Sie sind auf Seite 1von 1

PANGJURUNG LAKU (Biantara Wawakil Guru)

Assalamu'alaikum. wr. wb.

Alhamdulillahirobbil'alamin. Washolatu assalamu 'ala asrifil ambiyai wal mursalin, sayyidina


muhammadin wa'ala alihi washobihi ajma'in.

Sadaya puji kagungan Alloh nu murbéng alam. Alhamdulillah, dina danget ieu urang sadaya dipaparin
kaséhatan sareng kakiatan, tiasa kempel ngariung di ieu patempatan, dina raraga ngaluuhan acara
paturay tineung sareng ngajurung dunga ka siswa-siswi kelas XII anu parantos lulus ti ieu sakola.

Solawat miwah miwah salam mugi salamina dicurah-limpahkeun ka jungjunan alam, Nabi
Muhammad saw., ka kulawargina, ka parasohabatna, ka jalmi-jalmi anu saroléh, tug dugi ka urang
sadaya salaku umatna anu tumut kana ajaranana.

Hadirin hormateun simkuring, danget ieu téh wuwuh kebek ku ka- bingah sareng kabagjaan. Rehing
siswa-siswi kelas XII parantos tamat di- ajar, nyukcruk élmu di ieu sakola. Enggoning diajar ngulik
pangarti nyiar pangabisa di ieu sakola. Kantenan ieu téh hiji kareueus kanggo urang nu janten
sepuhna

Salami tilu taun parasiswa diatik sareng diaping ku Ibu kalih Bapa Guru, dipaparin élmu keur
pibekeleun maranéhna jaga dina mangsa nu bakal da- tang. Diajar téh teu cukup ku di sakola, dididik
ku Ibu sareng Bapa guru wungkul. Nu langkung utama mah nyaéta didikan ti Ibu sareng Ramana.

Ka hidep sadaya, siswa kelas XII anu badé ngantunkeun ieu sakola, Ibu sareng Bapa guru mung tiasa
ngajurung, mugi-mugi hidep sadaya sing tiasa neraskeun sakola ka nu langkung luhur. Sing langkung
suhud diajar sareng motekar néangan élmu. Sabab élmu téh kasaktén diri. Geuning aya dina
sisindiran, Lauk emas nyuhun ganggeng, disamberan ku japati; Boga emas moal langgeng, feu cara
boga pangarti. Élmu mah langgeng teu kawas harta banda, tur hampang teu riba mamawana.

Mugi-mugi hidep sadaya sing jucung sing nanjung. Dina réngkak jeung paripolah, boh di sakola boh di
lingkungan masarakat. Urang mah urang Sunda, kawentar tatakramana. Adab sopan ka sasama, hadé
budi tur soméah. Rengkuh ajrih ka saluhureun, héman nyaah ka sasama, béar bageur ka sa-
handapeun. Lamun seug ku hidep dicekel jadi papagon dina hirup kumbuh sadidinten, tinangtu hidep
jadi jalma nu dihormat tur diajénan ku nu lian.

Pamungkas, Ibu sareng Bapa Guru mung saukur ngajurung laku, mu- gi-mugi naon rupa anu jadi
harepan jeung cita-cita hidep sadaya, sing lak- sana linekanan. Teu hilap, kalayan asmana Ibu kalih
Bapa Guru sadayana, nyuhunkeun dihapunten bilih aya kalepatan. Clik putih clak herang, caang bulan
opat welas, urang lubarkeun samudaya kaluluputan.

Sakitu nu kapihatur, langkung saur bahé carék, hapuntenna anu kasuhun.

Wassalamu’alaikum wr. Wb.

Das könnte Ihnen auch gefallen