hamdalah solawat salam # ka nabi sareng turunan ieu syiiran eusina # nyariosken manaqibna abdul qodir jenengana # jaelani eta nisbatna.
lahirna dikampung jilan # kurun opat na ramadan,
ramana jalmi nu soleh # ibadah wengi teu weleh. tetela pisan nasabna # kalintang luhur agungna, dugika Rosul ngaitna # nasab nu mulia ayana.
dina wengi dipedalken # karomat nyata nuturken,
ramana ngimpen yen rosul # sahabat dongkap nyarusul gusti rosul ngadawuhken # abdul qodir dicawisken, janten pamimpina wali # ku Alloh parantos jangji.
karomat nu katiluna # nyarengan waktos babarna,
sarebu saratus bayi # sadaya jaranten wali. nu kaopatna teu kersa # nginang diwaktos siangna, margi ngahurmat ka sasih # romadon mulia tur bersih.
ari anu kalimana # katawis na walikatna, tilas dampal anu suci #
kagungan rosul terpuji. kapungkur scara ruhani # taktakna munggu ka nabi, sawaktos miroj nu suci # kadampal agungna nabi.
mugi Alloh ngajantenken # ka urang anu nuturken,
disagala kasulitan # muga aya perbantosan. karomat wali estuna # buah istiqomahana, mugi urg kersa nyukcruk # kana elmu jeng pangwuruk.
Gusti Alloh kantos jangji # ka jalma nu cinta wali,
rahmat ampunan na gusti # sareng syafa'at ti nabi. ilahi robbi panyungken # ti jisim abdi kabulken mugi2 di angken keun # golongan nu disebatken.
lajeng tuan syekh ditutur # elmuna luhur kamasyhur,
margi bukti tikapungkur # getol tholab jeng tafakur. singkilna tekad nu kuat # meruhken nafsu nu jahat, dua puluh lima taun # nyepenken hate disuhun.
ari akhlaq kanjeng wali # bangetna sieun ku gusti
sahingga gampil kaluar # cisoca anu marabay. kawaris akhlaq anjena # ti kanjeng nabi ngocorna kawaris kasep rarayna # ti nabi yusuf caangna.
sifatna siddiqna sohabat # adil hilim sarta hebat.
raksukana kanjeng wali # ku sobar tara ngaciri duh gusti angkeun ken abdi # ka jalmi nu cinta wali dunya akheratna abdi # sangkan kengeng rido gusti.
lajeng kantos dikisahken # nabi khidir dipendakeun
wasiat ka kanjeng wali # omat ulah ingkar jangji kanjeng wali dimukimken # salami tilu taunen duh gusti mukimken abdi # reng jalmi nu cinta wali.
kanjeng wali mah biasa # sholat subuh wudlu isya
deudeuheus kanu kagungan # tara kersa di anjangan sering katingal cahaya # nyorot ka kamar anjena. teu liren lirena sora # unjukan bari salamna.
ya alloh robbul izzati # ku mulyana hamba gusti.
mugi ngeclak kana ati # tetesan ti nur na gusti. ari tangtungana wali # jujur tara ingkar jangji. tumut patuh ka ibuna # ngabuah rampog tobatna.
shollalloh ala muhamad # shollalloh alaihi wa sallam
sholawat salam ka nabi # ti jalmi nu cinta wali. dipasihan kanjeng wali # diciduhan tujuh kali dina letah kanjeng wali # ngazohir iktsir na nabi lajeng sumping sayyid 'ali # nyiduhana genep kali kusabab adab ka nabi # nyumponan parentah gusti. kanjeng wali kasumpingan # saratus ulama nya-an, gaduh pirang pertarosan # ku wali diwaler pisan
abdul qodir aljilani # saurang pamimpin wali
pawaris rosul jeng nabi # kakasih terpilih gusti kanjeng nabi sasauran # ka anjena eces pisan dampal sampeana wali # luhuren taktak sakari
saha wali nu ngingkaran # bakal ilang kawalian
bahkan kapungkurna bukti # wajib abdas nyebat nami saur sapalih ulama # kanjeng wali mah biasa dawam na hirzul yamani # ijazah ti sayyid ali
jalma nu muntang saraya # ka gusti lewat anjena
dipaparin ijabahna # dilebur kabeh dosana. nun gusti abdi nyuhunken # ka gusti anu ngobulken ku wasilah kanjeng wali # qobulkena hajat abdi
ampuni dosana abdi # dosa sepuh, guru, wargi.
dosa tikawit kasuhun # mugi dipaparin ampun. dipaparinan anjena # agungna asmaul husna matak doana ge matih # nu maot ge hirup deuih
doana ti kanjeng wali # awewe jadi lalaki
karomatna kanjeng wali # kalayan widina gusti salametna hiji jalma # tina takonan quburna munkar nakir kantos nyaksi # agungna kakasih gusti
luhungna syekh abdul qodir # tiasa ngarobah taqdir
tangtos karna qudrot gusti # nyarengana tur ngabukti lajengna kantos kacatur # aya manuk nu diluhur na luhur mastaka wali # tuluy manuk eta mati.
