Sie sind auf Seite 1von 4

Nomor : 88

KHUTBAH JUMAAH Ka 1, Oktober 2022

MIEMUT KANA KALAHIRAN KANJENG RASULULLAH SAW

‫ َاْش َه ُد َاْن اَّل ِاَلَه ِااَّل ُهللا‬. ‫َاْلَح ْم ُد ِهَّلِل اَّلِذْى َاْر َس َل َر ُسْو َلُه ِباْلُهَدى َو ِدْي ِن اْلَح ِّق ِلُيْظ ِه َر ُه َع َلى الِّد ْي ِن ُك ِّلِه َو َلْو َك ِر َه اْلُم ْش ِر ُك ْو َن‬
‫ِّل‬ ‫َّل‬ ‫َأْل‬ ‫ْل‬ ‫ُل‬ ‫ْل‬ ‫ْل‬ ‫ْل‬
‫ َال ُهَّم َص ِّل َو َس ْم َع َلى َس ِّيِد َن ا ُم َح َّمٍد ِاَم اِم‬. ‫ َو َاْش َه ُد َاَّن ُم َح َّم ًد ا َع ْبُد ُه َو َر ُسْو ُه َص اِد ُق ا َو ْع ِد ا ِمْيُن‬. ‫ا َم ِلُك ا َح ُّق ا ُم ِبْيُن‬
‫ َاَّما َب ْع ُد َف َي ا ِع َب اَد ِهللا ِاَّتُقْو ا َهللا َح َّق‬. ‫اْلُم َّت ِقْي َن َو َع َلى آِلِه َو َاْص َح اِبِه َاْج َم ِعْي َن َص اَل ًة َّو َس اَل ًما َد اِئَم ْي ِن ُم َت اَل ِز َم ْي ِن ِاَلى َي ْو ِم الِّد ْي ِن‬
‫ُذ‬
‫ َو ِاَّن َك َلَع َلى ُخ ُلٍق َع ِظ ْي ٍم‬: ‫ َاُعْو ِباِهلل ِمَن الَّش ْي َط اِن الَّر ِجْي ِم‬. ‫ُتَق اِتِه َو اَل َت ُمْو ُتَّن ِااَّل َو َاْنُتْم ُمْس ِلُمْو َن‬

" Jeung saestuna enya-enya akhlak anjeun teh agung " {QS. Al-Qolam,
ayat 4}.

Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !.

Ayeuna urang sadaya nuju aya dina sasih Rabiul Awwal, sasih
anu ngandung sejarah, sasih dibabarkeunna Kenjeng Nabi Muahmmad
SAW. Dina ieu sasih ku ummat islam sok dijadikan sarana kanggo
ngagugah sareng ningkatkeun sumanget rasa cinta ( mahabbah ) ka
Kenjeng Nabi SAW ku nerangkeun sajarah kahirupan Mantenna ti kawit
sateuacan babar, waktos babarna, murangkalih, rumaja, diangkat
janten utusan Allah, malih dugi ka pupusna.

Sadaya rengkak ucap sareng paripolah Kanjeng Nabi SAW anu


mulia, pinuh ku kautamian netelakeun sareng ngbuktoskeun yen
Mantenna leres insan pilihan Ilahi Robbi, utusan Allah Rabbul 'Alamin,
kakasih Allah di dunya dugi ka akherat. Dijantenkeun suri tauladan,
malihan sing saha jalmi tumut turut ka Mantenna anu disarengan ku
kaimanan berarti eta jalmi taat Ka Allah, maksiyat ka Mantenna berarti
maksiyat ka Allah. Pidawuh nu Maha Suci :
‫َم ْن ُّيِط ِع الَّر ُسْو َل َفَقْد َاَط اَع َهّٰللا ج َو َم ْن َت َو َّلى َفَم ۤا َاْر َس ْلٰن َك َع َلْي ِه ْم َح ِفْي ًظ ا‬

Hartosna : “ Sing saha anu ta`at ka rasul ngandung harti manehna ta`at
ka Allah, jeung sing saha anu ngabalieur, Kami mah henteu ngutus
Anjeun jadi pangriksa maranehna “. {QS. An-Nisa' 4: Ayat 80}

Gusti Allah SWT ngadawuh dina QS. Adl-Dluha, ayat ka 6 dugi ka


ayat 8 nyarioskeun sapalihna sajarah kahirupan Kanjeng Nabi SAW:

‫ َو َو َج َد َع اِئاًل َف َأْغ َن ى‬. ‫ َو َو َج َد َك َض ااًّل َفَه َد ى‬. ‫َأَلْم َي ِجْد َك َي ِتْيًما َف آَو ى‬

Hartosna : “ Naha lain Allah mendakan Anjeun yatim, tuluy Anjeunna


ngariksa ?. Jeung Allah mendakan Anjeun bingung, tuluy Anjeunna
maparin pituduh ?. Jeung Allah mendakan Anjeun miskin, tuluy
Anjeunna nyukupkeun ? “.

