingali cikiih mah ti tadi keneh geus

miheulaan” bari kituna teh leungeun

kang Sardi katembong nutupan

bujurna nu ges jibrug.

“maneh mah akang lain bantuan mikir kadon

modol nu dei gedekeun teh”

Ceuk nyi Surti keuheuleun ningali pari polah

salakina sarupa kitu.

Tung-tung na mah dua nana cing haruleung lir

nu beakeun pikir.

61
Nepika jedur bedug subuh nyi Surti teu bisa

sare sakeureujeup sakeureujeup acan balas

kumikiran pikeucapeun engke ka si Robert.

Tungtungna manehna pasrah rek di hideung

rek dibeureum kumaha isukan bae nu penting

mah aya buktina ieuh bangke lauk cupang anu

geus bau.

Kira-kira jam setengah sapuluh si Robert

ngurunyung duaan jeung batur na mirengeu

kitu teh nyi Surti samar polah awakna

ngadegdeg panas tiris, ngelepersiga anu

salatri komo ningali paroman baturna si

Robert matak pingpiapeun awakna bang-bang

nayrendol siga tukang batu, buukna rancung

ari kulitn hideung lestreng lir bujur katel ari

babasaana mah. Teu kaharti siga lain bangsa

urang.

62
Geus dihiapkeun mah tuluy maranehna asup

ka tengah imah.

“kumaha Surti ngeunaan si Jetot teh

geus di pindahkeun wayahna we rek di

cokot ku sayah ayeuna keneh, heu euh

da moal lila lila saya teh rurusuhan

banyak urusan bisnis.”

Bari gomong kitu teh panona si Robert

ngareret ka babaturan nana nu keur ungut-

ungutan siga nu ngarti bae.

“kieu yeuh bet, kuring teh

kamusibahan sa encana menta

hampura euy, heu euh ngeunaan si

Jetot teh geus paeh, kuring menta

kabijaksanaan” omongan nyi Surti bari

tungkul teu wani ninggali beungeut si

Robert, komo neuleu si hideung mah

teu luas sok sieun di leg-leg

63
Mireungeu omongan kitu jeung ninganli kanu

kaayaan lauk cupang nu geus

ngabeubeungkang dina ples, si Robert

langsung ngajewang konci motor nu aya dina

meja bari ngajengkat indit kaluar,

Antukna Nyi Surti jeung Kang Sardi ngan

saukur bisa sili ceupeung lengeun bari diuk

dina tepas imah bari ningali motor anu di

tungtun ku si Robert.

_ Rengse_

64
Babad Kiwari

Bagja Keur Disorang


Meber Layar Nyumpon Lalakon Endah
Nyurup Warna Ning Katumbias
Pohara Ngariksa Anjeun..
Anjeun Ngahiap Pikeun Nyakseni
Lampah Pageto Ngaguar Bareto
Nu Kungsi Ka Anyoman..
Matak Ngabarung Sinang
Hate Kapindo Cangcaya
Anjeun Datang Ngapak Janjang
Hate Rujad Godewang

65
66
Ka Tujuh

NGALANGLANG

Saeunyana lamun anjeun sanggup


neleuman ieu eusi hate kuring waktu ayeuna. Geus
bisa dipastikeun tur yakin batin anjeun ngarakacak
nyakseni batin nu ceurik balilihan.
Pikeun kuring saeutik oge eweuh rasa
cangcaya, ngeunaan kanyaah anjeun, kadeudeuh
anjeun, timimiti amprok tug neupi ka ayeuna teu
geuming sok sanajan wanci ges ngarobah sagalana.
Dalapan welas taun lain waktu nu
sakeudeung pikeun nahan rasa hanjelu, mangrupa
rasa nu hese di singlarna manco na kahirupan
kuring.
Poe kamari kuring ningali manehna, sabot
jalan keur macet, dumeh motor, kuring seselepet
maju kahareup ari singhoreng aya hiji mobil sedan
anu guhal guhil rek asup ka garasina. Beuki dieu
beuki deket, beuki jelas oge katingali panumpang
anu keur diuk dina jero mobil, saleretan katingali
panumpang anu diuk pangtukangna bari ulak ilik
kaluar ningali bemper mobil tukang bari

