Sie sind auf Seite 1von 3

KIDUNG LUMAYUNG =

Lagu kidung ngalanglaung Panundung bingung kaliwung Pamentung laku kapahung Kaambung ka awang-uwung Papayung para pangagung Nu manggung tur hurung nangtung Malar jucung, sangkan nanjung Henteu linglung kapidangdung

Pangagung miyuni layung Ngempur hurung luhur gunung Getih, daging, sungsum-balung Parungrum juntrung sakurung Gandrung liwung nu linuhung Gumulung tungtung jajantung Nalikung jadi pangjurung Ngalarung tujuh lulurung

Lemah cai nu kawarti Pertiwi nu sugih mukti Bukti kaasrian Gusti

Nu misti dipusti-pusti Kiwari ilang raspati Kumargi kirang gumati Jati kasilih ku junti Nganti-nganti pangabakti

Peurih salebeting galih Kasedih teu euih-euih Pupulih leungit ka matih Malih muih, nurih getih Aji paripih kabintih Kalindih henteu katolih Nyukrih mambrih rph-rapih Teu kapanggih ku pangampih

Rahayat katalangsara Malarat, lara-tunggara Aparat ilang komara Kasibat jeung nyaliara Gara-gara saniskara Munara teu kapiara

Mutiara mancawura Nagara sirna cahara

Sumpah panulah musibah Moal milampah pamondah Pamolah wadah anugrah Tarkah, sadrah, sumerah Pamarentah teu awuntah Para somah leah manah Ibadah fisabilillah Genah, betah, tumaninah

Pamungkas: Saliring-liring dumadi ling ka Hyang Maha Widi

Das könnte Ihnen auch gefallen