Sie sind auf Seite 1von 3

‫اَل َّساَل ُم َع َل ْي ُك ْم َو َرحْ َم ُة هللا َو َب َر َكا ُت ُه‬

‫هّٰلِل‬
ُ‫ اَل ِا َل َه ِإاَّل هللاُ َوحْ دَ ه‬،ً‫ص ْيال‬ ِ ‫هللا ب ُْك َر ًة َوَأ‬ ِ ‫ان‬ َ ‫) هللاُ َأ ْك َب ُر َك ِبيْرً ا َو ْال َحمْ ُد ِ َك ِثيْرً ا َو ُسب َْح‬9×( ‫هللَا ُ َأ ْك َب ُر‬
ُ‫ اَل ِا َل َه ِإاَّل هللاُ َو اَل َنعْ ُب ُد ِإاَّل إيَّاه‬. ُ‫اب َوحْ دَ ه‬ َ ‫ص َر َعبْدَ هُ َوَأ َع َّز ُج ْن َدهُ َو َه َز َم اَألحْ َز‬ َ ‫صدَ َق َوعْ َدهُ َو َن‬ َ
‫هّٰلِل‬ ‫هّٰلِل‬
ِ ‫ ْال َح ْم ُد‬. ‫ هللاُ َأ ْك َب ُر َو ِ ْال َح ْم ُد‬،ُ‫ اَل ِا َل َه ِإاَّل هللاُ َو هللاُ َأ ْك َبر‬. ‫م ُْخلِصِ ي َْن َل ُه ال ِّدي َْن َو َل ْو َك ِر َه ْال َكا ِفر ُْو َن‬
ْ ‫ار َوَأ ْش ُك ُرهُ َع َلى ُم َت َرادِفِ َف‬ ‫َأْل‬ ‫ْال َملِكِ ْال َقه َأ‬
‫ض لِ ِه‬ ِ ‫ حْ َم ُدهُ ُسب َْحا َن ُه َو َت َعا َلى َع َلى ن َِع ٍم َت َت َوا َلى َكا ْم َط‬،‫َّار‬ ِ
َّ‫ َوَأ ْش َه ُد َأن‬.‫ار‬ ِ ‫ك َل ُه َش َهادَ ًة ُت ْن ِجيْ َقاِئ َل َه ا م َِن ال َّن‬ َ ‫ َأ ْش َه ُد َأنْ اَّل ِا َل َه ِإاَّل هللاُ َوحْ دَ هُ اَل َش ِر ْي‬.‫ار‬ ِ ‫مِد َر‬ْ ‫ْال‬
‫ض َل َمنْ َح َّج َواعْ َت َم َر‬ َ ‫ص ِّل َو َسلِّ ْم َع َلى َس ِّي ِد َنا م َُح َّم ٍد َأ ْف‬ َ ‫ اللَّ ُه َّم‬.ُ‫م َُح َّم ًدا َع ْب ُدهُ َو َرس ُْولُ ُه ال َّن ِبيُّ ْالم ُْخ َتار‬
ِ ‫ َأ ُع ْو ُذ ِبا‬. ‫اعتِ ِه‬
‫هلل‬ َ ‫هللا َو َط‬ ِ ‫هللا َو َن ْفسِ يْ ِب َت ْق َوى‬ ِ ‫ار َأمَّا َبعْ ُد َفُأ ْوصِ ْي ُك ْم عِ َبا َد‬ ‫َأل‬ ‫َأ‬
ِ ‫َو َع َلى اَلِ ِه َو صْ َح ِاب ِه ا ب َْر‬
‫ َلنْ َّي َن ا َل هّٰللا َ لُح ُْو ُم َه ا َواَل ِد َم ۤاُؤ َه ا َواَل ِكنْ َّي َنالُ ُه ال َّت ْق َوى ِم ْن ُك ْم قلى َك َذال َِك‬: ‫ان ال رَّ ِجي ِْم‬ ِ ‫ْط‬ َ ‫م َِن ال َّشي‬
‫َس َّخ َر َها َل ُك ْم لِ ُت َك ِّبر ُْوا‬
‫هللا َع َلى َما َهدَا ُك ْم قلى َو َب ِّش ِر ْالمُحْ سِ ِني َْن‬
َ

KURBAN SABAGE WUJUD KATAKWAAN

Hadirin Kaum Muslimin Rahimakumullah !.