67
ngomandoan sangkan mobil teu nubruk pager
batur, pedah kitu oge jalan teh sempit tur leutik ku
ayana nu dagang di sisi jalan.
Salila nungguan mobil asup ka garasina,
eta penumpang ku kuring terus di tilik tilik, ari
geus atra jelas katingali bengeutna mah, gebeug!
Dadak dumadak jantung ngageubeg karasa siga
aya nu nonjok angeun, ratug jantung kadenge asa
dina ceuli sorangan, siga nu keur hujan dor dar
geulap.
Rek teu kitu kumaha atuh panumpang nu
ditingali ku kuring teh, awewe anu dipikaresep ti
SMP neupi ka manehna kuliah.
Baheula kuring kungsi nahan peurihna
raheut pikeun nyakclakeun geutih nandakeun rasa
teu sugema ngalakonan paturay di pisahkeun ka
deudeuh, nandangan duriat anu teu kateupi.
Eces keneh dina ceuli omongan manehna
waktu nolak kuring harita.
“mudah-mudahan jodo urang sanes di
dunya tapi di aherat”
Sakapeung sok matak edan mikiran nana,
tapi ningali ku kayaan manehna ayeuna kuirng
ngarasa bagja, bungah tur bangga, ningali manehna
diuk dina mobil bari nyebut ka salakina “papah”.
Mun seug tea maneh na jadi rumah tangga jeung
kuring ngan saukur bisa dipihukum ku pangkat

68
pagawe honorer TU SMP nu teu puguh bulan isuk
meunang gajih atawa heunteu.
Sabot mobil geus asup jalan jadi lancar
deui, kuring nu tadina hayang ningali jeulas
beungeutna, teu puguh ku sora klakson anu cing
tat.. tet.. tot.. di sarada tukangeun kuring, kapaksa
gas motor ku kuring di bedasan deui terus maju
ngaliwatan imahna.
Teu puguh-puguh cai panon jol cing
ngareclak kanu pipi hese di ereunkeun, kaduhung
sagede gunung, tikoro karasa nyelek hese nereuy
bari pikiran ngalayang ka mangsa ka tukang ingeut
kanu lalampahan harita jeung manehna.
Eta awewe teh ngarana Dewi, mimiti
panggih ti kelas tilu SMP, keur geulis teh tur pinter
rengking kahiji wae maneh na oge jadi ketua OSIS
na waktu harita, hiji mangsa manehna keur
ngaladangan di kantin siswa, tidinya kuring mimiti
ngawanikeun maneh rek kenalan jeung manehna.
Otak muter neangan jalan kumaha carana
kuring bisa kenalan, sakolepat sanggeus ningali
duit ide teh datang yen kuring rek api-api meuli,
terus dina duitna ku kuring ditulisan kieu “Kalo
namanya siapa? Ngahaja duit nu dipake teh duit nu
sapuluh rebu ngarah aya pamulangan jadi kuring
bisa rada lila pikeun ngingalikeun tulisan nu ges
dijieun ku kuring tadi.

69
Singketna carita kuring geus aya di
hareupeun kantin nungguan saurang deui nu masih
keur diladangan ku manehna, sok sanajan grogi
tapi ku kuring terus dipaksakeun, pas tempatna
geus kosong nyolongkrong kuring maju
kahareupeun nana.
“beli teh kotaknya satu teh” kecap kuring
ka manehna
“mau yang dingin atau yang biasa” tembal
manehna bari nyokot teh kotak anu aya dina
kulkas, sabot kitu duit anu ku kuirng ges ditulisan
di haja dibukakeun ngarah jelas ka baca ku
manehna.
“yang biasa aja teh” tembal kuring bari
ngasongkeun duit nu sapuluh rebu tea
“oh.. kembalian yah sebentar!” pok na bari
ngaleos, semu nu keheul.
Sangkaan kuring ges pasti gagal rencana
teh pedah ningali paromana nu tiis, jeung rada lila
deuih, teuing nulis naon heula katingali leungeuna
uyek uyekan, teu kungsi lila manehna balik deui
bari mere pulangan nu duitna digulungkeun.
Teu loba catur deui ker mah nahan grogi
kuring oge buru buru indit. Teu disangka sangka
sabot rek ngitung duit pulangan anu tadi di bikeun
kumanehna, ngusiwel kertas bodas nu dijerona aya
tulisan ngaran jeung kelas manehna. Ngarana
Herlina Dewi kelas Salapan B, eta anu ditulis