Hadirin, Rahimakumullah !.

Dina kitab Madarijussu`ud, kaca 15 aya sababaraha kasauran


ngajelaskeun kautamian ngayakeun acara paringetan dibabarkeunna
Kanjeng Nabi Muhammad SAW, yen ngagumatikeun kana paringetan
Maulid nabi SAW kalebet agung-agungna gawe deueheus

{ Taqorrub }anu dibarengan ku rasa ta`zhim ka Nabi SAW panyileukan


panon hate. Cara ngemut-ngemutna mah tiasa bae hasil ku cara
maparin tuangeun, maos Al-Qur`an, atanapi maos syair-syair anu eusina
pujian sareng kautamian Kanjeng Rasul SAW kalawan disarengan aosan-
aosan shalawat miharep kaberkahan ti Gusti Allah. Dina eta kitab aya
pidawuh Kanjeng Nabi SASW:

‫َم ْن َع َّظ َم َم ْو ِلِدْي ُكْن ُت َش ِفْيًع ا َلُه َي ْو َم اْلِقَياَمِة َو َم ْن َاْن َف َق ِدْر َه ًما ِفى َم ْو ِلَدْي َفَك َأَّن َم ا َاْن َف َق َج َب اًل ِمَن الَّذ َهِب ِفى َس ِبْي ِل ِهللا‬

2
Hartosna: “ Saha jalmi anu ngagungkeun kalahiran Kaula, maka Kaula
bakal nyafaatan manehna dina poe qiyamat. Jeung sing saha anu
ngainfaqkeun sadirham pikeun maulid Kaula, maka kaya-kaya manehna
infak emas sagede gunung dina jalan Allah”.

Sahabat Abu Bakar r.a. nyaurkeun: “ Saha jalami anu infaq sa


dirham pikeun Maulid Nabi, maka manehna bakal bareng jeung kaula
disurga. Sahabat Umar r.a. nyarioskeun: “ Saha jalmi anu ngagungkeun
Maulid Nabi, nyata-nyata eta jalam tos ngahirup-hirup islam “. Sahabat
`Utsman r.a. oge nyaurkeun: “ Saha jalmi anu ngainfaqkeun sadirham
kanggo dibacakeun Maulid Nabi saolah-olah manehna nyaksian dina
perang badar jeung perang hunaen. Terakhir, cariosan Sahabat `Ali r.a.:
“ Saha jalmi anu ngagungkeun Maulid, moal maot kajabi dina kaayaan
Islam”. Imam Syafi`i nyaurkeun : “ Saha jalmi anu ngumpukeun dulur-
dulurna anu muslim pikeun acara Maulid Nabi SAW, nyiapkeun
tuangeun, sareng midamel kasaean, maka Allah bakal ngahudangkeun
eta jalmi dina poe qiyamat bareng sareng para shiddiqiin, syuhada
sareng sholihin “.

Hadirin Anu Mulya !.

Kitu diantawis kasauaran para Sahabat utama Kanjeng Nabi SAW,


disagedengeun kasauran para ulama ngeunaan kautamian ngayakeun
paringetan dibabarkeunna Kanjeng Nabi Muhammad SAW anu intina
sadaya dasar tujuanna seja taqorrub, ngalap barokah, hoyong dipasihan
rasa mahabbah ka Kanjeng Nabi SAW dugika tiasa ngelehkeun rasa
mahabbahna ka diri nyalira, harta, anak, indung bapa, tegesna ka
sadaya manusa. Utamina deui miharep syafaat { pertulungan } ti
Kanjeng Rasulullah SAW isukan dina dinten qiyamat, malihan hoyong
kempel sareng Mantenna di surgana Allah SWT. Kanyaah Mantenna ka
ummatna banget kacida dugika Kanjeng Nabi SAW moal waka ngaraos
ridlo, suka, salagi aya keneh ummatna anu nuju nandangan tunggara
dina naraka.