Saban taun, dina suasana mieling Idul Adha, 10 Dzulhijjah, urang sadaya maos kalimah
tauhid, takbir, tahmid jeung tahlil. Ngucapkeun kalimah tauhid nuduhkeun kateguhan pangakuan
yen Allah teh Maha Tunggal, teu aya sekutu pikeun Mantenna. Kalimah takbir mere gambaran
anu kuat ka urang yen Allah teh Maha Agung tur Maha Gagah, moal aya anu bisa nandingan
kaagungan jeung kagagahan-Na. Kalimah-kalimah mulya ieu ayeuna nuju ngaguruh di mana-
mana ku umat Islam di sakuliah dunya, boh di belahan kulon, wetan, kaler jeung kidul. Cindekna,
kalimah-kalimah ieu nuju dikumandangkeun ku ummat Islam sakuliah dunya. Samentawis
ditempat anu tebih, di tanah suci Mekah, tempat moncorongna Islam, umat Islam, tamu-tamu Allah
anu nuju ibadah haji oge ngucapkeun kalimah talbiyah, nyaeta:

َ ‫ْك َل‬
‫ك‬ َ ‫ك َو ْالم ُْل‬
َ ‫ك اَل َش ِري‬ َ ‫ ِإنَّ ْال َحمْ دَ َوال ِّنعْ َم َة َل‬،‫ْك‬
َ ‫ك َل َّبي‬
َ ‫ْك َل‬
َ ‫ك اَل َش ِري‬ َ ‫ْك اللَّ ُه َّم َل َّبي‬
َ ‫ َل َّب ْي‬،‫ْك‬ َ ‫َل َّبي‬
Hartosna: “ Abdi nyumponan panggilan Gusti, Ya Allah, abdi nyumponan panggilan Gusti. Abdi
nyumponan panggilan Gusti, teu aya sekutu ka Gusti, Abdi nyumponan panggilan Gusti.
Saleresna sadaya pujian, limpahan ni’mat sareng kakawasaan, wungkul kagungan Gusti, teu aya
sekutu ka Gusti ”.

Hadirin, Jama`ah Shalat `Idil Adlha Anu Mulya !

Lebaran Idul Adha anu disebat oge Hari Raya Kurban ngemutkeun urang ka Nabiyullah
Ibrahim as sareng putrana, Ismail. Ismail nyaeta hiji-hijina putra Nabi Ibrahim anu tos mangtaun-
taun dipiharep ayana. Salaku putra hiji-hijina, Ismail sanget dipikacinta kunu janten ibu-ramanana.
Dina nuju kayaan silih pikanyaah kitu, lungsur piwarangan ti Allah ka ramana, nyaeta Nabi
Ibrahim, sangkan midamel kurban ku cara meuncit putrana nyalira, nyaeta Ismail. Nabi Ibrahim
a.s, kalayan pinuh ku kata’atan anu sampurna kersa ngalaksanakeun piwarangan, sareng nalika
Nabi Ibrahim nyarioskeun piwarangan ti Allah pikeun meuncit putrana, Nabi Ismail henteu nolak.
Anjeunna kersa nampi eta piwarangan sareng neguhkeun ramana yen anjeunna bakal nampi
piwarangan kalayan pinuh ku kata'atan sareng kasabaran.