70
kumanehna dina kertas anu di selapkeun jeung duit
sesa pamulanagn tadi, Bungah kacida kuring
harita.
Ti saprak kajadian harita kuring beuki
deket jeung manehna, tapi ngan saukur babaturan,
kukituna oge kuring ges ngarasa bungah. Neupi ka
teu karasa waktu sakola teh ges nepi deui kanu
waktu acara perpisahan, teu karasa kuring jeung
manehna mitembeyan nungratkeun pangajaran
salila tilu taun di SMP, dina poean perpisahan
kuring janjian rek make baju nu sarua warna na.
Poe harita ngahaja kuring indit ti imah isuk keneh,
pedah hayang jadi nu mimiti ningali manehna
lempang ngaliwatan gerbang sakola.
Nu ditungguan euweuh datang di
tatanyakeun ka babaturan nana teu arapaleun yen
ka mana si Dewi saeunyana, rek disusulan teu boga
alamatna. Teu kungsi lila aya beja ti babaturan yen
si Dewi teu bisa datang teh kulantaran akina tilar
dunya, handeueul jeung kesel dalah kumaha teu
bisa deui di kumahakeun ges kudu kitu kajadian
nana, nu matak hanjelu nyaeta, teuing iraha deui
kuring bisa panggih jeung manehna.
Ti saprak kaluar sakola SMP ku kuring di
teangan imahna tapi da kumaha, kurangna
informasi jadi halangan pikeun ngajalankeun nana,
ges tunya tanya ka ditu kedieu tetep wae euweuh
hasil, pamohalan piraku kudu nanyakeun ka desa
atawa ka kecamatan mah.

71
Mungguhing, sadayana kumaha ceuk nu
Maha Kawasa. Jodo, Pati, Bagja, Cilaka, mung
Manteuna nu tiasa ngaropea, dalah manusa di
dunya ngan saukur jadi wayang usik malik iwal ku
dalang, ngan saukur bisa tawakal jeung ikhtiar.

_ Rengse_

Mihareup

Wanci nyered ka subuh

Gelenyu anjeun meupeuh hawa rasa tiis

Mahzab nu simpe lir nu ngalelewe

Mungguh hate mah ngentab... dilelemu

Cihcir sindir sampir ngahaleuang

Matak melang hariwang

Maur geruh lugay na impenan

72
Pedah nu geulis ebog na lahunan

Ngalanglang ... kumalayang

Ngawang-ngawang moro bentang

73
74
Ka Dalapan

LOTEK PIPASEAEUN

Samantasna cacap ngadenge eta lagu, reup


panon pereum, biwir imut bari teu nyari oge.
Kolenyay.. bray caang pikiran teh, lir bulan opat
welas nu narawangan hate nu sedeng rungseb,.
Harita ngadadak bungangang lir nu geu nampa
gajih, lamun tea mah boga gajih, lamun teu boga
tea mah bae lah lir nu geus meunang lotre buntut.
Sagalana bet asa ngora deui, basa keur
mejeuhna belekesentreng, buta tulang buta daging
ngadenge halimpuna eta sora, meuni asa di
pepende, di ayun ambing ker ngarasakeun ka
ngenah, na atuh ari beletak teh, disatukangeun, si
bungsu nakol sirah make pepedangan, lamunan
teh langsung nyingray mancawura hese deui
mulungan nana.
Ceuk jero pikir, ku asa tengteuingeun eta mah
budak, teu meunang we kolot teh senang, geus
puguh teu manggih dahar ngeunah atuh ceuli ceuli
nikmat dedengean.