3
‫‪Kacida bagjana saupami urang sadaya ku Gusti Allah dipasihan‬‬
‫‪rasa mahabbah ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW dugika urang sadaya‬‬
‫‪dilebetkeun ka surga tiasa sasarengan sareng Mantenna. Muga-muga !.‬‬
‫‪Aamiin Yaa Rabbal `Alamiin !.‬‬

‫َب اَر َك ُهللا ِلْي َو َلُك ْم َو ِلَج ِمْي ِع اْلُمْس ِلِمْي َن َو اْلُمْس ِلَماِت ِاَّن ُه ُه َو اْلَغ ُفْو ُر الَّر ِحْي ُم‬

‫‪KHUTBAH KA II‬‬
‫َاْلَح ْم ُد ِهَّلِل اَّلِذ ْي َتَفَّر َد ِباْلِع ِّز َو اْلَج اَل ِل ‪َ .‬اْش َه ُد َاْن اَّل ِاَلَه ِااَّل ُهللا َو ْح َدُه اَل َش ِر ْي َك َلُه اَّلِذ ْي َت َو َّح َد ِباْلِك ْب ِر َي اِء‬
‫َو اْلَك َم اِل ‪َ .‬و َاْش َه ُد َاَّن َس ِّيَد َن ا َو َن ِبَّي َن ا ُم َح َّم ًد ا َع ْبُد ُه َو َر ُسْو ُلُه الَّد اِع ى ِاَلى َاْش َر ِف اْلِخَص اِل ‪َ .‬الَّلُهَّم َص ِّل َو َس ِّلْم‬
‫َع َلى َسِّيِد َن ا ُم َح َّمٍد ِاَم اِم اْلُم َّت ِقْي َن َو َع َلى آِلِه َو َاْص َح اِبِه َذ ِو ى اْلُع ُلْو ِم َو اِاْلْف َض اِل ‪َ .‬اَّما َب ْع ُد َفَي ا َاُّي َه ا‬
‫اْلَح اِض ُرْو َن ِاَّتُقْو ا َهللا ِفْي َج ِم ْي ِع الُّشُئْو ِن َو اَاْلْح َو اِل ‪َ .‬الَّلُهَّم اْغ ِفْر ِلْلُمْس ِلِم ْي َن َو اْلُمْس ِلَماِت َو الُمْؤ ِم ِنْي َن‬
‫َو اْلُمْؤ ِم َن اِت ْاَألْح َي اِء ِم ْن ُهْم َو ْاَألْم َو اِت ِاَّن َك َسِم ْيٌع َقِر ْيٌب ُم ِج ْيُب الَّد َعَو اِت ‪َ .‬الَّلُهَّم ِاَّن ا َن ْس َئ ُلَك ُحَّب َك َو ُحَّب َم ْن‬
‫ُّيِحُّب َك َو اْلَع َمَل اَّلِذ ْي ُيَب ِّلُغَن ا ُحَّب َك َالَّلُهَّم اْج َع ْل ُحَّب َك َاَح َّب ِاَلْي َن ا ِم ْن َاْنُفِس َن ا َو َاْه ِلَن ا َو ِمَن اْلَم اِء اْلَب اِر ِد ‪َ .‬ر َّب َن ا اَل‬
‫ُتِز ْغ ُقُلْو َب َن ا َب ْع َد ِاْذ َه َدْي َتَن ا َو َه ْب َلَن ا ِم ْن َلُد ْن َك َر ْح َم ًة ِاَّن َك َاْن َت اْلَو َّهاُب َر َّب َن ا آِتَن ا ِفى الُّد ْن َي ا َح َس َن ًة َّو ِفى‬
‫ْاآلِخَر ِة َح َس َن ًة َّو ِقَن ا َع َذ اَب الَن اِر َو َاْد ِخ ْل َن ا اْلَج َّنَة َمَع اَأْلْب َر اِر ِبَر ْح َمِتَك َي ا َاْر َح َم الَر اِحِم ْي َن َو اْلَح ْم ُد ِهَّلِل‬
‫‪َ .‬ر ِّب اْلَع اَلِم ْي َن‬

‫‪4‬‬

Das könnte Ihnen auch gefallen