Duanana tos jelas ngebrehkeun sikep hoyong ngadamel pangorbanan anu kacida
ageungna. Kersana Nabi Ibrahim kanggo ngalaksanakeun parentah, sareng kersana Ismail nampi
kana parentah, mangrupakeun bukti tina kataatan marantenna anu teu aya tandingan kana
piwarangan Gusti Allah. Urang tiasa ngabayangkeun kumaha jadina lamun urang sorangan ngan
gaduh putra hiji-hijina, sareng eta putra kersa nampi dipeuncit pikeun ngalaksanakeun piwarangan
Gusti Allah. Nabi Ibrahim sareng nu janten putrana (Ismail) parantos ngalaksanakeun eta
piwarangan kalayan pinuh ku kataatan, karelaan sarta pinuh ku kapasrahan. Pangorbanan anu
dilakukeun ku dua hamba Allah ieu mangrupikeun ujian sareng pangorbanan anu ageung pisan,
anu henteu aya bandinganana sareng teu aya bandinganana dina sajarah umat manusa dugi ka
ayeuna. Pangorbanan sareng ujian anu anjeunna duaan dilaksanakeun ayeuna kacatet dina
sajarah salaku kajadian anu teras-terasan sapanjang jaman, anu disebat Idul Qurban.
Pangorbanan sareng ujian sapertos kitu tiasa ditanamkeun dina manah urang sadaya sabage
pelajaran anu berharga. Sabalikna, kacida alitna ujian sareng pangorbanan urang anu ngan ukur
ngorbankeun sabagian tina naon anu kapimilik ku urang pikeun ngalaksanakeun parentah Gusti
dina dintenan Kurban.

Hadirin jamaah Idul Adha, Rahimakumullah !.

Pangorbanan anu dilakukeun ku Kangjeng Nabi Ibrahim sareng Nabi Ismail kedah
diteladani sareng dipiconto, dina hartos yen urang, kalayan kamampuan anu aya, kersa patuh
sareng tunduk kana parentah Allah kalayan ngorbankeun sabagean harta anu dipimilik ku urang
sareng ngorbankeun naon perkara anu ku urang dilaksanakeun anu katingalina henteu saluyu
sareng parentah sareng petunjuk Gusti Allah.

Dina dintenan Idul Adha, jalmi-jalmi anu mampu kanggo ningalikeun kerelaan kurban
kalayan meuncit sato ingon-ingon. Meuncit sato kurban ngocorkeun getih sarta ngahasilkeun
daging anu bakal dibagikeun ka jalmi anu ngagaduhan hak nampi. Peryogi diemut yen anu dinilai
ku Allah dina meuncit teh sanes getih anu ngeclak sareng sanes daging sato anu ngagaloler, tapi
kasucian jiwa sareng kaikhlasan manah sareng kersa berkorban. Hal ieu anu didawuhkeun ku
Gusti Allah dina Al-Qur`an surat Al-Hajj (37) ayat 37:

‫َلنْ َّي َنا َل هَّللا َ لُح ُْو ُم َها َو اَل ِد َماُؤ َها َو اَل ِكنْ َّي َنالُ ُه ال َّت ْق َوى ِم ْن ُك ْم‬
Hartosna: " Allah henteu nampi dagingna jeung getihna, tapi Allah rek nampi takwana ti aranjeun."

Kasucian jiwa sareng kaikhlasan dina ngalaksanakeun pangorbanan mangrupikeun unsur anu
penting pisan anu kedah diperhatoskeun ku urang sadaya. Ieu pondasi pikeun urang ngalaksanakeun
sagala amal jeung ibadah urang.

Dawuhan Allah dina ayat di luhur nunjukeun yen qurban anu ditampilkeun teh sanes ditingali tina
segi materi, kuantitas, sareng wujud lahiriahna, tapi anu katingali nyaeta kaikhlasan sareng niyat jalma anu
masihan kurban. Piwarangan pikeun ngorbankeun ka Kanjeng Nabi Ibrahim ku cara meuncit putrana,
Ismail, dina hakekatna mangrupi ujian kuatna iman sareng taqwa Nabi Ibrahim sareng Ismail. Gusti Allah
hoyong ningali sabaraha jauh karelaan sareng kasayogian duanana dina ngalaksanakeun eta piwarangan.
Ahirna, duanana parantos lulus ujian ti Gusti Allah jeung tiasa ningalikeun kualitas iman sareng taqwa,
sarta kalawan kakawasaan Allah Nabi Ismail anu bade dipeuncit ku Gusti Allah digentos ku hiji domba anu
ageung.

Allahu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar !. Hadirin, Rahimakumullah !.