75
Samantasna mandi, kuring gura giru nyokot
kertas getrut nulis sakolepat tadi asa ka ilhaman ku
judul eta lagu, rek dijieun carita, karek oge
setengahna nu aya dina utek teh ditulis na kertas,
na ari celeungkeung teh ti luar aya budak nu rek
meuli basreng, kuring gegeroan ka pamajikan teu
ngajawab, da puguh keur gogorengan di dapur
najan haloream oge kuring kapaksa ngajengkat
ngaladangan eta budak, na ari gorehel teu sapira
budak teh meulina ngan lima ratus perakeun.
Huh.. ieu mah ges aya deui bae gangguan teh. Gek
deui kuring diuk nyinghareupan meja, carita nu rek
ditulis tadi lebeng poho deui.
Mengpeung budak tibra sare aya kasempetan
pikeun ngaso, cetrek tip (tape) teh di setel deui.
Ngan sora na pita kadenge ngahaleuang, asa
ngeunah euweuh nu nga ganggu pmajikan keur
indit ka pasar ieuh. Kalayang pikiran teh
kumalayang, kop kana tulisan rek dituluykeun
karek oge rek ngamimitian, ti luareun imah geus
aya nu ngagegero deui sora awewe nu rek ngadon
meuli lotek, lamun teu sadar mah ieu pulpen ges di
baledogkeun boa, kesel-kesel oge kapaksa kuring
nyamperkeun manehna.
“bade meser naon teh?”
Omong kuring.
“ieu bade meser lotek tilu pincuk mah,
kaleresan aya tamu tebih, hoyong nyobian
tuang sareng lotek komplek”

76
Ceuk omong na alewoh semu nu ngolo.
“aduh.. teh punten pisan kaleresan istri abina
nuju angkat ka pasar kumah atuhnya?, da abdi
teu tiasa ngaladangan sieun teu raos!”
Jelas kuring.
“alah piraku teuing, sok teu sawios ku akang
oge etang-etang di ajar, engke ku abdi di
samper kadieu, ieu bade meser roko heula”
Tambahna, kituna teh bari ngaleos
ninggalkeun kuring sorangan anu bingung ku
pipetaeun. Ari teu diladangan piraku teuing,
manehna geus ngumahakeun, jeung lumayan deuih
rada mucekil ari tilu bungkus mah, ceuk pikir
kumaha engke we, da puguh ari samara mah sa aya
aya didinya.
Sok sanajan kesang luat leet oge teu burung
lotek teh kacumponan, ngeunaan rasa mah kumaha
iueh nu ngadahar ari lotek mah kitu-kitu keneh
mereun.
Teu pati lila, torojol pamajikan, manehna ulak-ilik
kna dagangan bari cumarita.
“ari pilotekeun kamana? Kari sakieu deui?”
omongna.
“tadi aya nu meuli, urang tukang, tilu bungkus
du rebuan, di eweuh eweuh ge kekeuh hayang
diladangan”
Tembal kuring teu pati nolih.

77
“beu.. na ngaladangan teh! Bro-broan, kawas
nu nyungkun bae kang!, matak oge lamun
keur ngaldangan teh tingalikeun! Meh apal”
Omong pamajikan dibarung ku keheul.
“heueuh, kudu kumaha atuh da teu apal ieuh?”
Tempas kuring sarua kesel.
sabot ker parerea omong, torojol si teteh nu meuli
tadi datang deui, katembong beungeutna baketut.
“tah, eceu..! akang..! lotek teh asaan!,
najan loba oge ari pi panyakiteun mah keur
naon!, nya asin, bau cikur deuih katambah
eneuk ku pecin deuih! Dimana-mana oge
lotek mah tara ieuh make pecin!”
Cek kecapna bari mikeun bungkusan nu geus
acak acakan. Demi, kuring boh pamajikan
ngadenge omongan nu sarupa kitu teu bisa
kumaha.
Heueuh, sugan kuring teh pecin anu
diluhureun turub toples teh sarua pikeun bumbu
lotek, ari sihoreng sesa pamulangan pedah eweuh
receh ti warung.

_ Rengse_

78
79
Anjeun

Nu nyireup asma ati


Nu ngeusi unggal lamunan
Nu mawa rasa kasono
Nu terus nyiksa raga
Anjeun
Mulangkeun ka asih
Mulangkeun ka nyaah
Mulangkeun ka deudeuh
Mulangkeun ka tresna

80
81
Ka Salapan

Nendeun
Katineung
Wanci Magrib, samantasna solat.
Neng Ely sasadu rék ngadon mulang.
Kapaksa najan teu boga keur ongkos ogé, di
éstukeun pikeun nganteur ka imahna. Nu
lumayan jauh dua kali naék kandaraan, dasar
milik keur rada alus, Kukabénéran pisan
lanceuk lalaki nu panengah aya tumorojog ka
imah, mireungeu kana dangdanan kuring nu
rarapih, tur apaleun aya nu nganjang. Geus
biasa deui manéhna mah sok surti, cukup ku
nyéréngéh wungkul ogé tara ieuh kudu
dipénta sok rajeun ngeupeulan duit. Atawa
sok ngahaja nawaran injeuman motor boga
manéhna. Samantasna dibekelan tur

