Sie sind auf Seite 1von 2

NAMA : SALMA HAURA NABILA

KELAS : IX D AN-NISA

MEKARKEUN KASENIAN TRADISIONAL

Kasenian tradisional nyaeta kasenian anu napak dina tradisi atawa kabiasaan masarakat.
Rupa-rupa kasenian Sunda kayaning; calung, reog, degung, kendang penca, jaipongan, kaasup
conto kaseian tradisional. Tangtu wae ieu kasenian teh ku urang kudu dimekarkeun ngarah tetep
dipikaresep ku balarea sarta henteu tinggaleun jaman.

Salah sahiji conto kasenian Sunda anu geus dimekarkeun nyaeta jaipongan. Keur urang
Sunda mah kawasna geus teu bireuk deui kasenian jaipongan teh bubuhan sakitu populerna.
Upama dibandingkeun jeung kasenian sejenna, kayaning calung, angklung atawa reog, jaipongan
leuwih loba nu mikaresep.

Pangna kitu lantaran daya tarik ieu kasenian leuwih punjul, pangpangna dina lebah unsur
gerakan. Lamun ditilik tina sajarahna, jaipongan teh asalna tina kasenian ketuk tilu, nyaeta
kasenian anu diigelan ku ronggeng atawa dombret disebutna di wewengkon basisir kaler mah.

Eta ketuk tilu teh tuluy diropea ku Gugum Gumbira, salasaurang seniman karawitan
Sunda. Ditambahan deui boh dina tatabeuhanana, boh dina gerak ibingna. Gerak ibingna
dipasieup deui ku gerak silat, tari moderen, jsb. Ngaranna oge tuluy robah, tina ketuk tilu jadi
jaipongan.

Kasenian jaipongan kiwari geus pohara mekar jeung sumebar ka mana-mana. Kamekaran
henteu ukur di panggung wungkul, tapi beuki lega ambahanana. Dina dunya rekaman upamana,
kiwari geus pohara lobana kaset-kaset rekaman jaipongan. Urang bisa manggihan meh di unggal
toko kaset. Ku kitu teh manusabah lamun jaipongan beuki kawentar ka mana-mana.

Malah lain bangsa urang bae nu resepeun, bangsa deungeun oge teu saeutik anu
kasengsremeun. Loba urang asing anu dialajar sarta bisa ngigel jaipongan.
Dina kahirupan sapopoe, apan mindeng pisan lamun aya nu hajat teh sok nanggap jaipongan.
Uji Kompetensi 1
Sabada niténan conto artikel di luhur, cing eusian ieu pananya !

1. Kaasup jenis naon artikel di luhur ?


Kaasup jenis artikel eksposisi, sabab medarkeun hiji jejer.

2. Cing, tuliskeun bagian bubuka éta artikel !


Kasenian tradisional nyaeta kasenian anu napak dina tradisi atawa kabiasaan masarakat.
Rupa-rupa kasenian Sunda kayaning : calung, reog, degung, kendang penca, jaipongan,
kaasup conto kasenian tradisional. Tangtu ieu kasenian teh ku urang kudu dimekarkeun
ngrah dipikaresep ku balarea sarta heunteu tinggaleun jaman.

3. Naon baé nu dijéntrékeun dina bagian eusi artikel ?


Salah sahiji conto kasenian Sunda anu geus dimekarkeun nyaeta jaipongan. Jaipongan teh
leuwih loba anu mikaresep tibatan kasenian sejenna. Lantaran daya tarik ieu kasenian leuwih
punjul, pangpangna dina lebah unsur gerakan. Kasenian jaipongan kiwari geus pohara mekar
jeung sumebar kamana-mana. Malah lain bangsa urang bae nu reseupeun, bangsa deungeun
oge teu saeutik anu kasengsremeun.

4. Hal naon nu ditulis dina bagian panutup ?


Malah lain bangsa urang bae nu reseupeun, bangsa deungeun oge teu saeutik nu
kasengsremen. Loba urang asing anu dialajar sarta bisa ngigel jaipongan. Dina kahirupan
sapopoe, apan mindeng pisan lamun aya nu hajat teh sok nanggap jaipongan.

5. Tuliskeun kecap-kecap nu dianggap popular dina éta artikel !


Rupa-rupa kasenian Sunda kayaning; calung, reog, degung, kendang penca, jaipongan

6. Jieun kalimah tina kecap-kecap ieu di handap!

a. Pikaresep
Si Fahri teh budakna pikaresepeun pisan..., keur mah kasep,pinter, sholeh deuih.

b. kiwari
Kiwari keur usum panyakit corona.

c. tradisional
Ubar tradisional leuwih aman tibatan ubar bahan kimia.

d. kasenian

Kasenian teh ku urang kudu dimekarkeun ngarah tetep dipikaresep ku balarea sarta
henteu tinggaleun jaman.

e. populer
Keur urang Sunda mah kawasna geus teu bireuk deui kasenian jaipongan teh bubuhan
sakitu populerna.

Das könnte Ihnen auch gefallen