Sie sind auf Seite 1von 8

NASKAH DRAMA KOLOSAL DINA RARAGA

“MUNGKAS LAWUNG”
SMA NEGERI 1 GARAWANGI KAB. KUNINNGAN
TAHUN AJARAN 2018-2019

Kéng. Bantongor Corp.

MUNGKAS LAWUNG
(MUSIK BUBUKA NU HALIWU: SORA GOONG, SORA SIRINEU, SORA GULUDUG NU
GUMURUH, SORA BARANG NU MURAG. DIPUNGKAS KU SORA NABEUH TIHANG
LISTRIK ATAWA BEUSI TILU KALI)
Prolog:
Kalayan nyebat jenengan Allah nu kagunggan puji, nu ngarajaan sagala alam, neda sah piwelas,
muhit sih piasih, sangkan diparengan jalan balungbang. Jalan cahaya nu nyacas hérang.
Marengan nu seja mungkas bari naratas dina lawung nu pinuh kagandrung
Prolog:
Kolosal pangbagéa Naskah Mungkas Lawung. Dikawitan!
(ROMBONGAN BATU (RB) JEUNG ROMBONGAN OTAK KÉRÉSÉK (OK) ASUP, RB
TULUY DIKETRÉKKEUN. BISA KU DUA LEUNGEUNNA/BIASA BISA NGAWANGUN
FORMASI NU ANTUKNA SIGA NGADUKEUN BATU ANU DICEKEL KU PAPADANA.
ROMBONGAN OK IEU PUNGSINA MAPAÉSAN SAGALA NU AYA, FOKUS KANA
KÉRÉSÉK ANU DICEKELNA. FORMASI ANU DIWANGUN KAASUP BÉBAS TAPI
MERENAH TUR NGEUSIAN ROHANG-ROHANG KOSONG SANGKAN KAEUSI JEUNG
TEU BEURAT SABEULAH)
Lagu:
Lawung pamuka lawang
Gelebur hurung ngempur
Sagarawangi

(MUSIK CEUYAH. RAMÉ. SAGALA INSTRUMEN NU AYA NGAWANGUN MUSIK.


NGAJADI HIJI KOMPOSISI NU PINUH JEUNG HANDARU TAPI NGAWANGUN
SUASAN HÉGAR TUR SUMANGET NGAGEDUR)
(NU MAWA BATU: Héy… Héy… Héy… Tayo!)
(SORA BATU TERUS DIKETRÉKEUN)

Prolog (Haleuang):
Rajah Pamuka
“Mungkas Lawung”

Gandrung…
Indung… ngandung… ngungkung
Dina kurung nu ngarungkup
Dina raga nu ngarasa
Ngajugjug cunduku rahayu
Nyorang mangsa utama
Nu nyaliara wening asih
Nu Ngaliuh ngahuru kalbu
Parancah panyinglar bahla
Puah. Pait. Jauh.
Ka rugrug gunung
Kubur kalarung waktu
Hur sinyur
Jauh tagiwur
Runggunuk rahayu tumplek ka awaking
Gandrung…
Liwung nundung sumujud waktu.

(ASUP TOKOH INDUNG JEUNG BUDAKNA) (FORMASI RB JEUNG ROMBONGAN OK


MUSEUR JEUNG MÉRÉ ROHANG KA TOKOH)

Prolog awéwé:
Sepuh nu nyipuh, kolot nu nyombo
Salawasna ngahujanan ku asihna
Ku hémanna. Kanyaah paripurna
Indung salapan sasih ngandung
Bapa percéka nyiar kipayah
Marengn lunta ujang, nyai ka manjingna
Ka hiji mangsa, walatra kasorang
Ujang, nyai Manjing walagri
(BUDAK DIANTEUR KA GERBANG SAKOLA)

Prolog lalaki:
Bingah amarwata suta
Harita munggaran nincak ka SMAGAR
Dijajap sepuh teu rumahuh
Rénghapna wilétan dunga
Nitipkeun harepan ka salira
Sangkan ludeung dina nyorang kahirupan
Bari tumarima kana kadar
Harita mangsana
Digodog na kawah Candradimuka
SMA Negeri 1 Garawangi