82
nganuhunkeun kamanéhna. Teu ngalobakeun
deui catur, kuring kitu deui Ely ngajéngkat
ninggalkeun imah.
Teu ka kocapkeun di jalana. Kuring
jeung Ely, geus ancrog ka jalan gédé.
Minangka jalan pambéakan pikeun ngajugjug
ka imahna. Ti jalan gédé kadituna mah, ku
sabab bélot kapaksa kudu nyorang leumpang,
da puguh teu asup kandaraan umum. Paling
ogé naék ojég, lamun kawénéhan. Da geus
peuting mah sok rada carang. Mungguh
leumpang jeung awewe, karasana asa lendo.
Komo ngaran-ngaran jeung bébéndé
leumpang téh lir nu di atur. Sok sanajan kitu
ogé, ari ku uplek ngobrol mah ngalér - ngidul
teu karasa geus méh tépi. Kuring kitu ogé Ely.
Harita teu burung rada reuwas. Pédah béda
tisasari di tepas imah bét réa jalma ting Ialiud.
Bari kaayaan imah bét umarakbak cara'ang.
Geus tég wé, haté lir nu teu kapalingan. Boa-
boa si Aki, nu kamari bati ti Rumah Sakit téh

83
karugrag deui. Pikir kuring waktu harita. Da
jeung enyana atuh, ieu mah matak leuwih
reuwas deui. Sihoréng si Aki téh, tadi soré
tilar dunya. Sok asa ku teu nyangka, padahal
opat poé katukang urang Jeung ely nugguran
éta kolot di rumah sakit tug nepi ka balikna
deui ka imah.
Sok nineung ku si Aki téh, lamun
nganjang ka imah Ely, saméméh batur, boh
Ely sorangan. Sok si Aki nu miheulaan
ngabagjakeun dilawang panto. Geus kitu mah
sok biasa ngobrol na téh méakeun batur.
Mindéng Ely mah, sok rajeun keuheuleun ku
pamolah Akina kitu téh.
Kumaha sibukna Warga Kampung
tur baraya, teu kacaturkeun deui. Harita
kénéh katinggali pak pik pék, nyiapkeun
sagala rupana. Kitu ogé kuring, kacida
ngarasa capé kénéh ogé, teu ieuh dirasa da
puguh aya ka papait milu campur nga bunta

84
bantu. Ely mah katémbong panona carindul
mantas ceurik. Beungeutna teu pati daria.

“Kang badé mulih moal? Tos wéngi!


Hayoh énjing ka siangan? Pan, nuju
ujian."

Ely ngingétan. Kitu na téh, katémbong lir nu


hanjélu.

“Muhun, nya! Tapi moal kukumah Ely


di kantunkeun? Sareng badé tabuh
sabaraha layon téh dikurébkeuna?."

Témbal kuring rada mandég mayong.


“Teu, teu sawios kang! Nu penting
mah éngkang kédah ngiring ujan.
Dasaurna dikurebkeun na mah badé
tabuh sawélasan! Ari teu ka bujeng
mah, teu sawios-wios. da Ibu ogé nga
maklum."

85
Ceuk témbalna deui.

Geus sasadu itu ieuna ka saléréa.


Koloyor kuring ngincid ka béh kaléreun. Ceuk
pang rasa kuring, boh dimana baé, teu
dileuweung kitu ogé di astana sok tara ieuh
pirajeuneun keueung. Peuting kiwari mah bét
asa béda. Bauna kampér jeung seungitna
kémbang Kananga karasa pisan hihiliwiran ka
ambeuna. Padahal leumpang téh geus jauh ti
éta patémpatan. Jeung dadak-dumadak ieu
bulu punduk ting puriding. Komo lebah gardu
ronda mah, lir aya nu nuturkeun.
Katémbongna ngabélégbeg hideung. Tuluy
dilérét katukang. Lébéng poék mongkleng da
puguh euweuh sasaha. Wanci téngah peuting,
kuring ancrog ka lebah jalan ngolécér. Nu
salah sahijina nya éta nu nuju ka imah kuring.
Harita haté mungguh tagiwur teu puguh,
teuing ari sabab-sababna mah. Jeung matak
ku anéh deuih, rasa keueung téh bét teu

86
ilang-ilang. Bauna kampér jeung seungit
kémbang, hihiliwiran ka angseu pisan, hésé di
Singlarnå.