Syareat Agama urang, nyaeta Islam marentahkeun pikeun meuncit kurban, anu mangrupi
sato ingon-ingon: domba, embe, sapi atawa onta. Anu dikurban teh sato. Ieu ngandung hartos
sakurang-kurangna dua, nyaeta: Kahijina, Sifat kahewanan anu aya dina jiwa hiji jalmi kedah
dikurbankeun jeung dipeuncit. Kaduana, Jiwa jeung padamelanana kedah dumasar kana tauhid,
iman, jeung taqwa. Sipat-sipat kahewanan dina diri manusa teh seueur, sapertos egois, sombong,
sipat anu nganggap yen ukur golonganna anu salawasna bener, jeung sipat anu nganggap batur
atawa jalma di luar kelompokna minangka mangsa atawa musuh.

Sifat sato anu sok teu weleh curiga, nyebarkeun gosip anu henteu leres, fitnah, sarakah,
rakus, sareng ambisi anu teu kaampeuh, henteu hoyong ningali kanyataan kahirupan, teu
mempan dipasihan nasehat, teu kersa nguping panggeuing , sareng sajabina sifat-sifat anu hina
dina pandangan Islam. Sifat-sifat anu kitu, upama dipiara jeung tumetep di hiji jalmi, bakal
nimbulkeun kateureugeujeugan hirupna, moal harmonis jeung lingkunganana, boh salaku individu
boh salaku anggota masarakat. Sifat-sifat anu kitu bakal ngagampangkeun jalan pikeun
nyiptakeun papaseaan jeung kaributan dina kahirupan. Ajaran Islam kalawan ajaran qurbanna
miharep hiji muslim kersa ngorbankeun sifat-sifat saperti kitu { anu awon } kalawan tujuan
sangkan stabilitas jeung katengtreman hirup di masarakat tiasa diwujudkeun sarta katengtreman
antara sasama manusa tiasa diwujudkeun.

Muga-muga wargi-wargi urang sadaya sareng sadaya ummat islam anu nuju ibadah haji
taun ayeuna disalametkeun salirana ku Gusti Allah, nyakitu deui kulawarga, harta sareng
agamana tina sadaya balai, musibah sareng tina kajahatan syetan. Hajina janten haji mabrur
makbul, tiasa ngalap hikmahna. Urang sadaya, mudah-mudahan ku Gusti Allah dipasihan nasib
kanggo ibadah haji ka Baetulloh sareng ziaroh ka padaleman Kanjeng Nabi SAW anu
diagungkeun. Aamiin !.

‫ت ِا َّن ُه ه َُو ْال َغفُ ْو ُر الرَّ ِح ْي ُم‬


ِ ‫هللا لِيْ َو َل ُك ْم َو ل َِج ِمي ِْع ْالمُسْ لِ ِمي َْن َو ْالمُسْ لِ َما‬ َ ْ‫اَقُ ْو ُل َق ْولِي‬
َ ‫هذا َواسْ َت ْغ ِف ُر‬