(GURU ASUP NYAMPEURKEUN, MAPAG BUDAK)


(INDUNGNA NITIPKEUN KA GURU KU SEMU NU PINUH KU HAREPAN, TULUY
NINGGALKEUN BUDAKNA, GUGUPAY, BUDAK NGALÉNGKAH BANGUN ASA-ASA.
SIEUN. BISI. JEUNG SAGALAN JADI PAGALO. DINA LÉNGKAH KA TILU NGABRUL
ROMBONGAN EKSTRA PRAMUKA. GURUNA NGAJEUJEUHKEUN SANGKAN AUB)
Prolog PRAMUKA:
PRAJA MUDA KARANA
SMA Negeri 1 Garawangi lir Patapan
Siswa teu bina Taruna Jaya
Nu disipuh ku pangaweruh
Disapih ku pangarti
Gelar Pramuka
keur ngahontal kandaga karancagéan
Ambalan Kéan Santang, Ambalan Rara Santang
Miang tandang makalangan
Sangkan ngawris ka diri
Wawanén Kéan Santang
Percéka Rara Santang
Tumerap marengan léngkah urang.

Prolog Pionéring:
Pionéring téh hiji karancagéan
Hiji lambang sangkan pageuh cecekelan
Paheuyeuk-heuyeuk leungeun paantay-antay tangan
Geusan urang ngawangun sauyunan
Teu adigung adiguna
matri lir dalitna cai

(ADEGAN BUDAK NYAMPEURKEUN ANU KEUR PIONERING TAPI KALAH BEUKI


PAJEUJEUT, LAJU MILUAN PBB, TAPI KALAH TEU PAS JEUNG KOMANDO NU
DIINTRUKSIKEUN) (BUDAK KALUAR TINA BARISAN MUNCUL ROMBONGAN
PASKIBRA TI LUAR, PRAMUKA KALUAR TI PANGGUNG, PASKIBRA
NÉMBONGKEUN KAMONÉSANNA DINA WIDANG BARIS, BUDAK PANASARAN
JEUNG HAYANG MILUAN, MANEHNA ASUP BARISAN, TAPI LANGSUNG DIHUKUM
POSISI BENDING LANTARAN DIANGGAP TELAT DATANGNA)

Prolog PASKIBRA:
PASKIBRA YAKUZA
Manteng sumanget para pahlawan
Bajoang keur kamerdékaan
Kélébét beureum bodas
Indonésa Pusaka
Yakuza réngkakna
Mageran bandéra Indonésia
Sanyata laratan lemah kapapay
Sangkan abdi panceg ngadiri
Saméméh ngahiji ka lemah cai

(FORMASI NUNGTUT BUBAR, TIM PENCAK SILAT DARATANG DIPAPAG KU


KENDANG PENCAK) MANEHNA LANGSUNG NGABARIS DI ANTARA BARISAN
PENCA, TERUS METAKEUN SABABARAHA JURUS, TERUS ADU TANDING,
MANÉHNA ÉLÉH)
Prolog mapag PENCAK SILAT: (Musik pencak silat)
PENCAK SILAT “PERISAI DIRI”
Lain duméh jawara, sok komo ngadon ngajago
Niat nyingkah tina lampah salah,
Ngajauh tina laku takabur
Geusan miara raga
Tangginas dina kaimanan
Jeung katakwaan ka Nu Kawasa.

(NGARASA ÉLÉH TULUY SILIH HORMAT PASUKAN PENCAK UDAR, TIM BASKÉT
JEUNG BOLA GEUS TATAN-TATAN. BOLA BASKÉT DIOPER, BUDAK JADI JAGA.
NEPI TEU BISA NGAREBUTNA, DIOPERAN BOLA, NU SAURANG STREAT BALL SI
BUDAK NYOBAAN TAPI TERUS GAGAL NEPI KA TERUS WAÉ MURAG BOLANA)

Prolog BOLA, BASKÉT:


Bola téh lambang bumi urang
Lir jaman nu salawasna kudu diigelan
Lir wanci anu salawasna kudu diibingan
Najan anggang terus nungtutan
Haling rintang ngadeukeutan
Ukur hiji tujuan
Kudu leuwih unggul batan lawan.
(TIM RB JEUNG OK NYIAPKEUN KORSI PIKEUN NGALAKSANAKEUN UJIAN.
LUMANGSUNGNA UJIAN DIBARENGAN SORA TIKTEKNA JAM, NU UJIAN TIM
ARTISTIK JEUNG BUDAK, UJIAN LEKASAN. SAKABÉHNA SARUKA BUNGAH
LANTARAN NARIMA WARTA LULUS TINA UJIAN SAKOLA)
Prolog keur KORÉO RB / Pasukan Batu:
Aya nu leuwih teuas manan cadas
Aya nu ngabaranyay tina socana
Tanda nyingkah sakur angkara
Punah kahuruan mangsa

(Pasukan RB Kaluar)
(BUDAK SORANGAN. BANGUN KALEUNGITAN)
Dijajap ka sakola ayeuna dipapag deui ka sakola
Binarung léngkah nyaah
Linding asihing asih
Dunga nu marengan lalampahan salira

Prolog:
Hatam tina sakur ujian,
Weléh manggihan teu daya
Teu bisa geuning, kuring teu bisa nanaon!
Tutas nyuprih pangarti
Kuring ngan ukur bisa ménta hampura ka Ema
Duh, ema, hampuraaaaa….
Geuning kuring can boga kabisa
Kuring nu sakieun bodona.
Gusti
(INDUNG ASUP)

(TOKOH INDUNGNA NYAMPEURKEUN BEUKI DEUKEUT)


Prolog:
Téater Istunnink

(TOKOH SÉJÉN DATANG, NYACAMPAH)


Tokoh:
Cumah anjeun mah, cumah sakolah téh. Euweuh pulungeunana!
Euweuh kabisa! Euweuh! Cumah!
Teu kudu sakola ari rék ngadon bobogohan mah!
Cumah! Cumah! Cumah!

Prolog :
Mungkas lawung mupus kagandrung
Kamelang indung kalarung terus ngabaju
Layung seumerep ka sumsum balung
Ngahuru puluh-puluh tungtung
(TERUS BEUKI HALIWU, BUDAKNA MEUNGPEUN CEULI)
Indungna:
Nyai, anaking. Keur ibu mah anjeu geus jadi juara, juara dina hate ibu, dina haté bapa. Hidep
ulah nyasalah pedah teu bisa. Jug geura papay laratan udagan, udag cita-cita nu geus lawas
kaimpikeun. Ayeuna mangsana anjeung tutas sakola kudu nyanghareupan hirup sabenerna. Cag
geura miang!
(BUDAK LUNCAT BANGUN BUNGAH)
(Tamat)

RUNTUYAN “MAPAG SENATOR”


(TIM PROPERTI NYIAPKEUN MÉJA SÉNAT, SÉNATOR DIPERENAHKEUN DI
TEMPAT) TARIAN PAYUNG. TARIAN NYINGLAR SAUKUR BAHLA)
Prolog:
Wilujeng Sumping ka Senator SMA Negeri 1 Garawangi
Upacara mapag senator dikawitan.
(PAYUNG TANGTUNG MURU PANGGUNG NÉMBONGKEUN KABINÉKASAN,
KARANCAGÉAN, TULUY SINTA ASUP, NGIBING SODÉR, DISUSUL KU PENARI
SÉJÉN, SÉNAT DIPAPAG, HORMAT, SINTA NGAHATURANAN SANGKAN
DIPERENAHKEUN, RÉNGSÉ DIHATURANAN PAYUNG, PENARI, JEUNG SINTA
AMITAN, KALALAUAR SAKABÉH TOKOH ANU NGABAGÉAKEUN OGÉ KALUAR. )

Dihaturanan Wilujeung sumping ka:


Bapak kepala sekolah SMA NEGERI 1 GARAWANGI
Bapak Komite sakola SMA NEGERI 1 GARAWANGI
Bapak kepala sekolah SMA NEGERI 1 GARAWANGI
Apresiasi anu pangluhurna kanggo senator SMA NEGERI 1 GARAWANGIS

Das könnte Ihnen auch gefallen