Leumpang téh rada di gancangan


duméh geus peuting teuing, sok sieun
kagareuwahkeun. Sababaraha kali panto
dikétrokan. Sakedapan kuring ngajéngjén
ngadadago nu muka tulak. Bray, panto aya nu
muka. Sihoréng nu muka tulak téh indung
kuring pisan. Haté bét asa geus
ngaduriksakeun ka indung ngaganggu keur
meujeuhna saré tibra.
“Jeung. saha Bud!? Mani peuting-
peuting teuing balik téh!. Hariwang
sok sieun kumaha onam Ema mah!
Sok cina kajéro tamu téh!. Diluar mah
tiris."

Kécapna. Kuring ngadéngé kitu teu burung


rada ngahuleng teu ngarti kana maksud

87
indung kuring. Boa boa ngalindur ngomong
kitu sotéh. Ceuk pikir kuring waktu harita.
“Na ari Ema! da abdi mah nyalira Teu
jeung sasaha. "

témbal kuring bari tétép teu ngarti kana


omongana.
“Na ari taeun téh! Ari itu saha atuh nu
cingogo, dihadapeun tangkal buah?
Najan lulungu ogé dapuguh atra
katémbong bélégerna."

Témpasna, bari kituna téh ngagolédag deui


diluhureun korsi panjang. Kajurung ku
panasaran, hayang nganyatakeun bénér
heunteuna pamanggih indung kuring. Tuluy
kuring ngawani-wanikeun manéh ngincid
katépas imah, moro tangkal buah. Barang
dirérét, boréhel Katémbong aya nu agableg
hideung ngabélégbeg hareupeun pisan. Bari
cumarita.

88
“ujang poma ulah sieun nya! leu Aki!.
Ngan saukur rék méré amanat ka
ujang! Omat nya régépkeun tur
laksanakeun. Poma nitip si Ely incu
Aki, omat tong dimomorékeun komo
kudu dinyérikeun mah Aki teu rido.
Muga muga Ujang sing ngajodo. Eta
nu dipenta ku Aki. jung! Gera asup ka
imah poma ulah géruh.”

Ceuk éta sora handaruan. Teu karasa iraha


kuring leumpang asaup kajero imah. Nyaho
geus aya dijero kamar. Angin karasa ti'is asup
kanu séla-séla jandéla Mawa hiliwirna seungit
kémbang kananga.

_ Rengse_

89
Ngitung poe satungtung waktu

ngudag kalangkang kadunyaan

kalanggeungan nu rahayu

aya dina tungtung pati

mulang raga kanu boga

teu mawa cipta rasa dunyana

rugi aya na batina

kaduhung ges jadi balung

tina dosa nu ges ngaraga

90
Cileuncang

Arula-arileu cai leuncang jeung butekna


Nutur nutur indung suku kamana behna
Ngambah lalakon lelemah ragas
Ngabopong rurujit geugeuleuh rujad
Neang tungtung pikeun mungpulung
Cai leuncang lir nu pundung linglung
Kajurung kapegung ku guguncing
Bedah,.. neang bebeulah
Ojah... mihareup panadah
Nyerep sumereup nendeun ingkang muara
Tetep sumetep di sagara

91
Profil

Muhamad budi wahyu


lahir di Bandung, 19
Desember 1983, putra ka
dalapan ti dalapan
sadulur pasangan Tatang
Husen jeung Dedeh
Kurniasih, kaanggo
damel di SMP Negeri 4
Pangalengan janten bagian Tata Usaha ti taun 2008
dugi ka taun 2015, kantos ngalih ka SMP Negeri 1
Cangkuang ti taun 2016 dugi ka taun 2017, nu
salajeungna pangarang mutuskeun damel di Situs
Seni Bandung dumasar kanu hobi pangarang nyeta
dinu widang nulis dugi ka ayeuna.
Pangalaman nulis pangarang di balakan ti
kampus keneh nuju aktif di UKM Teater
Mercusuar, pangarang sok remen nulis atanapi
nyadur naskah sareng ngadamel carpon anu
parantos di muat di majalah Hibar Kabupaten
Bandung.

92

Das könnte Ihnen auch gefallen