sholawat salam ka nabi # ti jalmi nu cinta wali
mugi lebet tur ditampi # kami janten umat nabi ieu manaqibna wali # kakasih deheusna gusti ngajadiken hiji ciri # kawasa gusti teh bukti
alap² dipaehken # ku bismilah dihirupken
sadaya santri ningali # karomat wali ngabukti tur para abid nu aya # dimerdekakeun anjena tur diwusulken ka gusti # sadaya jaranten wali
anggoana abdul qodir # naretes inten di pinggir
ka saha jalma nu menta # kanjeng wali tara nunda tuan syekh dicariosken # tapa opat puluh dinten teu tuang sareng teu kulem # damelna deuheus tur ngalem
sawaktos akhir kholwatna # ti langit lungsur tuangna
dijajap ku malaikat # unjukan salam tur hurmat dina manaqibna aya # tuan syekh dadawuh nyata jukut cai madrasahna # ka to-un jadi ubarna
qodassallohu sirrohu # wa nawwir doriihahu
wanfa'na bi ulumihi # wa amitna fi hifzhihi teras kanjeng syekh kacatur # dina manqobah kamasyhur hayam paeh hirup deui # bukti karomatna wali
kanjeng wali bukti loman # harta banda teu lebaran
kuda mewah dicawisken # piken jalma nu butuhen bukti tuan syekh nu gagah # taya jin nu bangkawarah sadaya tunduk tur patuh # estuning jadi pesuruh
nun gusti pangeran abdi # ku berkah manaqib wali
nyumponi kabutuh diri # nyumponi hajat ka gusti kanjeng syekh kantos ziarah # makam nabi di madinah asta nu mulia nepangan # diambung tur na emunan
shollalloh ala muhammad # ya robbi sholli wa sallim
shollalloh ala muhammad # ya robbi sholli wa sallim khoriqna wali nu sanes # nu kamasyhur sarta eces boborana kanjeng wali # di tujuh puluh na bumi
dina dinten anu sami # sadaya pendak jeng wali
tur salamet hiji istri # tina pasekna lalaki dicariosken gamparan # tugasna seu2r karuhan salametna hiji wali # uihna pangkat ti gusti
dua belas pisan bukti # sifatna luber ti gusti
sahingga sengit kamasyhur # agung akhlakna nu luhur wasta syekh kanji muridna # nyaksi bukti karomatna sorban hejo hadiahna # mahkota rijal mafhumna
lajeng kantos kabeberken # karomat nu di pedarken
hiji istri anu mandul # palay gaduh putra nyusul di tingal lauh mahfuzhna # teu gaduh katurunana teras dedeheus ka gusti # tungtungna wujud ngabukti
tujuh putra dipasihan # ku berkat du'a gamparan
patawis sareng nu gaduh # tina hiji janten tujuh sareng dina mangsa gentos # mangsa taun anu atos panon poe ge unjukan # waktos oge lalaporan manusia sarta bangsa jin # sarta oge malaikat sadaya nyarungken izin # ngamurid hoyong diangkat satiap wasta muridna # tikawit dugi tungtungna kengeng pangbela na wali # moal disiksa tah pasti
munkar nakir kantos jangji # ka tuan syekh widi gusti
moal rek nembongken rupi # nu serem ka murid wali gusti ge moal rek nyiksa # ka muridna ku naraka ngahurmat ka kakasihna # ngamulyaken ka Nabina.
manqobah nu salajengna # nutur ajaib ramona
kasaha jalma nu ngenyot # lengit lapar ba'da lesot sampeana nincek cai # lauk ge nadeuheus ngarti nembongken budi pekerti # ngahurmat ka tuan wali
hiji waktos kanjeng wali # kholwat dikamar semedi
datang syetan rek mangrupa # ngaku gusti tur ngadoja kanjeng wali teu katipu # ku iblis nu rek nyaliru tarompah janten senjata # nenggor setan nu pohara
kanjeng wali tos wasiat # ka urang supaya toat
sareng berbagaina sifat # hade budi tong khianat sing saha jalma nu boga # hajat nu berat tatamba solat hajat tur tawasul # ka kanjeng wali nu unggul silih mulud sabelasna # waktos tuan syekh mulihna nampi serat ti pangeran # izroil janten lantaran kirang langkungna nu ringkas # manaqibna anu jelas mugi mugi janten saksi # tina rasa cinta abdi.
sholawat salam ka nabi # ti jalmi nu cinta wali
mugi lebet tur ditampi # abdi janten umat nabi wahai kanjeng syekh panyungken # abdi sadaya tetepken dina catetan gamparan # angken murid tur caangan
ya nabi salam alaika # ya rosul salam alaika
wa yaa sayyid aljilani # wa yaa qutbush shomadani (alfatihah)
BÜYÜ REHBERİ - Büyü Tarifleri, Ritüel Tarifleri, Aşk Tılsımları: Evde Yapılabilen En Etkili Büyüler: Büyüler, Ritüeller ve Tılsımlar - Aşk Tılsımları, Şahmeran Büyüsü, Mum Ritüelleri, Sevişme Muskası