Khutbah Kadua

‫ اَ ْل َحمْ ُد هَّلِل ِ الَّ ِذيْ َنحْ َم ُدهُ َو َن ْس َت ِع ْي ُن ُه‬. ‫ هللَا ُ اَ ْك َب ُر َو هَّلِل ِ ْال َح ْم ُد‬. ‫) اَل ِا َل َه ِااَّل هللاُ َوهللاُ اَ ْك َب ُر‬7×( ‫هللَا ُ اَ ْك َب ُر‬
ْ‫ُض َّل َل ُه َو َمن‬ ِ ‫ت اَعْ َمالِ َن ا َمنْ َّي ْه ِد هللاُ َفاَل م‬ ِ ‫شر ُْو ِر اَ ْنفُ ِس َنا َو ِمنْ َس يِّ َءا‬ ُ ْ‫هلل ِمن‬ ِ ‫َو َنسْ َت ْغ ِف ُرهُ َو َنع ُْو ُذ ِبا‬
‫ْك َل ُه َو اَ ْش َه ُد اَنَّ َس ِّي َد َنا َو َن ِب َّي َن ا م َُح َّم ًدا‬ َ ‫ اَ ْش َه ُد اَنْ اَّل ِا َل َه ِااَّل هللاُ َوحْ دَ هُ اَل َش ِري‬. ‫ي َل ُه‬ َ َ‫يُضْ ل ِِل َفال َهاد‬
‫ اَمَّا‬.ِ ‫ص ِّل َو َسلِّ ْم َع َلى َس ِّي ِد َنا م َُح َّم ٍد وَّ َع َلى َءالِ ِه َواَصْ َح ِابه‬ َ ‫ اَللَّ ُه َّم‬. ُ‫َع ْب ُدهُ و ََرس ُْولُه ُالَّذِى اَل َن ِبيَّ َبعْ دَ ه‬
‫اغفِرْ ل ِْل ُم ْؤ ِم ِني َْن‬ ْ ‫ اَللَّ ُه َّم‬. ‫هللا َح َّق ُت َقاتِ ِه َو اَل َت ُم ْو ُتنَّ ِااَّل َو اَ ْن ُت ْم م ُّْس لِم ُْو َن‬ َ ‫هللا ِا َّتقُ ْوا‬ِ َ‫َبعْ ُد َف َي ا عِ َب اد‬
‫ اَللَّ ُه َّم اَعِ َّز ْاِإل ْس الَ َم َو ْالم ُْس لِ ِمي َْن‬. ‫ت‬ ِ ‫ت اََألحْ َي ا ِء ِم ْن ُه ْم َو ْاَألمْ َوا‬ ِ ‫َو ْالمُْؤ ِم َن ات َو ْالم ُْس لِ ِمي َْن َو ْالم ُْس لِ َما‬
. ‫ْن ِب َح ِّق َربِّ ْال َعا َل ِمي َْن‬ ِ ‫ك اَعْ دَا َء ال ِّدي‬ َ ‫الظالِ ِمي َْن و َ َدمِّرْ اَعْ دَ اَئ َنا َواَعْ َداَئ‬ َّ ‫َواَهْ لِكِ ْال َك َف َر َة َو ْال ُم ْش ِر ِكي َْن َو‬
‫ين َو ُر َّد ُه ْم‬ َ ‫مِر‬ ِ ‫اج َو ْالمُعْ َت‬ َ َّ‫ اَللَّ ُه َّم َسلِّ ِم ْالحُج‬. ُ‫اك َيا َرحْ َمان‬ َ ‫ض‬ َ ‫اَللَّ ُه َم َقوِّ ِا ْي َما َن َنا َو َحسِّنْ اَ ْخاَل َق َنا لِ َني ِْل ِر‬
‫ب ال ُّد ْن َيا‬ِ ‫ِين َوا ْك ِف َنا َوِإيَّا ُه ْم َشرَّ َمصَاِئ‬ َ ‫ اَللَّ ُه َّم َسلِّ ْم َنا َوالمسْ لِمِين َو َعا ِف َنا َو ْالمُسْ لِم‬. ‫ِين‬ َ ‫ِإ َلى َو َطن ِِه ْم َسالِم‬
َ ‫ َر َّب َنا َءا ِت َنا فِى ال ُّد ْن َيا َح َس َن ًة َّو فِى ْال َء‬. ‫اغ ِفرْ ل ِْل َحا ِّج َو لِ َم ِن اسْ َت ْغ َف َر َل ُه ْالحُجَّ ا ُج‬
‫اخِر ِة‬ ْ ‫ْن اَللَّ ُه َّم‬ِ ‫َوال ِّدي‬
ِ ‫تِك َي ا اَرْ َح َم ال َرا ِح ِمي َْن َو ْال َح ْم ُد هَّلِل‬ ‫َأْل‬ َ ‫َح َس َن ًة َّو ِق َنا َع َذ‬
َ ‫ار ِب َرحْ َم‬ ِ ‫ار َو اَ ْدخ ِْل َنا ْال َج َّن َة َم َع ا ْب َر‬ ِ ‫اب ال َن‬
‫ َربِّ ْال َعا َل ِمي َْن‬.

Das könnte Ihnen auch gefallen